http://raspati.wordpress.com/
http://rakaraspati.blogspot.com/
 
 
"Neng, tanggal sabaraha rek nikah teh?"
 
"Insya Alloh Kaping 10 bulan ieu Wa. Dinten minggu"
 
"Acarana dimana?"
 
"Ah, di bumi pun bapa we Uwa. Margi da teu seueur nu diulem na oge.
Acarana oge sederhana. Saur pun biang, daripada dianggo ngayakeun acara
pesta langkung sae waragadna di angge kanggo bekel rumah tangga"
 
"Sae Neng. Da lana henteu na rumah tangga mah teu ditangtukeun ku rame
jeung henteuna pesta. Seueur nu pesta na mewah tapi rumah tangga teh
awet rajet tur teu lana."
 
"Uwa mah rek menta dihampura ka eneng. Hampura teu bisa mekelan nanaon,
ngan bisa ngajurung ku pidua supaya rumah tangga teh runtut raut
sauyunan. Atuh eneng ku uwa di duakeun sing bisa jadi istri nu shalehah.
Mun eneng hayang nyenangkeun salaki, teu cukup ku kageulisan, teu cukup
ku gelar anu loba, tapi kudu jadi istri anu shalehah. Kunaon kageulisan
teu bisa nyenangkeun nu jadi salaki ? sabab kageulisan mah teu lana.
Mingkin kolot jalma mah sok ngagorengan sorangan. Tah mun heug salaki
urang nyaah ka urang teh ngan saukur dumasar kana kageulisan, atuh
meureun nyaah teh ngan pas keur ngora wungkul, pas geus kolot mah salaki
bisa-bisa neangan deui nu leuwih ngora, nu masih keneh seger.
Gelar nu loba, turunan nu alus, ieu ge teu bisa dipake piken nyenangkeun
nu jadi salaki. Nu bisa nyenangkeun salaki mah jeung sakaligus
manjangkeun rumah tangga ngan saukur jadi istri shalehah. 
SAESTUNA DUNYA TEH PERHIASAN JEUNG SAHADE-HADENA PERHIASAN NYAETA ISTRI
SHALEHAH (SHAHIH MUSLIM NO 1467 TI ABDULLAH BIN AMR RODHIALLOHU ANHUMA)
NAHA ARANJEUN HAYANG NYAHO NGEUNAAN BANDA NU PANGALUSNA PIKEUN HIJI
LALAKI NYAETA ISTRI SHALEHAH NU MUN DI TEMPO BAKAL NYENANGKEUN, MUN
DIPARENTAH BAKAL TAAT JEUNG MUN SALAKINA INDIT MANEHNA BAKAL NGAJAGA
DIRINA (SUNAN ABU DAUD NO 1417)
Mun heug salaki urang dibere rejeki harta nu loba can tangtu bakal bisa
nyenangkeun hatena, tapi mun eneng bisa jadi istri nu shalehah bakal
bisa nyenangkeun salaki. 
Terus kumaha atuh carana jadi istri nu shalehah
1. TAAT IBADAH KA ALLOH
 
2. ISTRI SHALEHAH NYAETA NU TAAT JEUNG NGAJAGA DIRI MANGSA SALAKINA
EUWEUH (AN NISA 34) Naon anu diparentahkeun ku salaki di tedunan salila
lain perkara maksiat. Mun salaki tutah titah kudu geura dilaksanakeun.
Ulah ngarasa wegah sanajan cape. Kajaba mun urang teu bisa
ngalaksanakeun anu anu diparentah ku salaki. Terus mun salaki kaparengan
euweuh poma jaga kahormatan urang. Ulah dijadikeun kasempetan, mangpang
meungpeung euweuh salaki, ber ulin kaditu kadieu bari teu menta idin
heula. Komo bari nepungan babaturan nu lalaki, nu mun heug salaki nyaho
bakal jadi pipaseaeun lantaran timburu atawa balukar nu leuwih goreng
deui nyaeta laku serong.
 
