Asa kaleuleuwihi saliwat mah mun teu disebut pamohalan oge, baheula waktu di 
Tanah Suci, mun jamaah lian ngado’a di Multazam teh rupa-rupa kahayang jeung 
cita-cita nu direkeskeun ka Allah teh, malah pamajikan ge teu eleh geleng 
cenah, ngado’akeun barudak sing jadi jalma anu shaleh, katut bapana,  jigana.

Tapi ari kuring, asa cetek naker pangrasa mah harita, waktu munajat teh :”Yaa 
Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun abdi, sadugina ka lembur deui teh sing janten 
jalma anu tiasa pidato”. Enyaan kitu, teu kurang teu leuwih. Waktu dibejakeun 
ka pamajikan, yen kuring hayang bisa pidato, da nyeuleukeuteuk atuh pamajikan 
teh harita mah, batur mah hayang beunghar hayang naon boa sagala disebutan, ari 
 ieu ngan ukur hayang pidato, asa cetek pisan cenah.

Kieu cekeng teh dibejakeun alesanana ka pamajikan :”Kolot-kolot urang teh jaga 
bakal narungtutan naringgalkeun urang, nya laun-laun mah urang teh bakal 
ngolotan, malah bakal dipikolot ku anak-incu urang jaga, Ema jeung Apa ge 
tangtu bakal digantikeun ku urang, ceuk sareatna mah kitu, najan hakekatna mah 
urusan Allah, tapi kudu we siap-siap mah keur ngagentos aranjeunna, ayeuna aya 
keneh Ema jeung Apa, teu susah mun naek kana podium dimana bae oge, da puguh 
manukna kitu. Ari Urang ? can tepi ge kana podium, tuur teh geus ngeleter jiga 
nu lilinieun, kesang tiis mah geus karuhan, teu puguh rasakeunana, bisi 
sakalieun aya nu minangsaraya pikeun nyuluran Ema atawa Apa teh, piraku 
kekepehan nyebutkeun teu bisa”.

Samulangna ti Tanah Suci, do’a nu hayang bisa pidato teh terus jadi impian, 
malah diikhtiaran jeung usaha sagala rupa, milu kursus Imam Khatib di Masjid 
Raya Jawa Barat, Masjid Agung keneh harita mah ngaranna ge, meulian buku-buku 
ngeunaan pidato, ti mimiti buku-buku karangan lokal nepi ka buku-buku karangan 
mancanagara, ngeunaan pidato mah ngahaja dibaca deui, dipake latihan.

Kabehdieunakeun, karasa aya keneh nu ku urang mun diimeutan tina perkara pidato 
dina podium teh, geura we, nu ceramah boh dina seminar-seminar atawa penceramah 
di majlis-majlis ta’lim upamana, sakumaha capetangna nu pidato, sakumaha 
pikaresepeun eusi materi nu diceramahkeun, jarakna ngan ukur tina podium kana 
kana korsi, tina panggung pidato ka tempat jamaah, teu kurang teu leuwih, bubar 
acara mah bubar sagala eusi pidato teh, teu terus napel dibawa ka imah, bisa 
jadi nu ngaluuhan ceramah teh aya kana puluhna rebu jalma, tapi da buktina mah, 
henteu bisa ngarobah tapak lacak sapopoe jadi tingkah polah anu luyu jeung anu 
ditepikeun dina pidato ?
 
Buktina ? tingali we jamaah urang kasisi-kagigir, anu cenah 90 % muslim teh, 
anu teu weleh dipukpruk ku ceramah jeung pidato unggal usik, dina radio dina 
televisi meh unggal Shubuh aya, teu metu pikeun ngarobah tingkah polah umat 
jadi tingkah pola anu ditungtun ku aturan agama anu Islami. Anu jadi marga 
lantaran ? Taya lian eusi ceramah, ngan ukur tina biwir para Da’i kana ceuli 
mustamina, teu kurang teu leuwih ngan sakitu jarakna ge, nu paling matak 
prihatin nalika mubaligh sohor, atau Da’i kondang ngantunkeun alam pawenangan, 
eusi ceramah anu pernah jadi kameumeut jamaahna teh, leungit tanpa lebih ilang 
tanpa karana.

Ana kitu, para ahli pidato atawa orator ulung anu sakumaha pikanineungeun jeung 
dipikameumeutna teh dina mangsana mulih ka jati mulang ka asal mah, eusi pidato 
atawa pituah jeung pituduh-pituduh moral agama anu ditepikeun dina pidato bakal 
milu carem mun teu diagendakeun jadi tulisan atawa jadi buku.

