Boa Rek Aya Bitu Taneuh

 

Sasatoan
     geus mimiti ngarasa aya nu teu ilahar na jero taneuh,

cacing
kalaluar tina jero taneuh,

ngarasa panas
datang na handapeun taneuh,

sasatoan
leuwih pinter maca tanda na taneuh. 

 

Boa aya seuneu
nu ngadeukeutan handapeun taneuh,

nepi sasatoan
teu betah jero taneuh,

geus cukup
tanda ti jero taneuh,

boa rek aya
bitu taneuh. 

 

Geus rada lila
panas oge karasa luhur taneuh,

tanda lian nu
ditenggrakkeun ku si taneuh,

nepi si cai ti
langit elat ngabaseuhan taneuh,

asa beuki
ngaheab urang cicing luhureun taneuh. 

 

Geus cukup
tanda nu tangtu,

boa-boa gunung
arek baritu,

nu
ngalung-ngalungkeun ruhayna batu,

geura
taki-taki bisi teu cukup waktu. 

 

Lain
nyingsieunan,

ukur ngajak
ngalenyepan,

ngarah wanoh
jeung alam nu dicicingan,

ngarah ngahiji
jeung taneuh nu ditangtungan.




      

Kirim email ke