Sapuk resepna Kang Firman. Ngiringan ngadongeng ah*

Abdi gaduh alo istri, nuju lucu-lucuna. Yuswa 24 sasih, 20kg. Jangkung badag, 
jiga murangkalih yuswa 4 taunan. Eta we pami naek odong2 teh, tukang odong2na 
mopo hihiii... Biasa we wik en teh etang-etang "trening" kabagean jadi Nany 
alias tukang ngasuh da ibuna wanita kaririweuh dinten Sabtu lebet...hehehe...

Lucuna alo abdi ngadadak janten hawatos taya duana... tiluna...komo limana... 
nalika anjeuna teu tiasa miceun dugi ka 3 dintenna. Raray beureum, soca 
cirambay, lambey manjangan kagigir, ngaheujeun tapi teu ngelol-ngelol. 
"Beooooollll... Ngengeeee... Eeeeh... Modooool..." sagala we disebutkeun ngenes 
aya, hayang seuri aya, make bisa nyebut modol sagala*hahaha* tuturuti ka si ibi 
tukang ngasuh nu tos liren.

Ningali kitu pun biang nyandak sabun dikeureut teras dilebetkeun kana "dubur" 
teu lami bukaan 9, brol weh babar kalayan salamet. Mani satambruan! Panen sugan 
mah heuheu...

Kajadian eta teh sering pisan, dugi ka bulak balik ka dokter anak. Nya, 
dipasihan landong pencahar, tapi diemut-emut teh bilih gumantung teuing ka eta 
landong. Dipasihan landong nu dilebetkeun kana liang ee na, wangunna panjang 
saageung patlot, di tungtungna aya paragi ngaleueueran (pelumas), dipencet 
teras dilebetkeun. Cara kerjana mah ampir sami jiga sabun. 

Ditalungtik deui kunaon pangna budak teh teu tiasaeun miceun? Susuna nganggo 
Bebelac, sakitu tos dileyuran? Angger. Kitu deui...kitu deui... Hawatos ka 
budakna, ginggiapeun pas ningali sabun atanapi landong nu dilebetkeun kana 
liang ee, tos ngagoak manten!
Tungtungna mah digentos ku Susu Bendera 123, ngaleueut jus jeruk, nuang 
puding/ager2, sayuran diblender. Alhamdulillah ... lancar teu aya halangan 
harungan.

Tah, kitu Kang Dadi, mugia mangpaat.
ro2




>>> [EMAIL PROTECTED] 11/20/08 08:58AM >>>

kantos Kang kuring ge ngalaman 


da ces pleng atuh


carana .... tong dipasihan susu premium ... pasihan we nu biasa ... mirah deuih

kapungkur ngangge ChilMill, Pediasure ...nya kitu sok hese ....
pas digentos mah ... geleserrrrr biasa we ......
Saurna dokter, teu sadaya budak bisa nyerep bahan-bahan tambahan
nya antukna jadi hampas wungkul


resikona ... budak katingalina rada begang ....tapi keun we asal sehat


awalna mah campur we heula ... supaya rasa teu robah teuing
teras lami lami dikirangan tah susu premiumna


ara ieu tos kabuktian ku pun anak
malah anak nu kadua mah teu pisan ngangge premium tah ... kapok
lancar alhamdulillah ... ngan wungkul ku bendera 123 we ... (sanes promosi)
ari anu gede mah ku dancow ayeuna mah 










On Thu, Nov 20, 2008 at 8:37 AM, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kamari nu di bahas teh budak hese dahar,

Tah ayeuna simkuring nuhunkeun bongbolongan kangge budak hese miceun,
Bilih aya dokter sareng pakar anak di ieu milis, atawa kadang wargi aya 
pangalaman dina mayunan masalah anak nu sami, peupeujeuh kuring nuhunkeun 
bongbolongan na jigana kuring geus taak yeuh, sagala usaha tos di lakukeun.

Kirim email ke