Kacaturkeun aya hiji istri anu tos nikah opat kali tapi masih keneh parawan. Wartawan Kusnet ngalakukeun wawancara ka anjeuna. Jawabananan, nikah anu kahiji sareng lalaki anu homosex cenah. Wajar ceuk pikir wartawan. Nikah anu kadua, sareng anu impoten. Ieu ge wajar. Anu katilu mah sareng insinyur. Si wartawan ngahuleng, "piraku insinyur teu bisa ngalakukeun kawajiban anu jadi salaki?". Si istri ngajawab:"insinyur ayeuna tea, teori wungkul teu tiasa praktek .....". Ari anu ka opat nikah jeung saha? tanya si wartawan deui. Anu ka opat mah sareng politikus. Ari politikus masalahna naon? tanya si wartawan deui. Ieu oge rada repot: " ngan saukur jangji jeung jangji wungkul................................."

