Tuh geuning, lebah dieu saktina media komunikasi elektronik teh. Baheula mah jigana hese cape hayang noong bahasa wewengkon sejen teh. Eta buah pinuh korong teh geuning tiap wewengkon aya beda variasi sorana: GANAS, DANAS, KANAS.
Cing sakalian urang survey, eta tilu istilah teh dipake di wewengkon mana wae: GANAS: Leuwigoong, Garut; ... DANAS: KANAS: salam, mh On Mon, Nov 17, 2008 at 9:52 AM, Ahmad Sopiani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Asa can aya nu nyebut KANAS nya. > > Da di Tangerang mah teu aya GANAS teu aya DANAS.. > > Aya na KANAS... > > Atuh meureun Tangerang anu minoritas tehnya. Basa wewengkon tea kitu? > > > > Wassalam > > www.sopian73.wordpress.com > > > > > > Re: [wargasubang] Ganas atawa Danas........???? > > Posted by: "sonirosa" [EMAIL PROTECTED] sea3olt > > Sun Nov 16, 2008 3:57 am (PST) > > ha..ha.. > aya-aya wae piseurieun teh. > (sigana ieu boa anu "motekar " teh kang sobar) > > hatur nuhun geus mere bagja ka simkuring > sonirosa > www.bolotot.com > di lembur kuring, kertabumu, ciamis "hayam rintit ngacung ka langit teh = > danas" > > ----- Original Message ----- > From: Ganjar > To: [email protected] > Sent: Friday, November 14, 2008 7:09 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] [wargasubang] Ganas atawa Danas........???? > > Anu jelas mah > > Lamun tentara beuki lalay (baca lalei) > Gorombolan beuki ganas > > Sent from my iPhone > > On Nov 14, 2008, at 0:52, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Sobar, > > Di lembur uing ge, di Garut, nyarebutna teh Ganas. > Uing manggih kecap Danas teh, puguh ge kakarek di ieu milis. > Duka teuing nu mana tah kalolobaan US nyebut ngaran eta buah korongan teh, > naha Ganas atawa Danas. > > Uing ngira-ngira, boa-boa disarebut Danas teh, pedah aya kecap Ganas dina > basa Indonesia, nu hartina rada pikasieuneun. Hehehe. Teuing ketah. > > Aya deui kecap nu karek mangih di ieu milih teh Aran. > Ari di lembur uing mah Ngaran. > > salam, > mh > > On Fri, Nov 14, 2008 at 4:20 PM, sobarh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> Ua Duq, >> >> Ari lembur kuring teh di Dangdeur, Subang. Di lembur kuring mah >> kompak nyarebutna teh GANAS lain DANAS. >> >> Sigana anu nyebut GANAS mah minoritas meureun nya...hi..hi..hi >> >> Tong boroning jeung batur ketang, dalah jeung pamajikan sorangan oge >> sok paadu renyom wae ngamasalahkeun mana nu bener Ganas atawa Danas. >> >> Ah...tapi da kuring mah geus biasa nyebut GANAS. >> Ceuk aing GANAS....GANAS....!! >> Ha..ha..ha... >> >> Obay. >> > > > >

