Sawangsulna nuhun Mang. 
Owh, tugas2na teh kitu nyaa… nembe dicobian tapi utag atog keneh. 
Lami-lami mah InsyaAllah lancar.

Ka team sukses (bari culang-cileung ka nu nyurakan…prok-prok… 
switswiiiiww…), diantos di Lanud Sulaeman, kaleresan sok netepan di 
ditu. Tapi nya kitu tea seueur unak-anikna,janten lami…aya pidato 
Komandan heula…laporan itu ieu heula…nembe shalat Ied, maklum tuda 
di wewengkon tangtara. 

Ke ba'da shalat Ied, acara mareuncit domba & sapi. Mangga bilih bade 
kalurban mah nyandak we sewang-sewangan. Ke pami nyate, abdi 
ngiringan nyeepkeunana nyaaa… hehehe.

ro2


--- In [email protected], "mangjamal" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> nuhun ka teh Roro. ayeuna e-mail teh Roro nu di @yahoo.com tos 
diset
> janten moderator alias kuncen.
> 
> 
> posisi e-mail kang Iim @yahoo.com, angger kuncen oge. 
> 
>  
> 
> jadi wawakil sumedang aya duaan, tapi kang Iim nuju teu aktif.
> 
>  
> 
> wilujeng ka teh Roro.
> 
>  
> 
> rada nyita waktos sakedik tugas kuncen teh, diantarana:
> 
>  
> 
> ngecek surelek/e-mail nu masih pending atanapi spam di
> groups.yahoo.com/group/urangsunda
> 
> upami nu anyar, nya parios heula eusina, bilih teu luyu sareng 
urang
> sukaluyu.
> 
> upami aya waktos mah,  e-mail anyar atanapi asing, parios heula
> eusina, upami teu pikasaeeun nya didelete
> 
> standar pikasaeun-henteu, ngangge standar manah urang sukamanah
> 
>  
> upami iklan hardcore/porno/seks-biasana ti luar, jsb, langsung di
> bannned, atanapi e-mailna di removed
> 
>  
> teras di kotak ”member”, e-mail nu masih moderated- nu tos
> wanoh,jentre saha-sahana, seratanana teu matak nyieun kahuruan, di
> unmoderated
> 
>  
> 
> ----
> 
> masih aya lembur ukuran kabupaten ti tatar sunda nu can kawakilan, 
> 
> cianjur
> bekasi
> karawang
> sukabumi
> purwakarta
> subang
> indramayu
> cirebon (kang Ismail Rahman, nu ngadamel milis ieu, teu aktif)
> majalengka
> banten (lebak, serang, pandeglang, jrrd)
> 
>  
> 
> afrika
> amerika kalerâ€"kidul
> timur tengah
> eropa wetan
> 
>  
> 
>  
> 
> kanu kersa, jeung kawit ti lembur eta mangga ngacung
>


Kirim email ke