Tong kapalang, urang teruskeun surveyna. Ayeuna urang nurutan jiga
urang bule, urang noong literatur, urang noong kamus basa Sunda geura.
Urang pilih we tilu kamus: Jorigg (1862), Saca (1948), jeung KUBS
(1975). Dina kamus Jorigg mah ngan aya kecap /kanas/ hungkul.
Sedengkeun ari dina kamus Saca jeung KUBS ngan aya kecap /dans/ jeung
/ganas/. Mun dijieun tabelna, jiga kieu geura:

         Jorigg  Saca KUBS
danas    x       v       v
ganas    x       v       v
kanas    v       x       x

Tah kitu baraya euy, hasil noong dina rujukan, tetela memang eta tilu
kecap teh wujud.

salam,
mh

Kirim email ke