----- Forwarded Message ----
From: Nana Sutrisna <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, December 2, 2008 4:10:25 PM
Subject: nepangkeun
assalamualikum wrwb,
sampurasun...., nepangkeun simkuring pun nana wirana, padumukan di pondokgede
bekasi, sabaraha tahun kapengker mah simkuring teh kantos ilubiung di ieu
lembur sok sanajan ngan ukur noongan oge (kantos kabagian kaos kusnet damelan
mang jamal), maklum basa sunda na kirang pede. pun biang mah kawit ti
bandung, ari bapa mah ti cilamaya, asli pisan jawa barat nya ? hanjakal
simkuring mah dilahirkeun teh di batawi, remaja di batawi, geus kolot oge
angger di batawi, kukituna sihapunten bilih basana belang pisan.. ngariung di
kusnet teh nyaeta hoyong susundaan deui manawi kaangken. mangga urang
cekapkeun sakieu bae heula kekenalan teh, mugi kapayun sing tiasa aktif
posting sok sanajan kirang nyunda oge.... satuju ???
baktos
nana