Kadang wargi sadaya, sim kuring seja tumaros :
1. Lamun urang seja nulis buku panduan/ /manual book /ngeunaan teknis 
tatanen jeung miara ingon-ingon alusna make basa sunda (dibarung ku 
alesan) :
a. lemes
b.kasar
c.loma



c. loma

meureun teu kudu make kategori eta, tapi sakumaha cek kang Dian TN, conto we
basa sunda media citak. bisa ditoong di galura, mangle, cupumanik atawa
buku-buku teks nu make basa sunda. palebah ngabedakeun e, mangle jeung
galura asana  teu make pangbeda, cupumanik make.

2.Kumargi sasaran buku panduan iyeu patani/ cacah kuricakan saena 
(dibarung ku alesan) ;
a. basana ringkes tur basajan dibarung ku gambar prak-prakan anu eunteup 
seureuh (basa ilmiah/ asing tong dipidangkeun)
b. basana ringkes tur basajan dibarung ku gambar prak-prakan anu eunteup 
seureuh (tapi basa ilmiah/ asing dipidangkeun)
c. basana ringkes tur basajan teu kudu make gambar



b. oge, hade mun seug aya hiji tatangkalan, ngaran latinna aya, oge ngaran
nu has di tiap wewengkon, utamana nu beda.

siga ganas jeung danas. haha. bari sebutkeun wewengkon numake basa eta. 


3. numutkeun para wargi, lamu aya basa deungeun anu tos loma/ dipake ku 
urang tapi aya basa sarua (padanan kata) dina basa sunda alusnana 
(dibarung ku alesan) ;
a. make basa deungeun langsung
b. make basa sunda dibarengan dina kurung ku basa deungeun anu geus loma
c. make basa sunda wungkul



b. sangkan apal basa urangna jeung bisi aya patani un teu wawuh basa
deungeuna


4. Dina buku engke aya ngeunaan ukuran ukuran alusna (dibarung ku alesan):
a. ditulis geus baku - saluyu aturan nasional/ internasional
b. ditulis ku satuan nu geus dipikawanoh ku (tumbak, bata, jeungkal, jrrd)
c. ditulis ku satuan nu geus dipikawanoh ku (tumbak, bata, jeungkal, 
jrrd) dibarung ku satuan nu geus baku - saluyu aturan nasional/ 
internasional



c. oge

 

 



Kirim email ke