AA: Hahahahaha ( langkung ti 5X ) Eta ku bisaan wae jang Arif anu lahirna sasih Romadhan teh. Tah soal Ambek, ka barudak kitu oge, ari di imah. Lamun biasa mah ku Basa Indon; giliran ngambek mah tetep we ku Basa Sunda ! Da rada hese ambek ku basa sejen mah. Model giliran Listrik Pareum Maghrid pisan padahal bulan Puasa; cek kuring :"Haramjadah si PLN teh ; matikan Listrik maghrib2 lagi puasa kan ? Goblog pisan !" ari nyaritakeun nu sejenna mah ku Basa Indon; giliran nyarekanan ku Basa Sunda ! Da biasa tea. Ari nyarekan ku basa lain mah sok rada kagok. god damned ! Eta ge biasa, tapi a teu pantes keur buka puasa nyarekan ku basa USA mah ! Sanes basa Inggris, da tara cacarekan saperti kitu urang INGGRIS asli mah; eta mah BASA Texas USA !
--- On Tue, 11/18/08, abas_amin08 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: abas_amin08 <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Fwd: Survey: Basa Sunda 'ON/OFF' To: [EMAIL PROTECTED] Date: Tuesday, November 18, 2008, 2:01 AM --- In [email protected], arif ramdlan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: bahasa sunda On lamun keur nyarekan batur... eta bener pisan... yeuh pangalaman didieu waktu di Aceh. Hiji mangsa, saminggu sa enggeus tsunami di Aceh, pan loba relawan ka asup nu ti Bandung jeung rea rea deui, harita urang oge jadi relawan milu gabung jeung nu ti bogor. hiji sore, ngadong ngahajakeun mandi di Lanud Iskandar Muda, pedah rada hese cai waktu eta teh, nya ngahajakeun make mobil ngabring ngadon mandi. Nepi ka tempat mandi di Lanud, antri. Mangsa kabagean giliran, nya kuring mandi rada lila. Naha atuh ari teh beut aya anu ngagedor panto kamar mandi. bari nyarekan laklak dasar. "Hei jurig ! geuwat siah mandi teh!," ceuk sora ti luar Gebeug ! eta urang ngarenjag aya nunyarekan kitu ti luar Pas rengse mandi, terus muka panto. eta aya jelema opatan ngarora keneh. make baju cap relawan Aceh..bari melong beungeut kuring, nu opatan eta teh ngomong, "Euh, awak leutik mandi siga gajah, aya ku lila," bari seseurian. "Carekan wae lah da moal ngartien ieuh," cek baladna Dikitu ku batur salembur nya urang moal eleh geleng, nya dibales wae, "Punten naha ari gajah sok mandi di kamar mandi anu ngangge panto? ceuk kuring "Cik atuh silaingin teh, ulah kitu ka jelema teh. Silaing ulah, sangeunahna ngomong. Ari ayeuna mah di Aceh loba urang sunda," ceuk kuring Rey, atuh mani beureum beungetna eta pamuda teh. Tuluy, nyolongkrong sasalaman. "Aduh kang punten, manawi teh saneh uran sunda," cek anu nyarekan kuring teh. Bari ngenalkeun ceunah ti cimahi. Harita, meuni puas asana teh ninggali jelema nu kitu teh. Era ku sorangan. nya ari urang mah karunya wae, ka manehnya. basa rengse mandi, ku urang di ajak dahar kabeh tah nu nyarekan teh...puguh da harita hese neangan kadaharan di Aceh, masih darurat. sugan, wae aya nu maca ieu tulisan urang, terus pernah ngadenge ieu pangalaman. Nya urang pisan nu ngalamanana.... ha hahahahha --- End forwarded message ---

