--- In [email protected], "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ti Anas Rodhiallohu 'anhu, anjeuna nyarita, "kuring geus kumaula ka > Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam di Madinah salila sapuluh taun ti mimiti kuring masih budak. Teu sakabeh urusan nu ku kuring dilakukeun sakumaha nu dilakukeun ku babaturan kuring nu sapantar. Salila sapuluh tahun eta, Anjeuna teu pernah ngucap 'Uf'('Ah') sakali oge ka kuring. > Anjeuna teu pernah nyarita ka kuring. "Na Kunaon silaing ngalakukeun > ieu?" atawa "Lainna silaing teu meunang ngalakukeun ieu?" (HR Abu Dawud No 4774, dishahihkeun ku Al Albani)
Kang Nana, oge nu sanesna, kumaha upami tarjamahan eta hadist teh sapertos kieu: Ti Anas Rodhiallohu 'anhu, anjeunna cumarios: "Sim kuring kumawula ka Rosulullah sholallohu 'alaihi wassalam di Madinah salami sapuluh taun, ti ngawitan sim kuring masih budak. Teu sadaya urusan nu ku sim kuring dilakukeun sakumaha nu dilakukeun ku rerencangan sim kuring nu sapantar. Salami sapuluh taun eta, anjeunna teu kantos ngedalkeun 'Ah' sakali oge ka sim kuring. Anjeunna teu kantos nyarion ka sim kuring, "Na, ku naon silaing ngalakukeun ieu?' atanapi 'Lain, pan silaing teh teu meunang ngalakukeun ieu?' (HR Abu Dawud No 4774, disahihkeun ku Albani). Nyanggakeun... Wallohualam... Baktos, MGT

