Assalamu'alaikum Nepangkeun ka kumna URANG SUNDA Khususna anu aya di KUSNET, utamina ka ki Kunce MANG JAMAL sareng UA "Sepuh" SASMITA ( mugia sarehat sadayana). Iyeu sakedik data simkuring :
Nami mah : Kang DEDENG SUTIANA thea Asal : ASKAR ( Asli Karawang ) Alamat : Jln. Tuparev Gg. Bantarkawung 2 payunenuN SAHABAT Dept. store Telp / Hp : 0267-406732 - 085217196562 Sono aya kana 6 tauna teu mukaan milis deui da kaburu kaluar ti TUKANG GAMBAR di perusahaan anu kapungkur ( [EMAIL PROTECTED] ) ayeuna rada salse tur di pasihan bisa konek deui, nya rada bungah oge bisa nepungan dulur baheula. Mang Jamal bahela jadi tukang ngawadul di jero kelas (duka masih keneh teu ayeuna), aya ku kabita, eh enya diparengkeun gening jadi TUKANG NGAWADUL di jero kelas oge, anu pasna mah nyaeta di SMK SUNAN GUNUNG JATI Karawang. Dasar geus hobi ngagambar di komputer jgana teh, enya weh di titahna teh ngajarkeun ka barudak sakola teh sinah jadi TUKANG GAMBAR oge. ( teu bisa ari make koas mah, mun make komputer mah, saeutik bisa lah ). Mung sakieu heula, hatur nuhun ka Kuncen. Salam DENK'S

