http://raspati.wordpress.com/
http://rakaraspati.blogspot.com/
"Din, lain ari urang jarang pisan papanggih. Padahal akang teh sering
ulin ka imah silaing, tapi ampir teu pernah paamprok jeung silaing kitu
oge jeung pamajikan silaing. Ngan paamprok jeung budak we jeung pembantu
silaing. Na ari dines di rumah sakit teh beurang peuting?"
"Kang, ari dines di rumah sakit mah ngan beurang wungkul sih. Tapi balik
ti rumah sakit, jam 2-an kuring teh praktek di apotik kimia farma. Tah
peutingna nepi jam 10-an praktek di klinik asy syifa"
"Ari pamajikan silaing?"
"Atuh pamajikan nya sarua oge, malah mah bareng praktek na jeung kuring
nepi ka peuting oge"
"Lain ari gajih ti rumah sakit masih keneh kurang? Da silaing nyiar duit
teh pan teu sabeulah. Tapi kenca katuhu. Kaitung salaki jadi pamajikan
dokter mah meureun. Iyeu mah meureun. Mun ngandelkeun gajih wungkul ge
geus nyukupan keur hirup teh. Jaba anak kakara hiji jeung masih keneh
leutik"
"Nya ari keur dahar mah leuwih ti cukup kang. Tapi pan pangabutuh teh
teu ngan saukur dahar. Indungna si jacky hayang ganti mobil, atuh kuring
boga maksud rek ngagedean imah"
"Din, akang mah moal nyaram maneh jeung pamajikan toh-tohan nyiar dunya.
Tapi tong poho euy kana tujuan urang hirup. Urang oge tong poho yen
urang hirup di dunya teh teu lana. TIAP-TIAP JIWA BAKAL NGARASAKEUN
PAEH. JEUNG SAESTUNA NGAN DINA POE KIAMAT DISAMPURNAKEUN PAHALA
ARANJEUN. SINGSAHA DIJAUHKEUN TI NARAKA JEUNG DIASUPKEUN KASAWARGA,
MANEHNA BENER-BENER GEUS MUJUR. KAHIRUPAN DUNYA NGAN SAUKUR KASENANGAN
NU NYILAKAKEUN (ALI IMRON 185).
Urang diwenangkeun pikeun nyiar kahirupan di dunya, tapi nyiar dunya ieu
ulah nepi keun kan ngelehkeun nyiar akherat. JEUNG TEANGAN NAON NU DI
ANUGERAHKEUN ALLOH KA ANJEUN NAGRI AHERAT JEUNG ANJEUN TONG MOPOHOKEUN
BAGEAN ANJEUN TI DUNYA (AL QASHASH 77)
Da di dunya urang moal lana, sedengkeun nu langgeng mah urang teh di
akherat. Sapoe di aherat sarua jeung lima puluh rebu taun di dunya.
Sedengkeun urang paling banter hirup teh ngan tujuh puluh lima taun. Ku
kituna urang ulah mentingkeun teuing dunya bari ngalalaworakeun aherat.
Ku inget kumaha sakeudeungna hirup dunya jeung lilana hirup di aherat,
tangtu urang kudu nyiar bekel teh leuwih loba nyiar bekel keur di aherat
engke tibatan nyiar bekel keur di dunya. TAPI MARANEH MILIH KAHIRUPAN
DUNYA, PADAHAL KAHIRUPAN AHERAT LEUWIH HADE JEUNG LEUWIH LANGGENG (AL
A'LAA 16-17)
Urang kudu inget kana naon tujuan mimiti urang diciptakeun. JEUNG KAULA
TEU NYIPTAKEUN JIN JEUNG MANUSA, IWAL TI PIKEUN IBADAH KA KAULA (ADZ
DZARIYAT 56)
Tah ku kituna, naon nu ku urang diteangan di dunya ieu, kuduna ngan
saukur pikeun ngarojong ibadah ka Alloh. Ayeuna maneh digawe toh tohan
tepi ka teu inget waktu. Tepi ka anak teu dipirosea. Inget Din, najan
sakumaha lobana harta banda ge tetep moal dibawa ka jero kubur. Atuh
ceunah silaing toh-tohan nyiar dunya pikeun bekel ke kolot, da tana
wuruh umur silaing nepi ka kolot. Saha nu nyaho isuk pageto silaing teh
geus dimandikeun jeung di sholatkeun.
Urang memang lolobana serab ku kahirupan dunya. Padahal kanikmatan nu
aya di dunya teh euweuh nanaonna mun dibandingkeun jeung kanikmatan nu
dijangjikeun ku Alloh di aherat nu disadiakeun pikeun jalma-jalma
mu'min. Mun urang bener-bener yakin kana ayana kahirupan aherat, kuduna
toh-tohan teh nyiar bekel keur aherat lain keur dunya. Dunya mah ngan
digunakeun pikeun ngarojong amal ibadah urang. Tapi tujuan utama mah
tetep aherat.
