Kang maksad pribados mah ditingali atuh esensi na kang .. sanes undip na .. 
tong wak ti undip kang .. sanajan ti MIT ge da moal ngajamin bakal hirup senang 
mun teu usaha mah .. 

Naon atuh senang teh . .??? eta ge kan definisina pasti benten kang tiap jalmi 
teh .. 

Nu ka Abdi diangkat, kumaha perjalanan hirup pamajikan kuring eta wungkul .... 
kusabab ningali eta film jadi sumanget deui ngajar .. eta ... esensi na mah 
kang .. sanes bade nonjolkeun lulusan ti mana .. .. 

Sm kuring masihan terang we atuh kang .. anjeuna lulusan undip teknik . pasti 
kabayang hoyong damelna nu siga kumaha .. dimana .. 

Naha nya asa teu nyambung pisan .. 

Gaduh Pasoalan sareng lulusan undip kang .. ???? 

salaam 

firman 


  ----- Original Message ----- 
  From: Mamad Ahmad 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, November 11, 2008 3:46 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Laskar Pelangi


        emang lamun lulusan ti Undip dijamin bakal hirup senang 
kitu...............................

        --- Pada Sel, 11/11/08, firman <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

          Dari: firman <[EMAIL PROTECTED]>
          Topik: Re: [Urang Sunda] Laskar Pelangi
          Kepada: [email protected]
          Tanggal: Selasa, 11 November, 2008, 7:46 AM


          mhun kang abdi ge sapamadegan .. buku "laskar pelangi" kedah dibenten 
keun kang antara buku na sebagai hasil satra, sebagai bahan inspirasi sareng nu 
ngadamelna Andrea Hirata .. cenah manehna teu ngaku geus kawin .. masih keneh 
jajaka, cenah eta carita teh fiksi lain kajadian sabenerna .. kan eta mah 
urusan nu sanes nnya kang .. nu penting mah hasil na .. tiasa dinikmati ku 
urang2. 

          sim kuring mah kataji kang ku eusina .. naha cenah kitu, kieu kang . 
.pamajikan sim kuring teh guru kang .. masih honorer di swasta .. padahal 
anjeuna lulusan ti undip kang .. urang teknik, tapi kusabab hoyong milarian 
padamelan anu tiasa ngeusi waktu anjeunna tur cenah meh teh bosen teuing we di 
bumi, tapi budak masih tiasa kapalire da alim ngaleupaskeun tanggung jawab nu 
jadi indung ka budak.. teregteg anjeuna ngalamar ka sakola swasta .. ka 
madrasah kang .. .. padahal mah sakola na mah nya mun disebatkeun megah ... 
jauh kang .. atuh rajet .. henteu oge .. biasa2 wae .. mung ngajar teh digajina 
mung saminggueun . misalkan kan saminggu ngajar aya kana 30 jam na .. nya mung 
eta we anu dibayar keunna .. sanes 30 x 4 minggu .. kitu tah .. lami kalamian 
.. naha nya kang ngajar banting tulang .. tapi panghasilan asa na mah teu 
sesuai (padahal kapungkur damel di Lab perusahaan kang .. lumayan gajih na mah) 
.. tah ti dinya kang . mulai goyah .. drop sumanget kanggo ngajar teh .. KAPAN 
JADI PNS GURU cenah kitu kang ngaharewos ka sim kuring .. tenang ngajar jiga na 
mah mun jadi pns .. moal neangan sakola nu alus2 lah . da karunya ka barudak . 
keur mah lolobana budak nu teu mampu tapi sumanget diajar rendah oge ..

          sim uring ningal kick andy tea ... teras meser bukuna .. yeuh bunda 
baca bukuna .. ke mun aya film na urang nonton .. singkat carita filmna medar 
.. anjeuna ku sim kuring diajak nonton .. atuh da ceurik kang .. anjuenna teh . 
tur jadi semanget .. cenah .. maenya sim kuring eleh .. batur ge bisa ngabdi 
majukeun barudak sakola padahal kaayaanna jauh tina memadai .. (ASLI IEU MAH 
KANG??!!) harta mah cenah nomer dua lah .. da rizki mah bakal nutur keun .. 
moal salah alamat... ari sim kuring ngilu mewek deui .. lain ku film na kang . 
ningali pamajikan sumanget deui ngajar.. sok atuh bunda .. keretegkeun dina 
hate keur majukeun barudak . Insya Alloh ku Akang didukung milari rizki nu 
halal nu tiasa nyekapan keur anjeun meh regreg ngajar. 

          Aduh puntennya kang jadi curhat ieu teh jadi siga mamah dedeh jeung 
AA .. hehehehehhe ieu mung pangalaman pribados kang . .. cenah aya paribasa nya 
kang . dont judge a book for the cover cenah .. punten panjang pisan emailna .. 
nulis na ge bari muriding deui bulu irung .. ehhehehhehe 

          permios 

          firman 

            ----- Original Message ----- 
            From: Waluya 
            To: Baraya Sunda ; [EMAIL PROTECTED] ups.com 
            Sent: Tuesday, November 11, 2008 2:18 PM
            Subject: Re: [Urang Sunda] Laskar Pelangi


            > From: ua duq
            > karesep urang nu ieu mah. duanana. nya laskar pelangina (nonton 
pelmna ge 
            > dua kali :))). nya gosipna...
            > enya, barina ge... si andrea rek jajaka, rek duda, rek enggeus 
atawa acan 
            > kawin ge keur kuring mah teu ngaruh. beda
            > upama, kamidia radisti tega nolak cinta kuring, ancur tah dunya 
            > huahahaha...

            Enya Kang Dud, tapi nyaeta sakapeung publik hayang nu boga lalakon 
teh 
            saperti dina kahirupan nyatana (real) oge kitu. Kasus Keluarga 
Marlia Hardi 
            dina TVRI baheula, contona. Ieu sinetron dianggap sinetron 
pangalusna dina 
            ngadidik barudak. Loba kritikus anu muji. Peran Marlia Hardi nonjol 
pisan: 
            indung nu wijaksana dina kulawarga. Tapi dina kahirupan nyatana 
Marlia Hardi 
            henteu kitu, anjeunna nelasan maneh lantaran kabeulit hutang arisan 
            berantai. Seueur deui conto dimana "dunia panggung" beda jeung 
kahirupan 
            nyatana.

            Ceuk Ahmad Albar mah:" Dunia ini, bukan sandiwara ......."

            Baktos,
            WALUYA 

       




------------------------------------------------------------------------------
  Dapatkan alamat Email baru Anda! 
  Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!

   

Kirim email ke