Tah, ti kapungkur diantos-antos aya nu ngaguar Beluk… nembe ayeuna 
mucunghul.

Inget, harita taun 85an…
Kuring karek pindah ka Wado, ti Jakarta. Pindah ti komplek militer 
ka imah biasa, jauh pisan bedana. Komo pindahna ka lembur nu jauh 
mela-melu ka kota. Harita kolot kuring nyieun imah, dina urut 
balong. Tatangga ge ngan aya dua, kitu ge di bah tonggoh. Di hareup 
& tukang balong, digigireun sawah, bah dituna heuleuran. Listrik 
baroraah aya, paling alus pake patromak. Cai cur-cor tina pancuran 
nu dikamalirkeun make awi surat sagede pingping. 

Samemeh diasupan eta imah, diayakeun "kenduri"/hajat imah 
leuleutikan. Biasa we indung kuring kaprak-keprek ngayakeun dahareun 
keur nu hamin & dibagikeun ka tatangga. Ba'da Isya, burudul tatangga 
jeung baraya kuring nu geus dihaturanan linggih daratang dituturkeum 
ku aki kuring.

Tapi naha aki-aki kabeh? Paling ngora saumuran bapa kuring… sugan 
kuring aya nu rada kasep?… maklum harita mah keur meujeuhna mangkat 
rumaja alias ABG tea hehehe... Tas hamin bin ngadu'a keur 
kasalametan nu boga imah, nya tatamu teh balakecrakan dalahar saaya-
aya nu dipidangkeun ku indung kuring.

Bari ngaradu bako, acara dituluykeun deui. Aki kuring muka buku nu 
katingalina titatadi dikeukeuweuk, semu lecek, de kill end de kucle. 
Jigana buku warisan uyut kuring. "Dengerin, Pa Uis mau nga-Beluk…" 
Bapa kuring nerangkeun ka kuring. Sugan kuring ari nga-beluk teh 
nyanyi lagu Sunda… ari pek teh kitu geuning sarupaning pantun-pantun 
nu dilagukeun bari dieluk-eluk. Baroraah resep, ngarti ge henteu… 
maklum tuda ti Batawi tea… ngan eta para aki-aki mani saregut 
ngadengekeunana. Kuring ngan saukur bisa heuay… jeung heuaay… mani 
merelek. Tungtungna nyusul adi kuring nu geus tibra dina enggon.

Kiwari asa tara ngadenge deui mun hajat imah nanggap Beluk. Sanajan 
kuring teu ngarti baheula mah da maklum leutik keneh… tapi ayeuna 
asa panasaran???

Cing, atuh Kang Birin & MH geura guar perkawis Beluk.
Hatur nuhun sateuacana,
ro2.


--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> paragraf kadua asa pabeulit kang birin, aya kitu judul wawacan 
pupuh
> kinanti, sinom jeung sajabana?
> 
> ari istilah wawacan mah biasana sok ngarujuk kana judul alias topik
> caritana, misalna wawacan gagak lumayung, nu nyaritakeun lalampahan
> kean santang.
> 
> sedengkeun ari kinanti, sinom jeung sajabana, eta mah ngarujuk kana
> cara nuliskeun eta carita dina wangun puisi ala urang sunda alias
> pupuh nu aya 17 rupa tea.
> 
> salam,
> mh
> 
> 2008/11/13 kunkun sobirin <[EMAIL PROTECTED]>:
> > Punten in bahasa
> >
> >
> > Beluk sebagai salah satu bentuk karya sastra Sunda semakin jarang
> > ditampilkan. Perannya sebagai penyampai pesan kehidupan 
masyarakat
> > Sunda perlu dikemas secara atraktif agar menarik.
> >
> > Beluk adalah seni suara melagukan cerita wawacan Sunda. Ceritanya
> > bersumber dari wawacan seperti Pupuh Kinanti, Sinom, Magatru, 
Pucung
> > Pangkur, Maskumambang, Balakbak, Wirangrong, Mijil, Lambang, 
Durma,
> > Gambuh, Juru Demung, Ladrang, dan Gurisa. Isi cerita kebanyakan
> > tentang kebesaran Padjadjaran. Beluk biasanya disajikan saat 
selamatan
> > 40 hari kelahiran bayi atau setelah masa panen.
> >
> > Menurut Ketua Jurusan Sastra Sunda Universitas Pendidikan 
Indonesia
> > Diding Haerudin, Selasa (11/11), beluk berasal dari kata sora
> > dieluk-eluk. Seorang pemain beluk harus kuat dalam memainkan 
suara
> > keras dan panjang. Beluk juga biasa disebut macapat, membaca
> > cepat-cepat, membaca bari ngajepat atau sambil terlentang,
> > menyimbolkan badan manusia terdiri empat elemen: air, api, 
angin, dan
> > tanah.
> >
> > Saat ini beluk hampir tidak pernah ditampilkan lagi di perayaan 
besar,
> > selamatan, dan kenduri masyarakat. Penyebabnya, makin sedikit 
orang
> > yang bisa membaca beluk dan pantun. Oleh karena itu, menurut 
Diding,
> > sekolah sebagai pembimbing generasi muda dituntut 
memperkenalkannya.
> >
> > Di tengah perubahan zaman, pertunjukan beluk dan pantun harus
> > diupayakan untuk dihadirkan di tengah masyarakat agar masyarakat
> > melihat kekayaan budaya Sunda.
> >
> > "Perlu kreativitas seniman untuk memperkenalkan beluk. Hal itu 
sudah
> > digagas dengan digelarnya karya beluk dalam pementasan dongeng 
dan
> > pantun di Rumentang Siang, 12-13 November 2008," katanya.
> >
> > Seniman dari Sekolah Tinggi Seni Indonesia, Mas Nanu Muda, 
mengajak
> > seniman menggarap beluk dengan lebih atraktif, misalnya dengan
> > menyisipkan humor segar dan aktual.
> >
> > ------------------------------------
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
>


Kirim email ke