Ari kanyataan nu aya papalingpang jeung eta. Urang ngajadikeun amal
ibadah teh ngan ukur sampingan, ngan ukur sarat, ngan ukur ngalakonan
anu wajib. Sholat sering dilalaworakeun. Berjamaah di masjid geus tara
dilakonan da teu ari ku nyiar dunya. Nungtut elmu agama keur bekel
aherat teu dipentingkeun teu cara nungtut elmu keuh kahirupan dunya.
Silaing sakola erep mangjuta-juta pikeun kuliah kedokteran, supaya bisa
nyiar duit nu loba. Tapi nungtut elmu agama mah ngan sakali saminggu pas
poe jumaah, kitu ge sok tara sempet ngadengekeun khutbah da datang na
teh nga pas sholatna wungkul. Ari pas datang keur khutbah langsung
ngaguher.
SINGSAHA NU ALLOH PIKAHAYANG PIKEUN MEUNANGKEUN KAHADEAN, ALLOH
FAQIHKEUN DINA AGAMA (SHAHIH BUKHARI NO 69, SHAHIH MUSLIM NO 1718 TI
SAHABAT MU'AWIYAH BIN ABU SUFYAN RODHIALLOHU ANHUMA)
SINGSAHA NYORANG JALAN DINA RARAGA NYIAR ELMU TANGTU ALLOH GAMPANGKEUN
JALANNA KA SAWARGA (SHAHIH MUSLIM NO 4867 TI SAHABAT ABU HURAIRAH
RODHIALLOHU ANHU)
NUNGTUT ELMU WAJIB PIKEUN SATIAP MUSLIM (SUNAN IBNU MAJAH TI SAHABAT
ANAS BIN MALIK RODHIALLOHU ANHU)
Ku kituna, sakali deui Din, akang mah ngelingan ka silaing ku rasa nyaah
jeung deudeuh ka silaing. Tong popohoan teuing nyiar dunya tapi kudu
inget nyiar bekel keur akherat. Digawe ulah beurang peuting teuing. Si
jacky kudu diperhatikeun oge kumaha atikanana. Bener ari soal daharna
mah teu kalalaworakeun da bubuhan aya pembantu di imah. Tapi tetep
kawajiban silaing pikeun mere atikan anu bener ka manehna. Geus loba
bejana mun salaki jeung pamajikan sibuk digawe, anak jadi
katompernakeun. Tungtungna anak jadi tigebur kana narkoba, seks bebas,
jeung kamaksiatan sejenna"
"Hatur nuhun kang, kana pangeling-ngelingna. Memang sih kadang kala mah
kuring ge ngarasa asa cape ngudag-ngudag dunya teh. Tapi kumaha nya, da
dijurung ku kahayang nu loba. Hayang ieu hayang itu. Geus boga motor
hayang mobil, geus boga mobil hayang ganti nu leuwih alus. Bisa ngontrak
imah hayang boga sorangan nepi ka ngiridit ka bank. Geus boga imah
sorangan hayang nu leuwih alus"
"PAAGRENG-AGRENG GEUS NALOBEHKEUN MARANEH. NEPI KA MARANEH ASUP KA JERO
KUBUR. TONG KITU, ENGKE MARANEH BAKAL NYAHO. JEUNG TONG KITU, ENGKE
MARANEH BAKAL NYAHO. TONG KITU, MUN MARANEH NYAHU KU PANGAWERUH NU
YAQIN. TANGTU MANEH BAKAL BENER-BENER NEMPO NARAKA JAHIIM. JEUNG
SAESTUNA MARANEH BAKAL BENER-BENER NEMPO KU AINUL YAQIN. TERUS MARANEH
PASTI BAKAL DITALEK DINA ETA POE NGEUNAAN KANIKMATAN (NU MARANEH
PAAGRENG-AGRENG DI DUNYA (AT TAKAATSUR 1-8)"
Disclaimer - This message including any attachments and information
contained
herein ("Message" ) may contain privileged information or otherwise is
protected
from disclosure. Any unauthorized use of this Message by any person may
lead to
legal consequences. If you receive this Message in error, or if the
recipient
of this Message is not the intended recipient or the employee or agent
authorized
for delivering this Message to the intended recipient you are hereby notified
that
any disclosure, dissemination, distribution or copying of this Message or
let or
cause this Message to be disclosed,disseminated, distributed, or copied is
strictly
prohibited, and please notify the sender by return message and immediately
delete
this Message from your system. Incoming and outgoing communications using
this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by
applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views
expressed
in this Message are those of the individual sender and may not necessarily
reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.