Mun tulisan naha rek Carpon, Bahasan, Kolom atawa Munara Cahya, malah eusi 
surat saperti “Surat Ti Barli ka Ramadhan” ge, kapan sakitu matak pogotna, 
sakitu nyugemakeunana, malah bakal mibanda ajen anu leuwih luhur batan pidato, 
geura we mun kuring pidato atawa khutbah di masjid gigireun imah, paling-paling 
ukur dua ratus urang jamaah nu ngahadiranana oge, da masjidna oge ngan ukur 
sakitu jamaaheun, bari tampolana bubar ceramah atawa bubar khutbah teh, bubar 
we taya tapak-tapakna acan, amanat agama anu ditepikeun dina ceramah the, 
teuing kamana boa. Tapi mun tulisan di muat dina “Munara Cahya” upamana, paling 
copek eusi materi bakal kabaca ku 5.000 urang, lamun majalah Mangle oplahna 
ngan ukur sakitu.

Karangan “Carpon” nyakitu keneh, geura we baheula keur leutik pernah maca 
karangan-karangan Bapa Ahmad Bakri, kadieunakeun dibukukeun deui jadi “Dukun 
Lepus” gahar deui we, seger jiga baheula kaalaman deui, karesep jeung kameumeut 
anu puluhan taun kaliwat teh, kaalaman deui bari tangtu bakal kakoreh ku 
generasi sapandeurieunana. Malah kabehdieunakeun mah carita-carita pondok nu 
pernah dimuat dina “Mangle” baheula, dibundel deui jadi “Kanagan”, 
karangan-karangan ti pangarang nu geus taya dikieuna ge kaungkab deui. Pidato 
mah pan moal bisa jiga kitu.
Malah bakal leuwih punjul deui jigana mun nepi ka mampu nulis jeung nyieun 
buku, lantaran tulisan atawa buku paling copel bakal mawa kanu macana pikeun 
ngarubah tingkah polahna sapopoe, contona buku-buku anu ditulis ku 
pangarang-pangarang heubeul, kitu deui buku-buku agama nu ditulis ti abad beh 
ditu, bisa kakoreh deui mangsa kiwari.

Mun geus nepi kadinya, jigana urang teh geus kudu mitembeyan deui sangkan bisa 
nuliskeun naon-naon nu jadi buah pikiran boh dina hirup kumbuh sapopoe, atawa 
dina didikan agama jeung darigama, timana we mimitina mah, naha rek nuliskeun 
pangalaman pribadi, nuliskeun fiksi boh nu lain fiksi teu jadi masalah, nu 
penting kari prakna, rek nyieun surat ge pek teh teuing, pan tadi ge “Surat Ti 
Barli Ka Ramadhan” sakitu tegepna.

Nu penting kari prakna, da mun geus prak mah, rek dikirimkeun ka redaksi mana 
bae teu halangan, malah pan “Mangle” mah narima tulisan naon bae, nu sakira 
layak muat mah pasti dimuat. Ngan nu pasti sing apik ngetikna, ulah balatak 
teuing omeaneunana, malah mun bisa mah sing telik ulah nepi ka aya nu salah 
ngetik sagala tea, hal ieu teh terus terang wae “Mangle” ge kadang-kadang loba 
salah ngetikna, sing apik jiga Atang Ruswita Almarhum baheula, nulis ngaran 
rumah sakit Boromeus ge, dipariksa bener henteuna, “R” na teh aya dua atawa 
hiji.

Henteu, teu aya tiorina nulis atawa nyieun karangan teh, pan cek Arswendo oge 
cenah ngarang teh gampang, malah kapan aya nu nyebutkeun, mun tulisan atawa 
karangan jiga nu ngobrol, ngaguluyur, jiga nu keur ngadongeng teh kapan leuwih 
luhur ajenna, saperti “Ucang-aceng Angge” beunangna Ayip Rosidi.

Ngan nu pasti, mun tulisan atawa karangan dikirimkeun ka majalah atawa koran, 
kudu ditalungtik heula koran atawa majalah nu rek dituju, naon jeung kumaha 
visi-misina, bisi karangan atawa tulisan urang teu sapuk jeung koran atawa 
majalah nu rek dituju.

Mun geus kitu, urang diajar ngarang atuh yu……… !.




-----mmd-----



      
___________________________________________________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke