"Naon ari nu disebut Rabb teh?"
 
"Ar-Rabb nyaeta Pangeran, nu miboga, nu nyiptakeun, jeung dzat nu
ngawujudkeun naon-naon nu saacanna euweuh jeung ANjeunan hiji-hijina
Dzat anu boga hak pikeun diibadahan" (Al Baqarah 21-22)
 
"Mun Kitu saha ari Rabb urang?"
 
"Rabb urang nyaeta Alloh nu geus nyiptakeun, mere rejeki, jeung ngatur
urang sarerea, jeung ngatur sakabeh Alam. Jeung Anjeuna sesembahan
urang, euweuh deui sesembahan iwal ti Anjeuna".(Al Fatihah 2)
 
"Ngaliwatan naon urang bisa nyaho ngeunaan Alloh?"
 
"Urang bisa nyaho ngeunaan Alloh ngaliwatan ayat-ayat Na jeung
mahluk-mahluk Na : beurang, peuting, panonpoe, bulan, langit, bumi jeung
saha wae oge naon wae nu aya diantarana" (Fushilat 37 & AL A'raf 54)
 
"Dimana ari Alloh? aya nu nyebutkeun yen Alloh aya dimana-mana. Aya oge
nu nyebutkeun yen Alloh leuwih deukeut tibatan urat beuheung urang"
 
"Alloh bareng jeung maneh dimana wae maraneh araya (Al Hadid 57),
maksudna nu bareng jeung urang lain Dzat Alloh. Tapi elmu-Na anu
salawasna marengan urang. Dimana wae urang aya, di leuweung, di laut,
mangsa peuting, mangsa beurang, di jero imah, diluar imah. Alloh Maha
Uninga kanu naon wae urang lakukeun, jeung Anjeuna Maha Uninga kanu
naon-naon anu disamunikeun dina jero dada-dada urang.(Tafsir Ibnu
Katsir).
'Saestuna kaula leuwih deukeut tibatan urat beuheung maraneh' (Qaaf 16)
nu dimaksud kaula dina ayat ieu lain Alloh tapi malaikat. Malaikat
leuwih deukeut tibatan urat beuheung urang sakumaha syetan cicing dina
awak urang ngaliwatan aliran getih. Malaikat leuwih deukeut tibatan urat
beuheung urang, ku kituna malaikat nyaho jeung nyatet kana sakabeh
paripolah urang boh nu terang-terangan atawa nu disamunikeun.(Tafsir
Ibnu Katsir)
Saestuna Alloh istiwa diluhureun langit, istiwa diluhureun Arsy (Al
A'raf 7, Huud 7, Thaah 5, Al Mu'minun 86 & 116, Al Furqan 59, As Sajdah
4, Az Zumar 75, Al Mu'min 15, Al Hadiid 4, AL Haaqqaah 17, Al Buruuj 15
). Kursi Na leuwih gede tibatan langit eujeung bumi (Ayat Kursi)"
 
"Perkara Naon nu panggedena nu diparentahkeun ku Alloh ka hambaNa?"
 
 "Parentah anu panggedena nyaeta tauhid. Nga-esa-keun Alloh dina ibadah,
teu nyarupakeun Alloh jeung mahlukNa, Nyucikeun Alloh tina sagala
kakurangan (Al Ikhlas)".
 
"Perkara Naon anu panggedena nu dilarang ku Alloh?"
 
"Syirik, nyaeta nyembah ka salian Alloh, ngajadikeun tandingan jeung
batur pikeun Alloh dina ibadah (AN Nisa 36, Al Baqarah 22)"
 
"Naon hukumna jalma anu nyalenggorkeun ibadahna ka salian ti Alloh?"
 
"Singsaha wae jalma nu ngalenggorkeun niat ibadahna ka salian ti Alloh
sanajan saeutik tinangtu eta jalma kaasup jalma musyrik kafir sanajan
manehna sholat, puasa, zakat jeung haji jeung sanajan manenhna nyangka
yen dirina muslim" (AL Mukminum 117) 
 
"Agama naon anu dipikaridho ku Alloh?"
 
"Islam (Al Maaidah 3)"
 
"Naon ari Islam?"
 
"Islam nyaeta sumerah diri ka Alloh kucara nauhidkeun jeung taat ka
Anjeuna jeung ngaleupaskeun diri tina syirik oge jalma-jalma musyrik"
 
"Naon wae tingkatan dina agama?"
 
"Tingkatan agama aya 3, nyaeta Islam, Iman jeung Ihsan . Tilu tingkatan
eta masing-masing aya rukunna(Shahih Muslim)"
 
"Naon ari rukunna Islam?"
 
"rukun Islam nyaeta anjeun nyakseni yen euweuh pangeran nu boga hak
pikeun disembah salian Alloh, anjeung nyakseni yen Muhammad utusan
Alloh, anjeun nanjeurkeun sholat, ngaluarkeun zakat, ngalaksanakeun
puasa, jeung indit haji mun mampu"
 
"Naon ari rukunna Iman?"
 
"Rukun Iman nyaeta anjeun iman ka Alloh, malaikat-malaikat Na,
kitab-kitab Na, rosul-rosul Na, poe akhir jeung anjeun iman ka takdir
naha hade atawa goreng"
 
"Naon ari rukun Ihsan?"
 
"Rukun Ihsan nyaeta anjeun ibadah ka Alloh saperti anjeun bisa nempo
Alloh, jeung saestuna Alloh bisa nempo anjeun".
 
"Naon tugas nu ditarima ku para Rosul?"
 
"Tugas para rosul nyaetah ngdakwahkeun tauhid, marentahkeun umatna
pikeun ibadah ngan ka Alloh jeung ngalarang ibadah ka thaghut"(An Nahl
36)
 
"Naon ari thaghut?"
 
"Thaghut nyaeta naon-naon nu disembah, dipikataat ku manusa sacara
ngaleuwihan bates nu geus ditangtukeun ku Alloh"
 
"Saha wae anu kaasup thaghut?"
 
"Nu Kaasup thaghut nyaeta :
1. Iblis
2. Jalma nu disembah bari manehna rela
3. Jalma nu ngajak manusa pikeun nyembah dirina
4. Jalma nu ngaku nyaho kana hal-hal anu ghaib
5. Jalma nu mutuskeun hiji perkara teu make hukum Alloh "
 
"Ceuk Imam Samudra, Amrozi oge batur-baturna kulantaran pamarentah
Indonesa teu make hukum Alloh, 
pamarentah Indonesa kaasup kana thaghut anu wajib diperangan, naha bener
ieu teh?"
 
"wah ieu mah rada panjang caritana Kang, ke we nya na serelek
salajengna"
 
(hanca)
 

Sumber : "AL-USHUL ATS-TSALATSAH" Muhammad bin Abdul Wahab
 
 
 
 
 
 
 

 

Kirim email ke