Kang,upami hal murangkalih indogo na mah teu gaduh tapi simkuring gaduh 
rerencangan anu salah sahiji putrana gaduh kaistimewaan ieu.eta murangkalih teh 
tiasa ningali mahluk ghoib.kadang kadang anjeuna sok katingali ngobrol sareng 
eta mahluk teh.Mun ditaros ngobrol jeung saha jang? Ieu rerencangan cenah.Tapi 
mun pendak sareng mahluk nu rada pikasieuneun eta budak ngan ngeluk weh. tapi 
jadi karunya kang. Mun kamana mana teh sok seueur titingalian.Mun putra 
rerencangan abdi nu hiji deui mah (rerencangan abdi nu hiji deui ieu mah gaduh 
putra dua) dua nana indigo,malah kadang kadang sok sering jd ghostbuster. 
mantuan tatanggi na ngusiran siluman anu sok ngaganggu. Bilih hoyong terang 
salajeng na, putra rerenacangan abdi hu kahiji tadi namina Rizky.Mangga Akang 
tiasa ngawakong ngeunaan hal ieu sareng ramana di [EMAIL PROTECTED]




________________________________
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, December 10, 2008 10:42:24 AM
Subject: [Urang Sunda] Manawi aya nu terang perkawis budak indigo


 Manawi aya nu terang perkawis BUDAK INDIGO 
(INDIGO CHILD). ari di internet mah tos dipilarain komo di google mah tos di 
kotektak. Ieu mah manawi gaduh pangalaman atanapi aya wartos langsung ti 
narasumberna (sepuhna, dokter atanapi psikolog). Dina wiki ge aya. Nu 
kapendak dina internet sok rada sasab kana hal mistisna (tiasa ningali jin, 
mahluk sanesna di luar material). Leres saurna indigo teh pedah eta aurana 
warna 
indigo (tina basa Spanyol) atanapi tarum, nu hoyong terang teh kumaha 
penjelasan 
secara medical check atanapi psikologi (anak). Hatur nuhun, diantos pedaranana 
komo upami disebatkeun sumberna mah.
 
MSas
     


      

Kirim email ke