duka leres duka henteu ieu paribasa teh...
 
 
JUST BEE YOURSELF ("Seureudkeun diri sorangan kana nyiruan")
Jadi diri sorangan, mun ngarasa goreng patut kudu syukur, lantaran mun hade 
rupa bisi loba dosa hehehe ....
 
THE RIGHT MAN IN THE WRONG PLACE ("Jelema nu lebah katuhu,salah tempat..kuduna 
cicing di kenca") 
kasep/geulis jeung goreng patut eta gumantung kana lingkungan, misalna aranjeun 
didieu panggorengna, tapi bisa jadi di aprika mah 
pangkasepna/panggeulisna, matakna pindah geura ka ditu.
 
DONT JUDGE THE BOOK BY THE COVER ( "Montong ngahukum buku make koper" ) 
Ulang pegat harepan, teu kabeh jalma nempo tina pisikna,  saha nunyaho tina 
imahna, mobilna, pagaweanana, atau tabunganana
 
LIKE FATHER LIKE SON ( "Suka ka bapana, suka oge ka anakna" ) 
Tong nyalahkaeun sorangan mun goreng patut, salahkeun kolot wae sabab goreng 
patutmah da turunan.... bener pan?
 
THE BEAUTY IS UNDER THE SKIN ( "Jadi geulis mun geus ganti kulit" ) 
Omean inner beauty aranjeun, eta mun ngarasa sisi luar geus ancur teu 
katulungan deui.... 
 
NO GAIN WITHOUT PAIN  ("moal meunang duit mun teu nyeri heula...jiga kuda 
lumping" )
tong nyeri hate mun dipoyokan goreng patut, cuek wae lah, inget film Beauty and 
The Beast pan?)
 
THE TRUTH IS OUT THERE ("Nu ngajawab bener, meunang kaluar") 
Inget basa keur SD euy... ehhehehe....
 
LOVE IS BLIND ("Micinta nu lolong") 
Cinta teu nempo kasep atawa goreng, teu percaya? tanyakeun wae ka jalma goreng 
patut. 
Memang kasep/geulis mah relatip...tapi mun goreng patut mah MUTLAK
 
 
nuhun nu tos maos paribasa nu ngacapruk ieu.... hidup goreng patut...!!!
 
Salam,


      

Kirim email ke