--- On Fri, 11/28/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Ki Otto Nagarawan picontoeun
To: "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Friday, November 28, 2008, 2:52 AM
Sundana anu tepat pikeun Negarawan naon na ?
Ku margi US nyundakeun Negara jadi Nagara, nya atuh kuring ge nyebut Negarawan
teh Nagarawan we, manawi teu lepat2 teuing.
Tah carita nu rek diguar ku sim kuring teh, nyutat ti na Sajarah Eropa, anu
panginten
seueur nu langkung ahli ti batan sim kuring; seueur nu langkung apal; tapi da
rupina
moal aya, sahenteuna saayeunaeun nu bakal nyeratkeun ieu carita.
Tah naon sababna sim kuring ngalungkeun ieu tulisan ? Lantaran kuring asa
kagoda ningal seratan presiden Telatan ; aeh punten teladan. Teladan teh
panginten picontoeun upami teu lepat mah. Manawi we aya mangpaatna , manawi.
Ieu mah sakadar mengingatkan tea cenah cek basa Indon mah.
Otto Von Bismarck teh jelema pinter kapercayaan Kaisar Wilhelm I di Jerman, mun
di Prancis samodel Richelieu tea meureun nu bisa ngawangun Prancis nepi ka Gede
sa Eropa keur zamanna.
Ari Otto von Bismarck bisa ngawangun Nagara leutik pecahan Empirium Austria
Hungaria nepi ka jadi Nagara gede ngimbangan Prancis, nu harita kaceluk nagara
gede sadaratan Eropa mah, teu kaasup Inggris, lantaran Inggris mah kapan misah
daratna. Ieu meureun salah sahiji sabab Inggris leuwih langgeng teh, salian ti
Manajemenna alus.(re Kang Waluya)
Nagara leutik dimana si Otto cicing, nya eta Prussien atawa Prussia. Harita nu
ngawasa
Karajaan Prussia teh Wangsa Hohenzolern. Ngabangun Nagara jadi Nagara Merdeka,
lantaran Perang Agama tea antara Protestan lawan Khatolik ( perang 80 taun); tah
nya muncul Karajaan2 leutik di empirium Austria Hungaria teh, antarana nya ieu
Prussia.
Nepi ka Kakawasaan Kaisar Austria Hungaria ngaleutikan; ieu oge ku sabab
dibantu ku Prancis ? Padahal Prancis teh Khatolik; tapi da ieu mah Politik,
Prancis nu dipimpin ku Kardinal Richelieu hayang nempo Prancis jadi panggedena
sa Eropa; ari sainganana nya eta Wangsa Augsburg di Austria; Prancis harita
Wangsa Habsburg. Padahal mah sakaturunan ; nya eta asal nagara Frankis tea,
asal ti Romawi.
Pondokna carita Merdeka we tah si Prussia teh. Tapi sanggeusna merdeka kaciri
Wangsa Hohenzolern teh majuna pesat pisan, atuh Prancis teh kacida sieunna
bisi2 ieu Nagara teh jadi rival Prancis; nya diojok2 si Austria pikeun nyerang
Prussia, bari diimplik2an bakal dibantuan ku Prancis.Geus kitu teh der deui
Kaisar Austria Hungaria teh ngangajak Russia milu ngamusuhan Prussia, bari
diimplik2 bakal dibere daerah kakawasaan . Atuh Russia ge kawujuk der deui
pipilueun ngamusuh ka Prussia!
Atuh Prussia teh ripuh diserang ti ditu ti dieu .
Untungna wae harita Prussia teh dipimpin ku Raja Genius, nya eta Friedrich atawa
Frederik. Nu bisa apal ka na taktik perang Napoleon Bonaparte; atuh masing
dihurup ge perangna teu weleh meunang. Ngan orokaya masing meunang ge; da musuh
teh teu kapok2 der deui nyerang deui, da ka Nagara leutik tea; sedeng anu
dilawan tiluanana kaceluk Nagara Raksasa zaman harita; atuh lila2 mah posisina
teh ripuh pisan. Sarua we hiji Ceetah ngalawan Gajah+Badak+ Banteng !
