Enya kitu kang Dud, keun we ulah saruana da tos pasti nu hade bakal katingali hadena nu goreng bakal katingali gorengna. Awal akhir pasti bakal narima wawales tina naon2 anu pernah dipilampahna da didunya mah hukum sabab-akibat.....
Simkuring gaduh pangalaman anu sarupa, harita simkuring masih keneh sakola di SMA. Pondok carita, waktu simkuring mulang ti sakola keur jongjon leumpang jol aya nu ngabongohan nonjok pipi beulah katuhu nepi ka biwir simkuring soek keuna kana huntu, bari reuwas jeung nyeri kuring terus taki2 bisi diserang deui...ari pek lobaan anu rek ngaraponan sim kuring, satekah polah anu akhirna bisa ngaluarkeun jurus cibarusah jeung kidang kancana nya salamet nepi ka imah. Singhoreng eta jalma teh anu pernah katohyan ku simkuring rek UNIKO panyangkana kuring anu ngabolekerkeun kalakuan maranehanana. Heuleut saminggu tiharita simkuring ngadangu beja jalma anu pangheulana neunggeul simkuring asup ka RS alatan aya nu ngagebugan nepi ka parna tatunateh da cenah dijait sagala tapi duka enya henteuna mah da sumkuring teu pernah panggih deui ti saprak harita teh. Jadi simkuring yakin kana naon2 anu dipilampah di dunya ieu bakal aya hasilna anu karasa ku diri anu ngalampahkeunana. --- On Tue, 11/25/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [Urang Sunda] kang deny suwarja kamusibatan To: [email protected] Date: Tuesday, November 25, 2008, 11:13 PM pan... euuummmm.... njiisss.... hmmmmm..... untung malekat mah bageur, lamun nasteung oge jigana sarua tah maneh di ka riow sawelas-keun. sanes kitu kang sur? eh ari riow sawelas teh naon? stpd? stip? eh eta mah euweuh hubunganna jeung guru nya? boa-boa spg? mun spg aya keneh kitu? keur mang denyy, kuring ngiring tunggara, nalangsa... sedih.... na pedah propesi guru mah keur kalolobaan manungsa indonesia masih jadi pilihan panganggeusan kitu, sajajar jeung propesi politikus? nepi ka rea guru nu peupeuleukeuk? doana mah, mugya sing kabeh guru model mang denny, nu nyepeng idealisme-na. .. mungya guru model baturna mang denny eta sing geura sirna, musna... sing enggal cageur mang -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ On Tue, Nov 25, 2008 at 2:44 PM, irpan rispandi <mr.rispandi@ gmail.com> wrote: lamun nurut keun nafsu mah,kuring hayang ngabelaan kang Denny, ya minimal mangmaleskeun neunggeul pa guru IM deui lah. Teu kudu parah ah karunya, cukup tulang tengkorakna retak we jeung sukuna pateuh, pendarahan di organ dalam we saeutik sabab ka tojos tulang iga anu potong. (sadis amat he..he..he.. )

