Punten Para Anggota milis, abdi ngintun ieu tulisan anu tos sempet diterjemahkeun ku Kang Mumu. hapunten anu ti payun dikintun dalam bahasa sunda... punten upami basa sunda abdi teu sae abdi hoyong nyerat kana basa sunda tapi gagal selalu hanya mengandalkan kang mumu agar bisa memasukan tulisan ke milis kusnet hapunten pisan... baktos, agni malagina Batu Kuya: lalakon ngeunaan riwayat batu
agni malagina Batu gé payu dijual! Éta téh bukti kabeungharan Indonésia. Nepi ka batu unik 'sagunduk' gé payu dijual nembus angka 9 digit. Urang bisa nempo kasus Batu Kuya di salah sahiji titik daérah Kabupatén Bogor, nya éta Kampung Cisusuh, Désa Cileksa Kacamatan Sukajaya. Jarakna teu jauh ti tempat nu ditaksir minangka puseur ritual kaagamaan jaman karajaan Sunda (Pajajaran) kira-kira abad 15-16 M--atawa bisa jadi leuwih kolot deui—di Sindangbarang, Kacamatan Taman Sari, Kabupaten Bogor. Batu Kuya ramé dipadungdengkeun dina bulan Séptémber, sababaraha poé saméméh Poé Lebaran 2008. Harita téh beritana muncul di sababaraha koran nu geus kawentar di ibukota. Batu Kuya, batu gedé unik siga kuya, kungsi dibawa kaluar tina "sayangna" ku sakelompok jelema ku sabab éta batu rék dijual ka Koréa kalawan harga mahal pisan. Teu kapalang, angka 40 milyar bakal jadi bagian tina transaksi si Kuya. Ti saprak éta berita mucunghul, Batu Kuya meunang perhatian ti Pemda Kabupatén Bogor, nu diwakilan ku dinas pariwisatana. Der wé jadi polemik. Sababaraha panalungtik (arkéolog) dipénta pikeun nalungtik batu Kuya tina jihad arkéologi. Teu lila, arkéolog kahot ti FIB UI, Mang Hasan, ngajéntrékeun hasil panalungtikanana, yén batu Kuya téh batu alam biasa sanajan si batu aya dina wilayah "bentangan situs-situs bersejarah". Ieu "ucapan" téh sempet ngagétkeun pihak dinas pariwisata. Ngan kumaha deui atuh, pakar geus nyarita. Ku naon batu alam, si Kuya téa, nepi ka ditaksir milyaran rupia? Tangtu éta batu téh miboga 'sesuatu', duka ajén arkéologi, ajén sajarah, ajén budaya, ajén spiritual, ajén éstétika, jeung ajén-ajén lianna. Nyutat sababaraha pamadegan warga di sabudeureun éta batu, batu Kuya téh minangka perlambang jeung mibanda ajén mistis pikeun warga di sabudeureunana. Malah mah aya nu méré tafsiran yén diangkatna batu Kuya ti éta daérah téh mangrupa totondén yén pamingpin nu méntalna siga Kuya téh dileungitkeun. Taaaah…ieu nu kudu dimutalaah sacara kritis téh. Méntal Kuya? Kawas kumaha méntal Kuya téh? Méntal nu goréng? Hal ieu ngélékéték haté si kuring. Obrolan si kuring jeung Bapa Agus Arismunandar ngeunaan batu Kuya miboga tafsiran séjén. Kuya dina kabudayaan jeung paradaban jaman bihari--masa Hindu, Cina, Bali jeung sababaraha tempat séjénna–mangrupa simbol kasugihan, kawaluyaan, jeung panjang umur. Kumaha kuya dina kabudayaan Sunda? Pa Agus ngabejerbéaskeun yén di daérah Cirebon kidul aya balong nu eusina kuya, disebut Kolam Belawa. Sadérék panasaran ngeunaan ieu balong? Mangga sumping ka FIB UI jeung ngobrol sareng Pa Agus Arismunandar. Anjeunna ogé nyebutkeun yén konsép kuya di Sunda téh aya tumalina jeung masa Tarumanagara basa Purnawarman mingpin ieu karajaan. Purnawarman disebut-sebut minangka titisan Déwa Wisnu, déwa nu kalan-kalan disimbolkeun ku kuya, lambang kawaluyaan jeung kasuburan. Wangun mirip kuya ti si Batu Kuya téh kamungkinan wangun nu alamiah. Dina mangsa ieu, batu alami téh mibanda ajén unik pikeun sababaraha nagara nu boga kabudayaan seni batu. Koréa salah sahiji nagara nu ngamimitian seni batu ti sapkrak 2.000 taun ka tukang. Ieu seni batu téh datangna ti Cina saprak jaman Dinasti Tang (618 – 907 SM). Di Jepang kawentar disebut suiséki. Ieu tradisi seni batu raket kaitanana jeung tradisi Konfusian jeung Daois. Wangun nu sering disuguhkeun ku ieu seni batu téh nya éta wangun-wangun batu alami nu unik, mibanda wangun panorama gunung, abstrak, figure Budha, sato-sato mitologi, stalagnit jeung stalagtit, sarta wangun nu dianggap magis jeung nu mirip flora. Ieu batu-batu alam téh sering diteundeun di taman minangka unsur penting tina lanskap taman di Cina, Korea jeung Jepang. Ogé minangka koleksi nu diteundeun dina jero ruangan keur ngalengkepan interior. Ku sabab alami, jeung seni batu mangrupa bagian tina tradisi Konfusian jeung Daois, teu héran, beuki magis jeung alami wangun éta batu, beuki mahal hargana. Ku sabab éta batu téh teu ukur aya hubunganana jeung géngsi si pemilik, tapi ogé aya hubunganana jeung 'kaihlasan' hubungan nu boga (si pemilik) jeung 'Langit', falsafah, jeung karuhunna. Teu matak héran, Batu Kuya dihargaan nepi ka milyaran rupia. Indonésia téh geuning kacida pisan beungharna, batu gé payu dijual! Mangsa saperti kieu…si kuring ngarasa reueus jadi warga Indonésia. Tapi henteu dina mangsa si kuring ngarasa hélok nénjo kacida 'anéh'na sistem jeung politik ieu nagri nu kawentar gemah-ripah-loh-jinawi. Basa batu Kuya jadi bahan padungdengan di antara para anggota déwan di Bogor, ébréh pisan katénjo aya pihak-pihak nu keukeuh-peutekeuh hayang ngajual éta batu, tapi aya ogé nu ihtiar sakedah-polah mertahankeun éta batu tetep 'in situ', tetep aya di tempat asalna. Batu Kuya ngan dijadikeun 'kambing hitam' ku para pamingpin daérah keur néangan kasempetan pikeun merjuangkeun sagala rupa kapentingan golonganana. Kacida pisan lebarna! Salam, Agni Malagina ieu tulisan dijieun di Sindangbarang, 9 Oktober 2009 <embed src="http://images.multiply.com/multiply/horizontal-headshot-badge.swf" type="application/x-

