Alhamdulillah, Wa Aang tos ngawitan aktip deui.. Naha kamana sajah, sayah neangan Wa aang, dicoba di-seurt dina Google euweuh....dicoba dipilari data bes suwung, epi ka dukun ditanya, teu apaleun, boa boa yeuh... nepi ka Sirnaraga diteangan, dibacaan hiji-hiji tetela euweuh.
Heueuh syukur ayeuna geus datang deui.. Sok kadinyah geura makalangan deui...mun teu salah dongeng Beo teh kakara seri ka tujuh... geus aya deui ? kudunamah aya, da Beo na geus 5 taunan kitu pasti geus boga anak, tah Anak-anak Beo ieu pasti aya dongengna.. Terus Dongeng Maung, dongeng Kabayan narima lamaran, naon deui nya ???.. Sok tah aya saingan ayeunamah diantawisna Kang Syam Ridwan Aya keneh dongeng anu "A" wungkul ? Der ah....... Wasalam Mamat Rachmat mantan jajaka kapaksa --- In [email protected], Aang Wahyono <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > --- On Wed, 11/26/08, Aang Wahyono <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > From: Aang Wahyono <[EMAIL PROTECTED]> > Subject: Re: [Urang Sunda] urang sunda di IT > To: [email protected] > Date: Wednesday, November 26, 2008, 12:00 AM > Ass.wr wbr > Alhamdulillah, mimiti poe ieu uing bisa nepungan deui baraya urang sunda di Kusnet. Ieu teh teu leupas tina jasana Wa Sas,MJ jeung Jang mamat Rahmat Kukituna, kanggo Wa Sas hatur nuhun kana bantosanana,akang ngarasa bagja bisa ulubiung deui di Kusnet sanggeusna aya kana 5 taunna tara campur gaul jeung baraya Kusnet,