3. Ngalayanan pangabutuh salaki. Saperti nyadiakeun daharna, tempat
sarena, pakaianana. Tong ngarasula sanajan cape komo bari ka ngenta
pembantu sagala. Sakumaha dawuhan Rosululloh mangsa anakna Fatimah
ngenta pembantu ka Rosululloh : NAHA ANJEUN HAYANG DITUDUHKEUN NAON NU
LEUWIH HADE TIBATAN SAURANG PEMBANTU? MUN ARANJEUN DATANG KA TEMPAT SARE
ATAWA HAYANG NGAGOLEDAG, BACA ALLOHU AKBAR 34 KALI, SUBHANALLOH 33 KALI
JEUNG ALHAMDULILLAH 33 KALI. IEU LEUWIH HADE KEUR ARANJEUN TIBATAN
SAURANG PEMBANTU (SHAHIH BUKHARI NO 6318 & SHAHIH MUSLIM NO 2727)
Dawuhan Rosululloh : TEMPO DIMANA ANJEUN KA SALAKI ANJEUN, LANTARAN
MANEHNA MANGRUPAKEUN SURGA JEUNG NARAKA ANJEUN (HADITS IBNU ABI SYAIBAH
DI SHAHIHKEUN KU SYAIKH AL ALBANI DINA ADABUZ ZIFAF)
Ku kituna, urang kudu bener-bener jadi pelayan pikeun salaki urang.
Urang kudu era mun salaki diantepkeun magawe pagawean-pagawean anu
kuduna jadi kawajiban urang.
 
3. Pinuh ku kadeudeuh, jeung gampang ngenta dihampura ka salaki. Dawuhan
Rosululloh : NAHA ARANJEUN HAYANG NYAHO, ISTRI-ISTRI ARANJEUN NU JADI
AHLI SURGA NYAETA ISTRI NU PINUH KU KADEUDEUH, BOGA LOBA BUDAK, JEUNG
SALAWAASNA BALIK KA SALAKINA. DIMANA MUN SALAKINA AMBEK, MANEHNA
NGADATANGAN SALAKINA BARI NUNDA LEUNGEUNNA DINA LEUNGEUN SALAKINA BARI
NYARITA :'KURING TEU BISA SARE SAACAN ANJEUN RIDHO (HADITS AN NASAI NO
257 DINA ISYRATUN NISA) Mun salaki ambek ka urang geura buru-buru menta
dihampura. Ulah kalah sabalikna, salaki ambek urang pipilueun emosi,
embung disalahkeun, nu balukarna nimbulkeun pacogregan. Mun ngomong ka
salaki, poma ulah leuwih tarik ti batan salaki. Ngomong teh kudu leuleuy
dibarengan pinuh ku kanyaah.
 
4. NGAJAGA RUSIAH SALAKI
Komo bari nyaritakeun naon anu dilakonan jeung salakina di ranjang.
Dawuhan Rosululloh : TONG MARANEH LAKUKEUN, LANTARAN NU KITU TEH SAPERTI
SYETAN JALU NU AMPROK JEUNG SETAN BIKANG  DI JALAN, TERUS SAPATEMON BARI
DILALAJOAN KU MANUSA (HADITS IMAM AHMAD)
 
5. Salawasna ngajaga penampilan. Kudu dijaga supaya salaki resep nempo
urang. Dangdan nu geulis, teu kudu make 'make up' nu mahal supaya
katempo geulis. Cukup ku resik, make pakean nu pikaresepen salaki, mun
aya make parfum nu seungit. Ulah ieu mah di hareupeun salaki teh bararau
haseum, pakean kucel, buuk awut-awutan. Atuh rek resep kumaha salaki ari
unggal poe nempo nu kitu mah. Tapi ari pareng kaluar imah dangdan
sataker kebek. Tah mun kieu mah berarti leuwih mentingkeun salaki batur
tibatan salaki sorangan, da geuning ari rek patepung jeung salaki batur
dangdan, ari jeung salaki sorangan mah awak ge teu diberesihan. Atuh
ceunah urang rek make pakaian nu seksi supaya salaki resep. Rek make
calana pondok, kaos ketat atawa transparan. Teu kunanaon salila di imah
euweuh jalma lian mah. 
 
