Titip tiasa ngan teu bisa gancang-gancang, mun kawenehan di Aquarius sok 
nyampak 3-4 album tapi mun apes tara hiji-hiji acan. Hargana beda-beda ti 45-75 
ribu keur CD Audio, mun kaset welasan ribu. Sikuring ngumpulkeun ti samemeh 
tahun 2000, ayeuna karek meunang 90%. Rahwana Cry  meuli  ngaliwatan  ebay  ti  
Amerika, 3 bulan kamari, album nu lain asana pernah dijual  di Bandung. 

Enya kitu...atuh minimal sahijieun mah meuli aslina, nya keur kuring dimimitian 
ti album bogana kang Ismet. Da puguh  euweuh nu gratis di internetna 
ketang...hehe. 

Sok tataan nu mana, upama kaerong piayaeun jeung langganan di Bandung 
nyanggupan engke  dijapri. Khusus nomer 1, 7, 8 jeung 13 asa teu sanggup nu 
lainna rek diteangan di Bandung. Nomer 1 bisa meuli sorangan ti amerika atawa 
eropa make ebay. Mun hoyong terang lagu naon bae tiap album tiasa ditaroskeun.

siporenges




--- On Fri, 12/12/08, ua duq <[email protected]> wrote:
From: ua duq <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Samba Sunda Mengguncang Copacabana--Album
To: [email protected]
Date: Friday, December 12, 2008, 3:12 AM










    
            sssttttt bah brad, kuring bisa nitip teu? teuing lah ka bandung teh 
asa ku jararauh :)... padahal ti handapeun tangkal kawung mah ukur satilu jam 
opat nya...
ssstttt, era euy bah, mp3 na mah bayatak dina pabetekan, ngan eta teh meunang 
ngabedolan ti multiply. baheula... :))) eh atawa kudu :(((


On Fri, Dec 12, 2008 at 2:58 PM, brad porenges <porengesbrad@ yahoo.com> wrote:

















    
            

Seueur album Sambasunda, diantawisna nu ditataan dihandap ieu, ti anu 
pangenggalna (upami teu lepat):

1. Rahwana Cry,  diproduksi diluar nagrek (Jerman atawa  Enggris?). 
2. Seventh Sense/Tongtolang, feature lagu Minang rasa Sunda

3. Reggeae & Reggoe, 20% Instrumentalia, pang manusiawina.
4. The Greatest of Sambasunda
5. Salsa and Salse, tipe musik Amerika Latin
6. Sunda Bali, persembahan kanggo urang Bali
7. Takbir dan Sholawat

8. Takbiran
10. Sambasunda
11. Gebyar Bali Jaipong
12. Sunda Afrika II, No Risk No Fun
13. Sunda Afrika I
14.....

Upami bade ngagaleuh langkung sae ka Aquarius Bandung, jalan Ir Juanda, 
langkung lengkep langkung tihiji judul maksadna eta oge upami kawenehan, tiasa 
di Distara atanapi toko-toko kaset mung rada sesah. Mung album Rahwana Cry mah 
teu aya, kedah ti 
 luar.

Ieu mendakan di http://seureuhleuwe ung.multiply. com, cobian aya sababaraha 
laguna sateuacan ngagaleuh.

siporenges


___
        
        
        
        


        


        
        
        
        
        




-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~


      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke