Pikiraneun
Ditulis ku Kebo Hideung  #Griya Mitra Batik Nop2008

“Kunaon atuh Riweuh…katempo teh jiga nu keur boga kasusah?  tanya Mang Utas 
bari ngajantreng hareupeun si Riweuh
“Enya Kang Riweuh mah..mani mapantes karep, eta ngahuleng bari nanggeuy gado 
nuju ngemutan naon atuh Kang?�  sambung Jang Alo

“Hmmm…puguhan
Mang, kuring teh keur nete semplek nincak semplak, keur sagala salah
lengkah, kitu salah kieu lain, teuing kunaon ieu teh Lo…keur bingung
uing teh.�  tembal si Riweuh.

“Ari kitu kunaon atuh Kang Riweuh teh?�  taya Jang Alo bangun anu panasaran.
“Kapanan Jang Alo oge apal, basa kamari uing nyobaan dagang cireng, acan oge 
payu tanggungan dagangan cireng amang paburantak.� 
“Ari kitu paburantak kunaon Riweuh?�  Tanya Mang Utas.

“Eta
Mang…basa kuring nguriling ngadagangkeun cireng, dijalan kasenggol
motor barudak sakola, anu keur ugal-ugalan..tah siku jeung tuur
dowang…geus puguh dagangan mah awur-awuran kana solokan.� 

“Innalillahi…keuna
musibah atuh nya,… keun Riweuh sing sabar, sing tawakal mana kitu oge
anjeun keur dicoba kunu Maha Kawasa, ayeuna mah tong loba ngahuleng
anggur mah lobakeun ngadu’a  ngarah digampangkeun sagala urusan.� 

“Mang
Utas…geus kurang kumaha ngadu’a mah unggal beres sholat kuring ngadu’a
tiap rek indit digawe kuring ngadu’a, cindekna tiap kuring inget pasti
ngadu’a..tapi asa can dikabulkeun du’a kuring teh� 
“Ari ingetna sabulan sakali mah atuh percumah Kang…�  sambung Jang Alo
“Hisssssss…teu sabulan sakali atuh Lo..!� 

Barang keur guntreng kitu, torojol aya Jang Ustad ….

“Assalamu’alaikum….�  
“Wa’alaikumsallam…..aeh kabeneran aya Jang Ustad..�  
“Aya naon kitu Mang mani asa daria pisan.. eta Kang Riweuh nuju teu damang? 
Raray kaningalina siga pucet kitu.� 
“Muhun
Jang..si Riweuh teh nuju gering bathin, ceunah mah keur nete semplek
nincak semplak, geus ngadu’a bulak-balik can aya anu dikabulkeun
ceunah.� 

“Oh..kitu Mang…kieu we atuh Kang Riweuh, kuring boga riwayat, ngeunaan du’a anu 
teu dikabulkeun.� 

“Cikan kumaha tah Jang Ustad…� 

“Kieu Mang… basa Ibrahim bin Adam ra pidato, ditaros ku jalmi balarea ngeunaan 
firmah Allah SWT, anu unina kieu :

Berdo’alah kepada Ku, niscaya Aku kabulkan untukmu.

“Pertarosan
jalmi-jalmi basa harita oge teu benten tebih ti pertarosan Kang Riweuh,
ceunah padahal urang teh geus ngadu’a ka Gusti Anu Maha Suci, tapi
geuningan kunaon teu dikabulkeun?� 

Tuluy Ibrahim bin Adam ra ngawaler kieu :
•    Anjeun geus ngalarti ngeunaan Allah, tapi kunaon aranjeun teu taat?
•    Anjeun maca Al-Qur’an tapi kunaon anjeun teu ngamalkeun eusina?
•    Anjeun ngalarti ngeunaan setan, tapi kunaon anjeun kalahka nuturkeun 
kahayang setan?
•    Anjeun ngaku cinta ka Rasulullah, tapi kunaon anjeun ninggalkeun sunnahna?
•    Anjeun ngaku cinta ka syurga tapi kunaon anjeun teu ibadah?
•    Anjeun ngaku sieun ka naraka, tapi kunaon anjeun ngalakukeun perbuatan 
dosa?
•    Anjeun apal tur ngarti yen maot teh bakal karandapan, tapi kunaon anjeun 
teu nyiapkeun keur bekelna?
•    Anjeun sibuk nguruskeun kagorengan batur, tapi kunaon anjeun teu 
merhatikeun kagorengan diri sorangan?
•    Anjeun ngadahar rezeki Allah, tapi kunaon anjeun teu bersyukur?

“Mangga we ayeuna mah ku Kang Riweuh emutan, mudah-mudahan sagala pamaksadan 
akang dikabulkeun.� 

“Euhhh..nyaan atuh mun kitu mah kaharti, paingan atuh du’a kuring can 
dikabulkeun…


      Get your new Email address!
Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/sg/

Kirim email ke