6. Kudu pinter syukur kana kahadean ti salaki. Dawuhan Rosululloh :
DITEMPOKEUN NARAKA KA KAULA, NU NYICINGANANA LOLOBANA AWEWE NU KUFUR.
TERUS AYA NU NANYA 'NAHA MARANEHNA KUFUR KA ALLOH?' JAWAB ROSULULLOH
:'MARANEHNA KUFUR KA SALAKINA JEUNG KUFUR KANA KAHADEANANA. SAKIRANA
SALAH SAURANG TI MARANEH NYIEUN KAHADEAN KA PAMAJIKANANA SATAUN PINUH,
TERUS MANEHNA NEMPO HIJI PERKARA NU TEU DIPIKARESEP TINANGTU MANEHNA
NYARITA 'AING TEU PERNAH NEMPO KAHADEAN TI SILAING SAEUTIK EUTIK ACAN'
(SHAHIH BUKHARI NO 29 & SHAHIH MUSLIM NO 907)
ALLOH MOAL NEMPO KA SAURANG PAMAJIKAN NU TEU SYUKUR KA SALAKINA PADAHAL
MANEHNA MERLUKEUNANA (HADITS AN NASAI, ASH SHAHIHAH NO 289)
 
7. Kudu nyumponan pangabutuh batinna. Ulah nolak sanajan cape. Dawuhan
Rosululloh :
MUN SAURANG PAMAJIKAN SARE BARI NINGGALKEUN TEMPAT SARE SALAKINA,
TINANGTU PARA MALAIKAT NGALAKNAT MANEHNA NEPI KA BALIK (KA SALAKINA)
(SHAHIH BUKHARI NO 5194 & SHAHIH MUSLIM NO 1436)
Mun urang rek ngalaksanakeun shaum sunnah mangsa salaki aya di imah,
omat kudu menta idin heula. Saha nu nyaho salaki boga pangabutuh ka
urang.
TEU HALAL SAURANG ISTRI PUASA SUNNAH SEDENGKEUN SALAKINA AYA IWAL
MEUNANG IDIN (SHAHIH BUKHARI NO 5195 & SHAHIH MUSLIM NO 1026)
 
Tah sakitun Neng, pesen ti uwa mah. Mudah-mudahan rumah tangga eneng
bisa jadi rumah tangga nu sakinah mawaddah warahmah"
 
"Hatur nuhun pisan uwa kana wejanganana, Insya Alloh ku eneng di
estokeun pisan. Atuh nyuhunkeun pidu'ana oge supaya eneng tiasa
istiqomah ngalakonanana"
 
MUN SAURANG ISTRI NGALAKONAN SHOLAT LIMA WAKTU, MANEHNA TAAT KA SALAKINA
JEUNG NGAJAKA LARANGANANA, TINANGTU MANEHNA BAKAL ASUP KA SURGA RABB-NA
TI PANTO MANA WAE NU KU MANEHNA DI PIKAHAYANG (SHAHIH IBNU HIBBAN)
 

 

Disclaimer   -   This  message  including any attachments and information 
contained
herein  ("Message" ) may contain  privileged information  or otherwise is 
protected
from  disclosure. Any  unauthorized use of this  Message  by any person may 
lead to
legal consequences.  If  you  receive this   Message  in error, or if the 
recipient
of this  Message  is not the intended recipient or the employee or agent 
authorized
for delivering this  Message to the intended recipient you are hereby notified 
that
any  disclosure,  dissemination, distribution  or copying of this Message or 
let or
cause this Message to be disclosed,disseminated, distributed, or copied is 
strictly
prohibited, and please notify the sender by  return message  and immediately 
delete
this  Message  from your system.   Incoming and outgoing  communications using 
this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by 
applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views 
expressed
in this Message  are those of the individual sender and may not necessarily 
reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.

Kirim email ke