Kumaha cenah qadha teh ? ( program Tuhan sagemblengna ) Misalna program keur hiji manusa; sebut we si Maman. Misalna poe Ahad ieu, mun Maman indit isuk2 ka Tasik ti Bandung; make mobil pribadi, bakal panggih jeung kacilakaan. Tapi mun inditna beurang moal. Lamun make beus salamet. Mun make KA bakal panggih dodoja wanita; mun inditna Shalat safar eula; sagal kasalmetan aya di Maman. Mun inditna ngado'a heula, bakal manggih bagja jst jst Tah kira2 kitu Qadha teh; tah kumaha engke Taqdirna ? Eta mah gumantung ka na Qadar nu dipilih ku Maman. Ngan wae Maman tangtuna ge teu apaleun ka na eta program teh; tapi pasti milh teh ngan bisa hiji!! da teu asup akal Maman indit make beus jeung bai make mobil pribadi. Jadi pilihan teh tergantung ka Mamansorangan; tapi plihan nu mana wae geus aya tulisanana ti Lauh Mahfudz. Ieu oge bari ngajelaskeun FUNGSI tina DO'A. Hiji deui, ayeuna soal Umur, contona si Dadang. Di LauhMahfudz diserat kieu : Dadang wates umurna bisa wae nepi ka 100. Eta wates umur si Dadang; jadi moal bisa jadi 101 taun mah, watesna akhir geus ditangtukeun. Tapi manehna bisa oge umur 30 taun maot lantaran manehna harita gering, bari teu usaha diubaran atawa ngado'a, nomongna aaaah umur mah geus ditaqdirkeun, jadi keun we antep panyakit teh. Bisa oge 40 tan maot, lantaran kacilakaan di Nagreg, ngajalankeun mobil ngebut, aaah ari geus ditakdirkeun maot mah nya maot weee. masing mobil ngeteyep ge ! Bisa oge manhna maot na umur 50 taun, kantaran sok olah raga , ngajagakasehatan, tapi rada gagabah sok ngobral duriat, jadi we keuna ku kasakit. Bisa oge manehna maot teh umur 60 taun, alesanana bla bla.............. Tah ari Dadang nu nepi ka bisa umur 100 taun, lantaran kalakuanana estu ngusahakeun pisan ka na kasalametan, ari indit teu weleh bebeja ka nu di imah, zikir di jalan tawa di mana wae, di jalan teu asal nyimpang, olah raga dibiasakeun, dahar inum basajan , tara jajan teu pararuguh, komo ngaroko mah. Najalankeun mobil ati ati pisan. Pasea oge dijaga pisan. Ka batur someah, tara buntuh banth bari teu puguh tujuan. Tah nu diluhur eh PRORAM keur UMUR si Dadang; tah di na pelaksananana........ nya gumantung ka Dadang milih alternatif nu di luhur. Bari jeung Dadang teu apaleun ka na eta Qadha teh. Tah kitu kulan, jalanna Taqdir teh. Umur oge bisa diusahakeun panjang, da munkin wae aya katangtuanan ti Gusti Allah anu nuliskeun yen urang panjang umur. Jeung deui Qadae teh lain ku urang wungkul ditangtukeunana, tapi oge ku lingkungan urang ! Kumaha cenah ta teh ? Orok upamana, manehanana teu bisa nagtukeun dirina, pasti gumantung ka na kaheman indung bapana, bidanna, dokterna jste. Kitu deui jelema nu ditodong Penjahat, Qadarna gumantung manehna jeung penjahat eta. Mun manehna bisa ngolona jeung penjahatna lain jelema nekad tukang maehan, meureun salamet. Kitu deui Taqdir masalah Perkosaan, gumantung ka sababaraha pihak Qadarna. Tapi Qadhana tetep ditulis sagemblenna di Lauh ahfudz. Kitu kulan Lajengjeuneun

