Bewara Kang Engkus, ngeunaan rarancang manggungna Ambu di TMII, ku sim kuring 
teh diforward ka sawatara milis.Bilih bisi bae aya nu hoyong uninga ngeunaan 
naon nu bade dikapayunkeun ku Ambu. Panuhun tiasa sumping, tiasa ngaramekeun. 
(Sim kuring sorangan teu tiasa dongkap: Nuju diudag deadline -- aya 3 buku nu 
kedah anggeus enjing, bari teu acan ditoel pisan).
 
Ari bieu, karah mendakkan serelek ti salah sahiji wargi. Ngadon naros komentar 
sim kuring. Sanaos kumetot hayang ngomong -- saperti biasa, nyanyahoanan -- sim 
kuring asa teu gaduh kaweruh sareng kawani kangge nedunan eta pamundut. Ongkoh, 
nu utama mah hulu nuju cangkeul. Pakepuk, molototan naskah. Bujeng-bujeng 
diskusi. Hehehe...
 
Cenah, sapertos iasa kaaos di handap, anjeunna teu wasa ngomentaran di milis. 
"Heurin teuing". Sanaos teu acan diidinan ku jinisna, sim kuring ngawanikeun 
maneh morward eta panaros ka ieu milis. Manawi bae iasa janten sawala. Seueur 
-- atanapi aya -- hal nu narik ati jeung pikir dina pamendak ieu wargi.
 
Mugi janten kasaean ka sadayan...
 
Baktos,

Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441

--- On Sun, 11/16/08,  wrote:

To: "Maman Gantra" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Sunday, November 16, 2008, 7:10 AM






Assalamu'alaikum wr wb.
Bade sumping ka ieu gempungan? Hanjakal sim kuring mah moal tiasa margi tos 
dijadwalkeun acara dines di XXXX. Kataji ku jejerna. Sim kuring ge gaduh 
pamanggih, nu hoyong dibandingkeun sareng diuji ku tesisna Ambu. Kapercayaan 
(agama) urang Sunda (oge seler sanesna di Nusantara) teh asalna mah agama 
samawi oge. Di kalangan sebagian pelaku thariqah aya kapercantenan kana ayana 
sababaraha titinggalan Nabi sateuacan KN Muhammad SAW di kawasan Nusantara.  Di 
antawisna teteken kangjeng Nabi Ujair di wilayah Gunung Burangrang. Asana ieu 
sajalan jeung tesisna Hamka yen para tokoh agama besar salian ti Islam, Kristen 
jeung Yahudi sapertos Sidharta Gautama ge mungkin Nabi atanapi Rasul. Mung 
panginten dina perkembanganana proses pewarisan kapercayaan "beurat sabeulah" 
teu ngawengku sakumna kaparipurnaanana. Proses budaya ieu ngalahirkeun 
kayakinan jeung prakprakan agama nu (mun ditanggapi ku penganut Islam nu oge 
"beurat sabeulah" teu gembleng kaffah) kalebet
 kana akidah nu musyrik jeung praktek agama nu mengpar tina syari'ah. 
Sesembahan ka Dewi Sri sareng sajabina, upamina, panginten asalna mah mangrupi 
praktek tawassul ka tokoh pemuka agama sapertos ka para wali dina (sebagian 
aliran kayakinan) Islam. Da'wah Islam nu dilaksanakeun ku para wali ngangge 
pendekatan budaya (penyelarasan kayakinan sareng praktek agama kapercayaan 
buhun kana kayakinan sareng praktek agama anyar). Upamina nganteur arwah ka 
alam barzakh ku tahlil, tebus weteng (nujuh sasihan kakandungan) ku ngaos Al 
Quran, sareng sajabina (kalebet jangjawokan digentos ku shalawat sareng Asmaul 
Husna?). Pendekatan budaya ieu teu ngadorong peperangan dina raraga penyebaran 
agama. Tesis ieu teh sajalan sareng pamendak yen Islam tos sumebar di Nusantara 
ti abad kadua hijrah malah ti jaman khalifah Umar bin Khaththab. Penganut Islam 
tos seueur nalika karajaan Pajajaran sareng Majapahit dipingpin ku penganut 
Hindu atanapi Budha atanapi kapercayaan
 buhun. Kajadian perang antar penganut (dipingpin ku Raja) Islam sareng 
penganut (dipingpin ku Raja) Hindu sareng sajabina panginten ku kasang tukang 
politik nu dicampurkeun sareng agama. Siga bentrok sareng perang agama jaman 
ayeuna wae. Nu maksakeun perang dina penyebaran agama teh (sapertos kajadian 
dina perang kaum Paderi di Sumatera Barat) kumargi kayakinan agama Islam nu 
"rada heureut" alias kumargi neuleuman Islam mung ku jalan harfiah wungkul. 
Sigana para wali tos mendakan sajatina ajaran agama buhun di Nusantara janten 
uninga kumaha ngadumaniskeunana sareng sajatina agama Islam nu kaffah. Margi 
para wali neuleuman sareng ngalarapkeun Islam sanes berdasarkan naskah Al Quran 
sareng naskah Hadits wungkul tapi dumasar kana sajatina ma'na lahiriah sareng 
batiniah Al Quran sareng tungtunan lahiriah sareng batiniah Rosululloh SAW. 
Tungtunan Rosululloh teh teu kawengku ku jaman, dugi ka ayeuna tur dugi ka 
yaumil qiyamah tungtunan anjeuna bakal teras aya
 ngalangkungan para wali nu salamina nyambung batinna ka anjeuna. Kanyaah 
Rosululloh ka para mu'minin dina akhir surat Taubah (Laqod jaakum dst) teu 
diungkapkeun dina fiil madli tapi dina bentuk isim nu teu kawengku ku jaman 
sanes? Wallohua'lam.
Nyuhunkeun tanggapanana.
 
