http://rakaraspati.blogspot.com/
http://raspati.wordpress.com/


Panonpoe geus lingsir ngulon. Kalangkang jelema panjangna geus meh sarua
jeung jangkungna jelema. Di hiji pasar anu  katelah pasar klandasan,
dihareupeun salah sahiji toko kolontong katingali aya hiji lalaki keur
memeres daganganana.  Tina warna kulit na nu rada hideung jeung buukna
nu galing oge ditambah ku logat ngomongna, bisa kanyahoan yen  ieu
lalaki tengah tuwu teh lain urang balikpapan asli tapi urang butun nu
bubuara di balikpapan. Kaitung loba urang butun nu  bubuara di
balikpapan. Teu heran lantaran pulo sulawesi jeung balikpapan ngan di
pisah ku selat anu bisa di peuntasan ku  parahu leutik. Komo ayeuna aya
kapal feri cepat ti sulawesi ka balikpapan. Lolobana urang butun anu
bubuara ka  balikpapan asalna patani. Sanggeus bubuara, loba nu jadi
kuli kasar, mun nu awewena loba nu jadi tukang nyeuseuh atawa  pembantu
rumah tangga. Tapi loba oge nu dagang, malah aya sababaraha tempat nu
dipake dagang ku urang butun dina wanci  kasorenakeun anu sering disebut
pasar butun. Ieu pasar ayana ngan wanci sore, biasana nu dijual hasil
tatanen sarupaning  sayuran jeung bungbuahan. Balik deui ka lalaki nu
keur mereskeun daganganana, manehna nutupan barang daganganana nyaeta
gedang ku terpal warna bulao. Sanggeus rengse nutupan gedang, manehna
gura giru meuntas jalan raya nuju ka Masjid At  Taqwa anu keur
direnovasi.

Di buruan masjid, katingali aya si mamang keur jualan siomay alias baso
tahu. Dina dorongan tempat siomay aya tulisan  ngajeblag G A R S E L A.
Moal salah, si mamang teh urang garut selatan nu keur bubuara di
balikpapan ngahaja nyiar  rejeki pikeun kirimaneun ka kulawargana anu
keur nungguan di lembur. Salian ti sababaraha tukang siomay nu dina
doronganana  ditulisan GARSELA aya oge urang sunda nu bubuara di
balikpapan ngadon dagang kadaharan, nyaeta tukang robak  alias Roti
Bakar. Dina doronganana biasana ditulis Roti Bakar Khas Bandung. Tapi
mun pas nanya kanu dagang, "Dupi akang  di bandung na dimana Kang?".
Jawabna "Abdi mah di bandung na di Majalengka". Kakara apal geuningan
Majalengka teh kaasup  wewengkon kota bandung he he he..:-) Balik deui
ka si mamang, sanggeus ngider kaditu kadieu, biasana mun pareng mangsa
ashar sok ngahaja dagang teh ka Mesjid. Katingali mun adzan geus
dihaleuangkeun buru-buru wudhu. Atuh mun geus rengse  sholat jamaah
langsung ngider deui.

Nincak mangsa ashar, Muadzin matuh masjid At Taqwa ngajomantarakeun
adzan kanu sapeker. Sorana nu tarik aweuhan ka  sabudeureun masjid.
Silih tembalan jeung adzan ti masjid lianna.

Di hiji rohangan anu panggedena di lantai pangluhurna salah sahiji
gedong perkantoran anu aya di sagigireun masjid At  Taqwa, Pak Edi keur
sibuk nganggeuskeun pagaweanana. Sanggeus lulus ti salah sahiji paguron
luhur nu kawentar di bandung  sarta meunang gelar insinyur, terus digawe
salila lima welas taun di perusahaan nu asalna milik asing, ayeuna Pak
Edi  meunang kalungguhan menejer. Meunang gajih meh nepi ka angka tilu
puluh juta. Ka kantor make mobil buatan eropa meunang  meuli ku duit
tunjangan trasport jatah ti perusahaan. Mingkin luhur kalungguhan
mingkin loba pagawean anu kudu diurus,  sanajan ngan saukur jadi
koordinator. Purah tutah titah ka anak buahna pikeun ngarengsekeun
pagawean manehna. Sora Adzan  ti masjid At Taqwa kadenge jelas ku Pak
Edi. Tapi teu jadi soal, teu ngajadikeun eureun ngagawean hanca
pagaweanana.  Komo ieu, pagaweanana keur ditungguan ku bosna nu di
jakarta. Ashar ? Biasana jam lima kakara ngalaksanakeun ashar  sanggeus
hanca pagawean rengse. 