Untung Inggris ujug2 ngumumkeun ngabela Prussia!!! Atuh nya si Austria teh rada
hemar hemir, da rada gimir tah si Ostria teh ari ka Inggris mah. Geus kitu teh
aya beja deuih, yen Nagara2 laleutik bakal milu bebela ka Prussia; atuh
satengah kapaksa bari jeung rarasiahan nyieun perjangjian sorangan jeung
Prussia. dame we cenah.
Russia teh akhirna nyahoeun yen Austria rerencepan geus gencatan senjata jeung
Prussia; atuh gancang deui si Russia ge nyieun perjanjian sorangan jeung
Prussia; da sieun dibales; lantaran sababaraha kali perang eleh wae Russia teh.
Ari Prancis, nempo sakutuna nu dua geus malundur ti na palagan, ngarasa
ringrang oge; komo ayeuna Inggris ngabela Prussia; cacakan sorangan oge;
Prancis teh sering ngalaman eleh ku Prussia teh; da nyatana turunna Elmu Perang
Napoleon Bonaparte teh lain ka Napoleon III tapi ka Fridrich.Atuh kapaksa era2
ge Prancis teh ngajak dame oge ka Prussia. Dimana kabehanan oge perjangjianana
teh teu ngarugikeun Prussia.
Tilu Nagara najan dina eta perjangjian teu ngaluarkeun ongkos naon2; tapi nya
era we.
Ti harita si Friedrich teh dibere gelar Friedrich der Grosse; atawa Frederik
the Great.
Tah masing enya ge Prussia salamet teu leungit ti na peta Eropa; tapi Nagarana
ancur, lantaran beak duit; malah loba hutang ; utamana ka Inggris, jeung nagara
tatangga sejenna.
Tah di na waktu eta pisan Otto teh hirupna, di na mangsana Kaisar Wilhelm I
marentah.
Ku sabab manehna genius oge; eta Otto von Bismarck teh gancang pisan nerekel
pangkatna; nepi ka jadi Perdana Mentri pisan; pangkat pang luhurna keur sowan
mah; da moal bisa ari jadi Raja mah. Manehna dibere kakawasaan jeung wewenang
pikeun ngabereskeun nagara.
Otto von Bismarck boga cita2 luhur hayang ngamajukeun agarana saperti Prancis,
atawa Inggris. Ku sabab kitu manehna yakin yen Prussia bakal bisa mingpin
daerah nu baheulana jadi kakawasaan bangsa Goth; tapi pastina ge Kaisar Austria
Hungaria moal satujueun; anu tngtuna PERANG ! Ku sabab kitu nu pangheulana kudu
diwangun cek pamikir Otto von Bismarck, nya eta kudu nguatan Tentara ! Militer
! Terus we manehna teh ngajukeun Budget Anggaran ka Volksraad atawa Dewan
Rakyat waktu eta. Tapi ku Volksraad teh eta Anggaran teh sama sakali teu
disatujuan; ah cenah rakyat loba nu miskin; malah rek ngawangun Militer ! Boga
polo henteu tah , Perdana Mentri teh ? Kitu pamikir Dewan Rakyat harita.Dewan
Rakyat dibangun ku si Genius Friedrich der Grosse; da harita mah pan Raja teh
sakuliah dunya absolut pisan; euweuh we rakyat dibere sora sama sakali ! Tapi
ku pamikir Friedrich nu genius ( despot cerdas) eta dewan teh diayakeun; tah
engkena bakal ditarurutan ku sakuliah
Eropa.
Sanggeus ditolak kitu, naha Otto Von Bismarck mundur ?!
