heuuu.....Kang Dedeng...jadi guru Photoshop atawa desain komunikasi visual
(DKV).

Diaman atuh jadi tukang nyieun jalam pinter teh?

jangdede
kuli di indofood

2008/11/29 dedeng Sutiana <[EMAIL PROTECTED]>

>     Heug atuh simkuring rek ngenalkeun diri …. ari wajib jeung emang encan
> mah (da rarasaan mah enggeus euy, tapi sugan waktu make OE tapi teu
> asup-asup tea meureun nya?) lah teu rugi iyeuh .
>
> Ngaran :
> Siga di KTP + Kartu Kulawarga mah = siga di email iyeu
>
> Patapaan :
> Jln. Tuparev Bantar Kawung 2 ( peuntaseun 'SAHABAT' dept. store) Karawang
> 41312
> Lebah tukangna mah angger masih SISI CITARUM anu coklat caina, euweuh
> laukna loba ari lentah mah, jero leuwina, jeung ……. Geus tara aya nu mandi
> buligir deui ayeuna mah (komo parawan mah).
>
> Telpon / Hp :
> 0267 (Enya kitu kode Karawang teh iyeu? ) mun salah mah keun weh loba urang
> telkom iyeuh di Kusnet mah paling oge di benerkeun mun teu bener mah +
> 406732, nya nomer HAPE na mah nu sok di babawa di kantong simkuirng nu
> jarang aya eusi duit komo bari loba mah 085217196562
>
> Pacabakan :
> Saayeuna mah iwal ti tukang kutak-ketik henteu bari kutak-ketok atawa
> kekeok mah, uprak oprek komputer tapi tacan torek jeng kabalinger mah.
>
> Ditambah jadi tukang ngawadul di jero kelas nitah budak sangkan pinter
> ngagambar, bari jeung nu nitahna mah teu pinter-pinter acan kanu ngagambar
> ari make kowas mah. Nya minimal lah barudah teh teu GAPTEK teuing kanu
> teknologi.
>
> Sakieu heula ah...
>
>
>
>
> ------------------------------
> Mulai chatting dengan teman di Yahoo! Pingbox baru sekarang!!
> <http://sg.rd.yahoo.com/id/messenger/pingbox/mailtagline/*http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/>
> Membuat tempat chat pribadi di blog Anda sekarang sangatlah mudah
>
> 
>

Kirim email ke