Tah geuning bahagia yeh cenah = bagja; aya oge nu nyebatkeun bingah amarwata suta, bingahna ka giri. Ku naon margi na sim kuring tataros di na bab ieu ? Kieu dadasar tukangna mah ( hehehe latar belakang ) : Saya kini sedang bahagia = kuring keur bagja ? asa kirang pas kituh; lantaran basa Sunda mah basa rasa tea. kuring keur bungah amarwata suta ? asa kirang pantes deuih. ayeuna kuring keur bungangang . kirang pas oge tah !? Ayeuna kumaha upami teu leterlijk; nganggo perasaan we; tapi kedah nambut heula ti na basa ISLAM; nya eta : Alhamdulillah ayeuna sim kuring teh nuju ni'mat ngahenang ngahening . tapi ketang asa panjang teuin. Tah ieu para mitra sadaya, nu mawi rada lieur teh lantaran upami aya mah, hartos nu langsung tea; tapi asa teu kapendak. Duka atuh. Ngan sim kuring nganuhunkeun pisan ka sadaya para wargi anu tos masihan conto2; tah sim kuring oge ayeuna bade niru dalang oge : samudaya kasaean para wargi ku sim kuring ditampi ku asta kalih, disuhun di na embun2an disimpen di na ati sanubari. hahahaha Nuhun nuhun ka sadayana ; mung naha kang Sas teu aya wae hol nya ?