Henteu ! Malah terus ngayakeun pengumuman administrai Pemerintahanana ; nya eta
kabijakan Blud und eisen ( darah dan besi ); si Otto jalan tanpa dukungan Dewan
! atuh guyur jeung protes ti Dewan Rakyat ! Teu didenge ieuh terus we maju; mun
ayeuna mah meureun SOB tea ! Tah ti harita loba nggota Dewan ditangkep, terus
dituduhna make Hukum darurat Militer ! Atuh loba nu ditandasa jeung dihukum
pati ! Nepi ka Raja Wilhelm I manggil ka Otto Von Bismarck.
Dipayuneun Raja, Otto von Bismarck ngajelaskeun yen upama nurut ka Volskraad,
salian ti nurunkeun harkat Raja, oge Prussia moal maju, sedengkeun abdi Gusti
teh apanan gaduh tanggel waler kanggo ngamajukeun ieu Nagara. Raja teh eleh
deet, lain dihukum Otto teh, malah tambah digedekeun deui kakawasaanana !
Kumaha Otto von Bismarck? Ku nyekel ieu kakawasaan teh manehna teu gede hulu,
malah prihatin lantaran manehanan mah teu mentingkeun urusan pribadi, nu
penting manehna hayang nenjo Prussia maju !
Teu kungsi lila, Militer Prussia geus jadi modern di jaman harita; boga pasukan
Elite nu bisa dipercaya salian ti pasukan reguler. Atuh industri2 alat perang
ditingkatkeun; tapi salian ti eta Industri jeung perdagangan oge didukung
supaya maraju; da Senjata teh kudu ku duit cenah; jadi Ekonomi ge kudu maju !
Atuh salian ti Angkatn perang Modern Prussia oge mju ekonomina masing lalaunan
oge. Da anu diutamakeun mah nya eta Militer tea.
Otto ngabangun oge bala spion; nepi ka spion Prussia pang canggihna harita. Eta
para spion teh ditugaskeun nilik maju mundurna Nagara Eropa; jeung nilik
Angkatan Perangna.
Harita manehna nyaho yen si Napoleon III ti Prancis keur sibuk di na Perang
Krim, terus mucucud di na peristiwa Mexico, da sieun ku Amerika Serikat.Austria
ekonomina mundur.
Keur kitu kabeneran deuih, keur Otto von Bismarck, Denmark anexasi dua daerah,
anu masih aya bau2 ka Empirium Austria Hungaria; atuh sapada harita Otto von
Bismarck ngirim utusan ka Austria; yen kudu ngahukum si teu uyahan Denmarck;
teu nganggap pisan ka Kaisar cenah mapanas; tah mun Ostria arek merangan
Denmark; sok lah pasukan Prussia oge bakal ngabantu; tuman kudu diwarah tah si
Denmark teh !
Atuh Kaisar teh kacida benduna sapada harita ngirim pasukan , nu dibantu ku
Prussia. Caritana teu lila perangna Denmark teh eleh we terus we mayar ganti
rugi ka austria; henteu ari ka Prussia mah.
Memang teu untung naon2 Prussia waktu harita; tapi aya kauntungan sejen ; cek
Jendralna jeung cek telik sandina Austria teh geuning boga Tangtarana nu teu
disiplin pisan; santai tea meureun. Tah Otto Von Bismarck bungah pisan ngdenge
beja ieu teh. Nya der ngondang Raja2 laleutik di sakuriling Jerman Kaler yen
ayeuna urang bakal ngahijikeun Nagara di kaler, dipimpin ku Prussia. Lolobana
sacara prinsip nu sejen satujueun, tapi cenah masih hemar hemir sieun ku
Austria.
Ku sabab kitu Otto von Bismarck nyieun alesan pikeun perang jeung Austria; da
mun teu kitu mah moal bisa meureun ngajadikeun Persatuan Jerman kaler. Nya di
surat kabar nyieun we pangumuman gede pisan yen ayeuna Jerman Kaler geus
ngadeg. Atuh ngadenge beja kitu Kaisar Austria teh ngultimatum ka Prussia; yen
hartina Prussia nangtang perang.
