nyungsi galur nyukcruk umur
neangan laratan raga
asa taya pangawasa

tumanya ka palika,
naon anu di seja.....
ngan gulidagna cai anu aya....

lumpat ka istal
ngan aya ringkik kuda anu ngabagea.....
ari saisna atuh kamana?

kasaha atuh tumanya.....
sajatining diri anu nganci.....
nyi pohaci kamana?


PI141108


Kirim email ke