--- On Thu, 11/6/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Pedang Perak vs Tukang Besi - 22
To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Thursday, November 6, 2008, 7:56 AM







“Kuring Ong Gi Leng si Pendekar Kelana, jeung ieu budak ngora adi angkat kuring 
Coe Hong ,Si satrawan Rudin; Tah pek bejakeun ka juragan ilaing!” 
Si Kepala urusan Rumah tangga gancang lumpat ka jero; langsung ka kamarna Si 
Dewa Kahiji; katempo si Dewa Kahiji keur nangkarak we bari panonna peureum te 
empes2 nandakeun geringna parna pisan; Ari Dewa Kadua jeung Dewa Katilu keur 
meleng we susah ku kaayaan Si Dewa Kahiji. Barang nenjo si Kapala Rumah Tanga 
asup ka kamar, nu dua Dewa tarangna kaciri ngerut, tanda kaget jeung teu resep 
nempo si kapala RT eta asup ka kamar.terus ngabentak lalaunan:”Heh rek naon 
maneh? Kunaon teu dipanggil wani asup hah?” 
Si Kepala Pelayan nu ngaranna Tan Kow ganjang ngadeprok ka ubin bari sadu sadu, 
terus bebeja yen aya dua tamu nu baheula kungsi ngacowkeun kota Liao Tung, 
terus we nyebutkeun ngaran jeung gelar eta dua jelema.
Mani kaget pisan eta dau Dewa ngadenge ngaran Si pendekar Kelana lantaran eta 
Pendekar teh deukeut hubunganana jeung Komandan Gilimkoen di Kota Raja ; rek 
naon cenah eta mangkeluk teh datang kadieu ? Kitu pamikirna eta dua Dewa; geus 
kitu gancang we nu dua Dewa ngidinan ka si Palayan supaya dua tamu teh asup ka 
gedong. 
( Gielimkoen = Pengawal Istana )
   
Ong Gi Leng jeung Coe Hong arasup ka gedong terus sina nunggu di ruang tamu; 
teu kungsi lila si  Phang Jie Kiong Si Cakar Rajawali jeung Louw Tie Kin Si 
Bayangan Malaikat geus kaluar nyanghareupan ieu dua tamu nu teu diharep pisan. 
Tapi eta Si Dua Dewa teh nyumputkeun rasa nu sabenerna, maranehna ngahaja 
nunjukeun diri someah pisan, terus nanyakeun maksud pangna eta dua tamu 
daratang kadinya. 
“Mana Toa Sian?” ceuk Ong Gi Leng muka obrolan . 
“Oh kaleresan Toako nuju keuna ku apes, punten teu tiasa ngiring kaluar 
mendakan andika, ayeuna akang teh nu teu damang wales.” 
“Tapi ieu masalah kacida pentingna, kudu disawalakeun babarengan jeung Tilu 
Dewa; mun memang teu bisa kaluar urang sorangan atuh nu bakal asup bari 
sakalian ngalongok lanceuk andika nu keur gering.” 
Omongan nu nunjeukkeun teu percaya pisan, ditarima ku Dua Dewa bari rada 
keuheul, tapi maranehanana masih bisa nahan sabar terus Phang Jie  Kiong 
nyarita:”kuring sadaya memang keur katiban apes, Toako keuna ku panggebug anu 
ampuh, sedeng kuring sarerea teu bisa nulungan sama sakali; naha arandika teu 
boga ras rasan saeutik mah, naha ngdesek pisan ? Kapn kuring keur katiban 
musibah?” 




      

Kirim email ke