Naha urang butun nu ngan dagang gedang jeung si mamang nu ngan saukur
dagang siomay leuwih sumanget dina ibadah tibatan   menejer nu gajina
ampir tilu puluh juta ? Naha lain kuduna nu leuwih loba hartana nu
leuwih soson-soson dina ibadah ?

SAESTUNA JANJI ALLOH BENER, KU KITUNA ULAH SAKALI-KALI MARANEH KABELEJOG
KU KAHIRUPAN DUNYA JEUNG ULAH KABELEJOG KU  TUKANG TIPU (SYETAN) DINA
(TAAT) KA ALLOH [QS LUQMAN 33] 

Urang sarerea kudu ati-ati tina fitnah dunya jeung ulah sakali-kali
gumantung kana kahirupan dunya. Lain artina teu  meunang dahar jeung
nginum, teu meunang usaha nyiar harta, tapi maksudna ulah sakali-kali
hate urang gumantung kana  harta. Urang teu meunang titeuleum kana
kahirupan dunya bari ngalalaworakeun ibadah ka Alloh.


Ti Abu Sa'id Al Khudri rodiallohu 'anhu, anjeuna nyarita,"Rosululloh
sholallohu 'alaihi wassalam khutbah dihareupeun  jalma-jalma, terus
ngadawuh,"Demi Alloh, Euweuh naon-naon anu ku kaula paling dipikasieun
bakal tumiba ka maraneh, Hei  Manusa, iwal ti naon-naon nu ku Alloh
dikaluarkeun ka maraneh tina perhiasan dunya (Muttafaq alaih, HR Ibnu
Majah No  4066)

Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam ngadawuh :"Saestuna Demi Alloh,
lain kamiskinan nu kukaula dipikasieun tumiba ka  diri maraneh, tapi nu
ku kaula dipikasieun ka diri maraneh nyaeta di amparkeuna legana dunya
ka diri maraneh sakumaha  diamparkeunana ka jalma-jalma saacan maraneh,
nu ngabalukarkeun  maraneh silih paheula-heula meunangkeunana, sakumaha
maranehna (jalma-jalma saacan maraneh) paheula-heula silih parebut. Nepi
ka ngabinasakeun maraneh, sakumaha legana dunya  geus ngabinasakeun
maranehna (diriwayatkeun ti Amru bin Auf, Muttafaq alaih, HR Ibnu majah
No 4068)  

Urang kudu ngeunteung ka tukang gedang. Nu sanajan hirupna masakat tapi
tetep taat. Urang kudu guguru ka tukang baso  tahu. Nu sanajan hirup
pinuh ku kasusah tapi tetep bisa istiqomah.

ALLOHUMMA INNI AS ALUKA 'ILMAN NAFIA' WA RIZQON THOYYIBA WA 'AMALAN
MUTAQOBBALA
YA ALLOH SAESTUNA SIMABDI NYUHUNKEUN ELMU NU MANFAAT, JEUNG RIZKI ANU
HADE, JEUNG AMAL NU DITARIMA
(HISHNUL MUSLIM)


Mudah-mudahan urang sadayana dipaparinan rizki anu manfaat. Rizki nu
ngajadikeun urang leuwih soson-soson dina ibadah.  Rizki nu ngajadikeun
urang langkung iman tur taqwa. Rizki nu teu ngabalukarkeun urang
titeuleum di dunya. Amiinn...
Disclaimer   -   This  message  including any attachments and information 
contained
herein  ("Message" ) may contain  privileged information  or otherwise is 
protected
from  disclosure. Any  unauthorized use of this  Message  by any person may 
lead to
legal consequences.  If  you  receive this   Message  in error, or if the 
recipient
of this  Message  is not the intended recipient or the employee or agent 
authorized
for delivering this  Message to the intended recipient you are hereby notified 
that
any  disclosure,  dissemination, distribution  or copying of this Message or 
let or
cause this Message to be disclosed,disseminated, distributed, or copied is 
strictly
prohibited, and please notify the sender by  return message  and immediately 
delete
this  Message  from your system.   Incoming and outgoing  communications using 
this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by 
applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views 
expressed
in this Message  are those of the individual sender and may not necessarily 
reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.

Kirim email ke