Ku Otto eta ultimtum teh di eusikeun deui ka koran, atuh enyaan Kaisar Austria
teh ambekanan nepi ka ngumumkeun Perang. Atuh ayeuna mah aya alesan tah,
tentara Prussia teh gancang dikirim ka Austria pikeun merangan Austria; ari
Prancis harita ngahaja netral sabab di na pamikirna pasti ieu perang bakal
lila; tangtu Prancis bakal datang sabage juru dame nu bakal untung ti dua
pihak. Tapi bener cek si spion, ngan ukur
sa minggu Austria teh tantarana geus eleh, malah Wina ge bisa diranjah ku
Tangtara Prussia; atuh nya Ostria teh kapaksa nanda tangan perjanjian dame keur
kauntungan Prussia. Ti harita ngadeg we kekaisaran Jerman Utara dibawah
pangaruh Prussia; Raja Wilhelm I diangkat jadi Kaisar.
Otto von Bismarck kacida bungangangna, bungah amarwata suta, bungahna ka giri2;
tapi manehna tetep can sugema lamun teu acan ngahijikeun Jerman sagemblengna;
nya eta Jerman kaler jeung Jerman Kidul. Tapi lamun ngahijikeun eta; hartina
bakal Perang jeung Prancis !!!!
Cek para spion, cenah Prancis teh enya ge Nagara gede; ulah gimir, loba pisan
kalemahanana cenah, jeung euweuh Jendral nu genius model Napoleon Bonaparte;
tong sieun cenah. Ayeuna karajaan2 di Kidul geus narungguan dihijikeunana
Jerman sagemblengna, mun teu ayeuna iraha deui ? Kitu para Jendral ngagedean
hate Otto.
Otto nyieun deui alesan pikeun ribut jeung Prancis; nyieun karikatur2 ngeunaan
Prancis;
atuh Napoleon III Kaisar Prancis teh kacida keuheuleunana; nepi ka sering
ngancam ka Jerman Kaler; jeung ka Otto khususna. Tapi teu ditolih.
Na hiji mangsa aya warta di koran yen Napoleon III kacida bungahna , sabab
Jerman moal jadi cenah ngahijina; ku Otto von Bismarck digede gedekeun nepi ka
nyieun karikatur yen Napoleon III teh teu sarua jeung pamanna Napoleon
Bonaparte; nu ieu mar LOSER cenah ( pecundang = tukang keokan ); atuh ambek
pisan Napoleon III teh; terus ngirim iklan ka na koran eusina ultimatum ka
Jerman Kaler, yen lamun dina 3X24 jam Otto teu datang menta dihampura, hartina
bakal perang jeung Prancis. Otto lain sieun malah, eta warta teh dikorankeun
deui jeung disebar keun bari diimplikan yen Napolein III kacida sieuneunana mun
Jerman ngahiji. Atuh teu tata pasini deui Napoleon III teh langsung we
ngumumkeun perang ka Jerman ( kaler); padahal Dewan Mentri di Prancis teu
satujueun da cenah Prancis can siap perang.
Caritana der we perang; kakara ge 3 Minggu Napoleon III jeung 300000 pasukanana
diancurkeun di Sedan; terus nyerah ka pasukan Jerman; ti dinya Prancis dipaksa
kudu nanda tngan perjanjian dame nu ngarugikeun Prancis tur ngarendahkeun
martabat pisan; kakaisaran runtuh terus diganti jadi Republik.
Ari Jerman harita keneh ngahiji jadi Jerman sagemblengna.
Tah Otto von Bismarck teh hiji Nagarawan anu teu mentingkeun diri pribadi;
manehna estu gegedena digawe keur kapentingan NAGARANA; ti semet harita Nagara
Jerman jadi nagara panggedena sa dunya ( da harita Eropa teh wakil dunya ).
Abbas Amin