Wassalam;
XXXXX
 
NB. Ngahaja teu diumbar di milis margi "heurin" teuing!
 

 




From: Maman Gantra [EMAIL PROTECTED]






--- In [EMAIL PROTECTED] .com, engkus ruswana <engkusruswana@ ...> 
wrote:

Sampurasun,

Para dulur kisunda miwah urang sunda. Simkuring bade bewara rehna dina 
malem salasa kliwon nu rek kasampeur ping 17 Nopember 2008 tabuh 19.30 
WIB, Ambu Richadiana bade manggung di Gedong Sasana Adirasa (Gedong 
Sambernyawa) Taman Mini Indonesia Indah Jakarta, dina raraga malem 
"Hanggara Kasih". Dina wengi eta Ambu bade medar yen memeh agama ti 
luar datang ka nusantara, luluhur urang geus mibanda kapercayaan/ agama 
sorangan, jeung puncakna kabangkitan agama pribumi teh di jaman 
majapahit-pajajaran . Hal ieu dibuktikeun ku hasil kajian arkeologi.

Tah...kidulur, mun hanggara kasih bulan kaliwat gedong Sasana Adirasa 
- TMII digegerkeun ku pedaran kang Haris nu urang Sunda dihareupeun 
dulur-dulur ti seler Jawa, dina hanggara kasih bulan ayeuna, Urang 
Sunda deui nu deuk medar jeung pasti bakal ngagegerkeun deui gedong 
Sasana Adirasa, sabab bakal ngabuktikeun kalinuhungan tur ajen luluhur 
sunda. Buktina kamari poe senen waktu Ambu medarkeun garis wadagna 
dina rapat di Direktorat Kapercayaan, eeeh si Ambu jadi 
selebritis.. .euy.., pada nyalampeurkeun tur naranyakeun harayang 
apalleuwih jero.

Tah mun beuki loba urang sunda nu manggung di hareupeun mayoritas 
seler lian kalayan bisa ngabuktikeun kalinuhungan jeung ajen elmu 
kasundaan, didinya jigana bakal ngadorong leuwih gancangnna ajen 
tinajen kasundaan dipikareueus balarea. Sunda bakal jaya deui teh mun 
loba urang sunda nu tampil/manggung di balarea.

Ka dulur-dulur Sunda, simkuring ngajak hayu urang datang tur ngarojong 
manggungna Ambu Diana di Taman Mini. Mun aya niat hadir, carana 
gampang, jugjug bae ka Taman Mini, ke di pintu gerbang mun ditanya ku 
penjaga, bebeja bae rek ngahadiran acara Hanggoro Kasih (tempatna di 
Sasana Adirasa/Samber Nyowo), jadi abusna teu mayar, mun make mobil 
ngan ditarik bayar parkir & asuransi Rp 3.000,-.

Tah kitu bewara simkuring, sakali deui bisi poho. Tempatna di Taman 
Mini Indonesia Indah Gedong Sasana Adirasa, tabuh satengah dalapan 
peuting (19.30 WIB).

Cag.

pun tabe pun,

Engkus 

____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
_____
Dapatkan nama yang Anda sukai!
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail. com.
http://mail. promotions. yahoo.com/ newdomains/ id/

--- End forwarded message ---

 














Get your new Email address! 
Grab the Email name you've always wanted before someone else does!


      

Kirim email ke