punten ah, ieu mah memang kuringna nu geblek we meureun nya, bade naros.
pertanyaan kahiji: ari najis teh naon?
nanya kieu teh bawaning ku bingung we, salila ieu kuring mah sok pahili
antara najis jeung haram. contona dina masalah anjing, cenah nu
diharam-daharkeun dina qur'an aya tilu rupa, khinzir, bangke, jeung
geutih... tah terus aya deui nu ngomong anjing ge haram didahar. tah nu jadi
permasalahan, haram-daharna daging anjing ieu teh naha gara-gara: ciduh
anjing teh najis... atawa aya katerangan sejenna.
mun maca seratan kang nana di handap kuring boga cicindekan... aya tilu rupa
kombinasi haram-najis nu geus kapanggih contona:
1. nya haram nya najis : contona: geutih
2. haram tapi teu najis, contona khamr, bangke
3. teu haram, teu najis, contona: amdk
tah nu kaopat-na nu teu haram, tapi najis... can apal... cai mani? cikesang?
pertanyaan kadua kuring... naon bedana najis jeung haram?

On Wed, Nov 26, 2008 at 11:51 AM, Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]>wrote:

>    http://rakaraspati.blogspot.com/
> http://raspati.wordpress.com/
>
>
> Asal hukum sakabeh Dzat Suci nepikeun ka aya dalil nu mertelakeun yen eta
> dzat najis.
> Dzat-dzat anu kotor saperti leutak sawah, oli jeung sajabana teu
> mangrupakeun najis.
>
> Di handap ieu aya sababaraha dzat anu sering dianggap najis tapi sabenerna
> teu najis.
>
> 1. Mani
> "Al qomah jeung Al Aswad nyarita, 'aya saurang jalma nu pernah mampir ka
> Aisyah. Dina mangsa isuk-isuk, Anjeuna keur
>
> nyeuseuh bajuna. Aisyah nyarita : 'Saestuna cukup keur maneh pikeun
> nyeuseuh tempatna (nu keuna ku mani). Mun maneh teu
>
> nempo mani, kecretan sakurilingna. Kaula geus pernah ngorek-ngorek mani
> tina pakean ROsululloh sholallohu 'alaihi
>
> wassalam, terus Anjeuna sholat make pakean eta" (Shahih Muslim No 288)
>
> Imam Ash Shon'aniy nyarita dina subul As Salam yen para ulama syafi'iyyah
> nyarita : hadits-hadits nu ngumbah mani lain
>
> dalil ngeunaan najisna mani tapi ngan saukur netelakeun yen ngumbah mani
> mangrupakeun hal anu sunnah (mandub)
>
> 2. Minuman Khamr
>
> Di antara ulama anu nyebutkeun yen khamr najis dumasar kana QS Al maaidah
> :90,
> "Hey jalma anu ariman, saestuna khamr, judi, tapekong, (ngundi nasib ku)
> panah kaasup najis tina kalakuan syetan...."
> Najis nu dimaksud didieu lain najis sacara hissiyah (dzat) tapi najis
> hukmiyah (maknawi). Mun Khamr dianggap najis
>
> tangtu judi, tapekong jeung panah oge kaasup najis. Padahal henteu kitu.
>
> Syaikh Husain bin 'Audah Al 'Awasiyah nyarita,"Kitu oge Nu haram teu kudu
> jadi najis. Mun henteu, tangtu jadi najis
>
> indung, anak awewe, lanceuk awewe, jeung bibi lantaran Alloh ngadawuh dina
> An Nisa ayat 23 :
> "Diharamkeun pikeun maraneh, indung-indung maraneh, anak-anak maraneh nu
> awewe, dulur-dulur bapa maraneh nu awewe....."
>
> 3. Kotoran sato nu bisa didahar
>
> Sato-sato sabangsa hayam, bebek, embe, sapi jeung nu lianna nu bisa
> didahar, tai jeung kiih na teu kaasup najis.
>
> "Anas bin Malik nyarita : Aya sababaraha jalma ti Uroinah nu datang ka
> Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam. Tapi
>
> maranehna teu cocok jeung cuaca kota madinah. Rosululloh sholallohu 'alaihi
> wassalam nyarita ka maranehna "Mun maraneh
>
> arek indit, coba kaluar ka onta shodaqoh (hasil zakat) terus ku maraneh
> inum susu jeung kiihna" Maranehna ngalakukeun nu
>
> diparentahkeun, terus maranehna jadi sehat (Shohih Bukhari No 233 & Shohih
> Muslim No 1671)
>
> Mun kiih onta jeung sato sabangsana najis, tangtu Nabi sholallohu 'alaihi
> wassalam moal marentahkeun maranehna ngimun
>
> cikiih onta, lantaran moal mungkin Nabi sholallohu 'alaihi wassalam nitah
> nyiar ubar ku barang anu najis sakumaha ucapan
>
> Abdullah bin Mas'ud :"Alloh moal ngajadikeun ubar tina naon-naon anu
> diharamkeun ka maraneh" (Al Bukhori dina kitab AL
>
> Asyribah)
>
>
>
> 4. Bangke sato nu euweuh getihan.
>
> Nabi sholallohu 'alaihi wassalam ngadawuh :'Mun laleur ragrag kana cai
> nginum saurang di antara maraneh, gancang
>
> lelepkeun terus piceun. Lantaran dina salah sahiji jangjangna aya panyakit
> jeung dina jangjang nu lainna aya obatna'
>
> (Shohih Bukhori No 3320)
>
> Ibnu Hajar Al Asqolaniy nyarita :"Hadits ieu dijadikeun dalil yen cai nu
> saeutik teu jadi najis lantaran ragragna sato
>
> nu euweuh getihan nu ngalir dina cai" (Fathul Bari)
>
> 5. Getih salian ti getih haidh jeung nifas
>
> Al Miswar bin Makromah nyarita :
> "Kuring pernah asup bareng jeung Ibnu Abbas nepungan Umar nalika anjeuna
> ditubles. Terus kami nyarita "Waktu sholat geus
>
> datang" Umar nyarita, "Saestuna euweuh bagian tina Islam pikeun jalma nu
> ngalalaworakeun sholat" Terus anjeuna sholat,
>
> sedeng tatuna ngucurkeun getih (HR Abdur Rozzaq, Daruquthniy jeung Ibnu Abi
> Syaibah)
>
> Naon anu dipigawe ku Umar Rodhiallohu anhu netelakeun yen getih salian
> haidh jeung nifas teu kaasup najis
>
> 5. Utah Manusa
>
> Euweuh dalil anu shahih anu netelakeun yen Utah manusa kaasup najis.
> Sakumaha nu disebutkeun ku Ibnu Hazm (Al Muhalla)
>
> jeung Imam Asy Syaukaniy (Ad Duror Al Bahiyah)
>
> 6. Kesang jalma junub jeung awewe haidh
>
> Ti Abu Hurairah,
> "yen nabi sholallohu 'alaihi wassalam pernah nepungan manehna dina sawareh
> jalan jalan kota madinah, sedeng manehna (Abu
>
> Hurairah) junub. Terus kuring mundur ti Nabi sholallohu 'alaihi wassalam.
> Terus Abu Hurairah indit mandi, terus manehna
>
> datang. Nabi sholallohu 'alaihi wassalam ngadawuh "Dimana maneh tadi ya Abu
> Hurairah?' Jawab Abu Hurairah "kuring tadi
>
> junub, kuring ngewa mun kuring maturan Anjeun diuk bari teu suci. Nabi
> sholallohu 'alaihi wassalam ngadawuh :"
>
> Subhanalloh, saestuna saurang muslim teu najis" (Shohih Bukhari No 283 &
> Shohih Muslim No 372)
> ._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke