Baheula kuring keur budak dilembur aya nunyarios cenah lamun aya nu
kotokeun supaya cageur cenah cobaan dikurung ku kurung hayam, enya
kitu eta teh atawa heureuy..........

baktos
ern

On Tue, Dec 9, 2008 at 10:11 PM, Kumincir Wikidisastra
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bilih bae aya nu bade nambihan, komo ti manukna sapertos Abah dr. Sam Askari
> mah... (Haturan Abah, Kumaha damang? Ieu abdi anu kapungkur kantos sms-an
> perkawis taeun tea... Heuheu...)
>
> Kotokeun
>
> Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
>
> Luncat ka: pituduh, sungsi
> Kotokeun (nyctalopia)
> Classification & external resources
> ICD-10 H53.6
> ICD-9 368.6
>
> Kotokeun (Nyctalopia, Yun. "lolong peuting") nyaéta kaayaan hésé atawa teu
> bisa nempo dina lingkungan nu poék atawa kurang cahya. Ieu mangrupakeun
> gejala sababaraha kasakit mata nu bisa jadi bawaan lahir, alatan tatu atawa
> kurang gizi (misalna baé alatan kakurangan vitamin A). Dina basa Sunda jeung
> Indonésia, ieu kasakit disebut kotokeun jeung rabun ayam, tumali jeung watek
> hayam nu lolong mun wanci peuting.
>
> Umumna, kotokeun téh balukar tina retinitis pigmentosa, cacad alatan sél
> batang dina rétina leungiteun kamampuhna dina nampa cahya. Sabab séjénna ieu
> kasakit nyaéta kakurangan rétinol (vitamin A) nu dikandung dina minyak lauk,
> ati, jeung produk susu.
>
> Rujukan
>
> Nyctalopia (disalin 9 Désémber 2008).
>
> --
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
> su.wikipedia.org
> www.urangsunda.or.id
> 

Kirim email ke