Punten ah, bade ngiring mairan. Upami diaos tina artikel di handap atanapi sumber sanesna anu kapendak ku sim kuring, leres peuteuy (Parkia speciosa) teh kalebet famili Fabaceae. Nami sanes (sinonim) famili Fabaceae teh nyaeta Leguminosae. Famili Fabaceae atanapi Leguminosae ieu ngagaduhan anggota tutuwuhan sarupaning kacang-kacangan (anu buahna dibentuk dina lebet polong), sapertos suuk (Arachis hypogea), kedele (Glycine max, kacang panjang (Vigna sinensis), kacang hejo (Phaseolus radiatus), bangkoang (Pachyrrizus errosus) sareng sajabina, kalebet oge peuteuy ageung (Parkia speciosa) sareng peuteuy selong (petai cina atanapi lamtoro, nami spesiesna: Leucaena glauca). Wangsul kana perkawis Mimosoidae, eta mah pan tos disebatkeun sabage sub famili tina Fabaceae, janten sanes nami Famili. Conto sanes Mimosoidae nyaeta putri malu (Mimosa pudica), punten hilap deui nami sundana (jukut riut kitu?), tutuwuhan anu ngagaduhan cucuk anu upami ditoel daunna teh langsung ngariut. Mung sakitu bae, punten panglereskeun bilih aya anu lepat ti sim kuring.
Wassalaam, Kikin tibogor --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, utamana tukang wiki, ceuk wiki Sunda mah peuteuy teh kaasup > kana famili Mimosoidae, sedengkeun ari ceuk wiki Inggris mah cenah aya > dina family Fabaceae. > > Cing ka tukang Biology ari eta dua family teh sarua atawa beda? > > salam, > mh > > ======= > wiki SU: > Peuteuy, (Parkia speciosa) mangrupakeun tutuwuhan ti kulawarga > peuteuy-peuteuyan (Fabaceae), sub kulkawarga peuteuy-peuteuyan > (Mimosoidae). Tutuwuhan ieu sumebar lega di Indonésia bagian kulon. > Sikina, anu disebut "peuteuy" ogé, didahar sabot masih ngora, boh atah > boh dikulub. > [http://su.wikipedia.org/wiki/Peuteuy] > > wiki EN: > Parkia speciosa (petai, sataw, twisted cluster bean, yongchaa, > yongchaak, zawngtah or stink bean), is a plant of the genus Parkia in > the family Fabaceae. It bears long, flat edible beans with bright > green seeds the size and shape of plump almonds which have a rather > peculiar smell, characterised by some as being similar to that added > to methane gas. > [http://en.wikipedia.org/wiki/Parkia_speciosa] >

