Assalamualaikum..
Kahatur ka dulur dulur nepakeun abi nembean ngiringan di milis urang sunda,
sakantena ieu posting dongen kang ibing
karesep yeuh, punteun kanu tos ngadangu bilih bosen, ieu mah itung2 tanda
perkenalan we ka sadaya dulur di saalam dunya
saguru saelmu tong kanggo
Pecang Kajajaden
Kacaritakeun wanci haneut moyan sakadang maung jeung tilu anakna keur reureuh
di tepas,
keur reusep ocon jeung anakna sakadang maung nempo aya peucang liwat, kitu deui
anakna nempo oge,
trus eta anak maung nyarita ka indungna "ma itu aya peucang ma hayang ih ma..."
bari rada ogo,
"ah hoream cararape.." ceuk indungna teh, "ah atuh ma hayang peucang ma..."
bari rada ngarenghik,
"heuh geus atuh tungguan..." ceuk indung maung bari rada keuheul. beretek we
ngudag sakdang peucang.
tapi edas da peucang teh katelah tarik lumpatna, tapi maung oge katelah rajana
leuweung pan, terus wae diudag.
sakadang peucang rada kateter terus asup kana pager kitu deui sakadang maung
ngan edas eta pageur leutik,
peucang mah lewat we weuh mah masalah (NO program ceuk bahasa Amrik mah:D) ngan
pas maung milu asup edas
ngan mahi huluna hungkul leuwih parah deui manehna teu bisa lepas tina eta
pager da huluna jadi kadempet ku pager tea
uget-ugetan jeung uget enyaan geus dicobaan orokaya teu bisa bijil. ninggali
kitu sakadang peucang ereun
tuluy lempang lalaunan ka lebah maung, "Tahhh.. beunang siahh..." ceuk peucang
bari rada seuri mesem, tuluy eta
peucang nguriling neangan panto pageur maksud supaya bisa aya di tukangeun
maung, geus neupi ka tukangan maung teu
antaparah eta maung diopi (digadabah Red..), teu kabayang eta maung wirang
kacida atuda weuh dina sajarah dongeng
di tatar pasundan atawa di bahagean dunia mana wae rajana leuweung digadabah ku
peucang, geus beres peucang indit we
teu aya basa, padahal mah pan ceuk kolot ge basa mah teu meuli (teu aya
hubungana nya:D). sapaninggal sakadang peucang
maung terus usaha hayang bijil tina dempetan pageur neupika hasilna, bari teu
puguh rasa eta maung balik ka imahna,
neupi imah dipapag ku tilu anakna nu rada gumasep bari satengah leumpang muru
inungna, "ma mana sipeucang teh?"
ceuk anakna nu cikal, bari rada baeud indung maung nembal "eh.. ulah kitu ulah
nyebut si peucang kudu sopan,
pan ayeuna mah eta bapa tere mararaneh..."
Punteun teu aya maksad por on nya...:D :D
Kahatur
Ibing mania