Omelet "Kang!...Kang Kabayan!" Nyi iteung kulantang-kulinting néangan si Kabayan. Ka kamar, ka tepas nepi ka gowah, suwung. Sihoréng keur gégéléhéan dina bangbarung di hareupeun imah. Disasarung kénéh, bari nyangigir, suku kénca ditumpangkeun kana tuur katuhu. Leungeun kéncana nyangkéh sirah, leungeun katuhu asyik ngorowék ceuli ku bulu hayam. Peureum beunta bakat ku nikmat.
"Tah geuningan si Borokokok téh! Ieuh Akang, isuk-isuk téh lain ka sawah, kalahka gégéléhéan! Cik geura, wayah kieu mah taneuh téh keur meujeuhna hipu, paculeun!"ceuk Nyi Iteung gregeteun. "Ih, si Nyai mah ngaganggu nu keur ngeunah ieu mah!Ké wé atuh rada beurang, tiris kénéh ayeunamah*"témbal si Kabayan bari angger ngorowék ceuli. "Puguh, ning kénéh isuk-isuk méh teu panas. Ari mbung mah, ngarit atuh!Jukutna keur meujeuhna rangu geura*", Nyi Iteung keukeuh ngolo. "Rangu, jiga kurupuk baé. Nya, ké wé sakalian balik ti sawah, tuluy ngarit. Barinagé domba mah tara sarapan lain?" Nyi Iteung teu nembalan, da biasana ge tara buru-buru dipigawé ku si Kabayan. Manéhna ngan saukur bisa ngarénghap rada tarik, maklum tuda boga salaki téh kedul béak karep, matak pikakeuheuleun wungkul. "Nya geus atuh, uing mah rék ka warung heula, meuli barang asakaneun!" "Rék ngasakan naon kitu Nyi?" "Omélét", ceuk Nyi Iteung gaya. "Tong sok pulat-pélét kitu, pamali! Pan Akang téh geus jadi salaki Nyai, moal énya masih kénéh dipélét?..." "Euh, ieu mah* lain mélét, tapi OMELET! Dahareun éta téh!." "Kadaharan jiga kumaha?Asa karék ngadéngé Akang mah*" "Bahanna mah teu pira, tina endog. Ngan diropéa ku rupa-rupa bahan séjén, jadi ngeunah pisan. Ceunah, éta gé*." "Endog? Alakh, ni loba pancarakén. Biasana gé mun teu dikulub, diceplok tawa digusruk lain? Paling alus disemur". "Nya atuh Kang, kali-kali ngadahar nu rada anéh. Ieu gé nurutan acara masak dina tipi ningan..". "Owh, nu dibawakeun ku si Maknyus?!" "Ih, lain. Pa Bondan Winarno mah tukang ngasaan wungkul, acap-icip* ieu mah nu di-presenter-an ku Bara Pattirajawane. Béjana si éta téh budakna diplomat, ngan resep kana barang asakan..." "Ah, sabodo teuing, rék anak diplomat, rék anak punduh tawa anak lebé, nu penting mah ngeunah teu?" ceuk si Kabayan. "Nya kumaha bréhna wé atuh Kang, da can dijieun. Tah, bahanna gé geus dituliskeun," ceuk Nyi Iteung bari némbongkeun kertas sacewir. "Euleuh...euleuh... paingan atuh, rék teu ngeunah kumaha?Salian ti endog, da aya sosis-an, suung, saos tomat, paprika, bawang bombay, jeung réa kénéh babaturanana..."ceuk si Kabayan semu nu reuwas ningali barang beulieun nu sakitu lobana, pasti pimahaleun. "Heug ieu deuih maké kiju sagala rupa?... pan urang mah puguh dahar kéjo unggal poé gé lin?"ceuk si Kabayan teu ngarti. "Haaarrr... ari Akang, geus puguh kiju jeung kejo mah béda atuh...Iraha deui urang téh peukah-peukah? meungpeung dibéré duit rada gedé ku si Abah, ladang ngajual jéngkol ti pasir!" ceuk Nyi Iteung bari samutut. "Nya atuh Akang gé satuju ari aya duitna mah... Kumaha mun ku Akang balanjana?" Nyi Iteung atoh kacida salakina daék babantu kanu jadi pamajikan. "Ké..ké.. aya kitu ieu kabéh balanjaan di warung bi Ocoh?" ceuk si Kabayan balik deui. "Aya atuh Kang* pan digedéan ayeuna mah warungna gé, sagala aya", tempas Nyi Iteung. ro2 aja samboenganana

