PARIBASA INGGRIS vs SUNDA
 
JUST BE YOURSELF
("Seureudkeun diri sorangan kana nyiruan") Jadi diri sorangan, mun ngarasa 
goreng patut kudu syukur, lantaran mun hade rupa bisi loba dosa hehehe .... 
  
THE RIGHT MAN IN THE WRONG PLACE 
("Jelema nu lebah katuhu, salah tempat.. kuduna cicing dikenca")
kasep/geulis jeung goreng patut eta gumantung kana lingkungan, misalna aranjeun 
didieu panggorengna, tapi bisa jadi di aprika mah 
pangkasepna/panggeulisna, matakna geura pindah ka ditu. 
 
DONT JUDGE THE BOOK BY THE COVER 
("Montong ngahukum buku make koper" ) Ulah pegat harepan, teu kabeh jalma nempo 
tina pisikna,  saha nu nyaho tina imahna, mobilna, pagaweanana, atau 
tabunganana 
 
LIKE FATHER LIKE SON
"Suka ka bapana, suka oge ka anakna" )
Tong nyalahkaeun sorangan mun goreng patut, salahkeun kolot wae sabab goreng 
patutmah da turunan.... bener pan? 
 
THE BEAUTY IS UNDER THE SKIN 
( "Jadi geulis mun geus ganti kulit" ) Omean inner beauty aranjeun, eta mun 
ngarasa sisi luar geus ancur teu katulungan deui....  
 
NO GAIN WITHOUT PAIN  
("moal meunang duit mun teu nyeri heula...jiga kuda lumping" ) tong nyeri hate 
mun dipoyokan goreng patut, cuek wae lah, inget film Beauty and The Beast pan?) 
  
THE TRUTH IS OUT THERE
("Nu ngajawab bener, meunang kaluar")
Inget basa keur SD euy... ehhehehe..... 
 
LOVE IS BLIND
("Micinta nu lolong")
Cinta mah teu nempo kasep atawa goreng, teu percaya? tanyakeun wae ka jalma 
goreng patut.  
Memang kasep/geulis mah relatip...tapi mun goreng patut mah MUTLAK  
 
punten bilih aya anu kasinggung,ieu mah mung heureuy we....  
nuhun nu tos maos paribasa nu ngacapruk ieu.... hidup goreng patut...!!! 


      

Kirim email ke