Ari pangalaman sim kuring mah pun anak dibiasakeun ti aalit nuang
gedang, ayeuna oge pun anak nu kadua nembe 8 sasih tos dipasihan
gedang, gedangna direndos...ah pokokna mah disaring caina teras di
eueutkeun. Kitu deui pun anak anu kadua allhamdulilah raresepeun pisan
kana gedang teh kaasup indung bapana. Gedang mah mirah meriah teanya
he hehe.......siga manuk cangkurileungnya resep gedang he he he.......

Cobian geura insya alloh lancar miceuna
baktos
ern

On Fri, Nov 21, 2008 at 9:14 AM, siti syarah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mugi kaanggo,
>
> Simkuring pernah ngalaman kajadian sarupa.budak nu cikal hese miceun.tapi
> alhamdulilah resepna mung dipasihan cai herang nu ditiiskeun di kendi taneuh
> unggal isuk hudang sare,nginumna samemeh barang dahar atawa nginum susu.
> budak teh sok langsung hayangeun miceun.
>  Cag...
> Syarah
>
> Aduh ... ngiring prihatin Kang,
> Cobian atuh ku cara tradisional wae ... ari seeur teuing ka Dokter mah ulah
> ah .. karunya ka murangkalihna ... engke seeur teuing obat2an kimiana ,
> kirang sae kapayunna.
> Tah ayeuna mah...sok atuh cobian menu tuangna diseeuran sayuran sareng
> buah2an , khususna gedang .. sae kanggo patuangan ... teras biasakeun eta
> murangkalih cina rutin beabe na unggal dinten ... nyetorna teh ...
> da eta mah kedah unggal dinten saha wae oge ... sanes murangkalih wae Kang.
> Sok di doakeun sing enggal damang si upik na Kang !
>
> ________________________________
> Dari: Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: urang sunda milist <[email protected]>
> Terkirim: Kamis, 20 November, 2008 08:37:51
> Topik: [Urang Sunda] Hese Miceun (Balita)
>
> Kamari nu di bahas teh budak hese dahar,
>
> Tah ayeuna simkuring nuhunkeun bongbolongan kangge budak hese miceun,
> Bilih aya dokter sareng pakar anak di ieu milis, atawa kadang wargi aya
> pangalaman dina mayunan masalah anak nu sami, peupeujeuh kuring nuhunkeun
> bongbolongan na jigana kuring geus taak yeuh, sagala usaha tos di lakukeun.
>
> Budak kuring umurna geus rek nincak opat taun,
> nepi ka umur sataun, taya masalah nanaon dina hal miceun
>
> Waktu budak umur nincak dua taun, kakara aya masalah dina miceun, budak teh
> kotoran na rada kimpel jeung hese kaluarna.
> Terus kuring konsultasi ka dokter, nya ti harita kuring jadi wawuh jeung
> "Dulcolac".
> Diet makan keur budak ku kuring di terapkeun nurutkeun pituduh dokter,
> isuk-isuk cukup ku susu jeung agar-agar, atawa sabangsaning yogurt, nembe
> tabuh 12 siang di pasihan emam (bubur) jeung sayur-sayuran, teu hilap
> buah-buahan mah. Yakult rutin sadinten sakali dipasihan. komo cai herang
> mah sering pisan...
> Sadinten dua dinten lancar miceun na, tapi teu kungsi lami, panyakit sesah
> miceun na kambuh deui,
>
> Curiga lepat susu, nu harita kuring masihan "Dumex", ku kuring di gentos
> susu na ku chilmill/chilkid,
>
> nembean mah leres miceun na teh, tapi lami-lami kitu deui wae, malihan
> curiga bilih susuna kimpel teuing , ku kuring di enceran,
>
> Panasaran, kukuring digentos deui wae ngangge "pediasure" nyakitu ngan ukur
> mimitina hungkul, tah ayeuna tehdipasihan ku "Anmum child", ngan kitu
> ngawitan hungkul, kaditu na mah angger deui wae.
>
> Teu sirikna kuring beak dengkak, geus usaha satekah polah, sering pisan
> kuring konsultasi ka dokter anak, ngan kitu tea wae solusi na ukur balik
> deui ka dulcolac, atanapi glycerin (nu diasupkeun ka na dubur). Tapi kan
> bahaya pami terlalu sering mah komo deui budak masih balita.
> Malihan kantos di-rongsen sagala, saurna aya penyempitan usus sakedik.
> teras diterapi obat. saurna teu serius sabab ku ngagedean na budak otomatis
> usus bakal ngilu gede.
>
> Pami ku kuring ditalungtik, ternyata budak teh dina poe kahiji anu kuduna
> geus waktuna miceun, ternyata teu aya rangsangan mules hoyong miceun, janten
> wae miceun na dina poe kadua atawa kadang poe katilu. dugi ka kotoran na
> ageung tur teuas.
>
> Kadang kuring sok hayang ceurik mun ningali budak geus kabebeng,  karunya.
> sabab kotoran na  leuwih-leuwih ti gedena ising kolot. kantos ku kuring
> diukur, diameterna nepi ka 3.5cm, jaba teuas. kuring nepi ka ngabirigidig
> ...nanging can kantos upami dugi ka kaluar darah mah.
> Jadi asa mustahil pami aya penyempitan usus, ari kotoran bisa sakitu gedena.
>
> Ayeuna nuju diterapi teu emam nasi, minangka karbohidratna ku kentang wae
> unggal dinten. ditambih sayur sareng lauk. ditambih vitamin fruit 18 unggal
> enjing (kapsul) mangrupa 18 macem sari buah-buahan jeung sayur. Teu indit ka
> dokter, bosen....sabab kitu-kitu keneh wae, duit mah teuing geus sabaraha
> juta dibikeunan ka dokter...
>
> Ayeuna kuring tinggal tawakal na wae. kuring mah tinggal masrahkeun wae kanu
> Ngatur ...
> Usaha parantos, tinggal doa jeung tawakal...
>
> Baraya, bilih aya pangalaman nyanghareupan budak model kieu. mangga japri ka
> kuring pangalaman na. insya allah mangfaat pisan kanggo kuring.
>
> Wasalam
>
> Abu Hana
>
>
>
>
>
>
>
> "
> ________________________________
> Apakah saya bisa menurunkan berat badan?
> Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! "
>
> ________________________________
> Dapatkan nama yang Anda sukai!
> Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.
> 

Kirim email ke