Sigana mah ieu dongeng teh dimimitian dina mangsa jaman Nabi Enoh. Kacaturkeun alam dunya ngalaman banjir anu kacida badagna. Kukituna kabeh mahluk hirup kaabus sasatoan, diangkut-ditaekeun kana kapal (bahtera). Kusabab banjir teu bisa diteguh piirahaeun bakal ngurangan, aya kahariwang lamun dina kapal teh para panumpang baroga anak. Tangtuna kapal bakal katambahan penumpang, anu antukna bisa tilelep. Kukituna dijieun hiji kaputusan yen pikeun kasalametan, sakabeh "alat kelamin" kudu diteukteuk terus dikumpulkeun. Dina mangsana saat, kaum lalaki mah kaabus saatoanana anu pangheulana diteangan teh "gagaduhanana" tea. Kusabab leutik, bobogaan sireum mah sigana kacecer jeung katincakan. Cenah mah nepi kaleungitna pisan. Kusabab kitu, nepi ka ayeuna pisan lamun sireum patepung jeung sireum sok siga sasalaman, padahal mah silih harewos :"nu maneh geus kapanggih acan ......................"

