Manuk Dua rumaja keur bobogohan, bari lelenggeanÂ… Awewena : A, tingali manuk-manuk teh mani ngabring kitu! (Bari nunjuk ka beulah wetan) Lalakina : Aeh, muhun Neng, ni seueur kituÂ… Awewena : Jiganamah tos waktosna ngalih ka wewengkon sanes... Lalakina : Sanes Neng, etanamah nuju konvoi, pan ayeunamah usum pilkada.
Lagu Sunda Geus 4 lagu Sunda nu dipintonkeun ku hiji pengamen dina beus kota. Si Amin mani resepeun pisan, da hobina ngadengekeun lagu Sunda. Manehna kudak-kodok kana sakuna neangan duit kencring keur mere pengamen. Tungtungna ngaluarkeun duit Rp. 10.000,- "Kang, angsulan... Rp. 9.900,-"

