--- On Thu, 12/11/08, ilen kardani <[email protected]> wrote:
From: ilen kardani <[email protected]>
Subject: [kisunda] Upacara Seren Taun di Kuningan 27-28 Desember
To: [email protected]
Date: Thursday, December 11, 2008, 11:08 PM
Baraya,
Biasana kang Ira parantos halow-halow ari tos nincak sasih Desember teh,
nyaeta ngulem wadya balad Kisunda kanggo ngaluuhan acara Seren Taun di
Cigugur - Kuningan. Mung rupina si akang teh kacida pisan sibukna dugi ka
teu sempet neundeun bewara di Kisunda.
Nguping wartos seren taun ayeuna mah bade diayakeun ping 27-28 Desember,
pami diparengkeun sim kuring oge bade dongkap ka Cigugur. Nuhun-nuhun
wadia balad Kisunda oge seueur anu sarumping, janten tiasa sakantenan
masomoan diditu. Pardu kasambut sunat kalampah, nyaksian upacara seren
taun sareng kopdar milist Kisunda.
Hatur nuhun,
Wilujeng Mapag Taun Anyar 2009, Satutasna
Meunteun Lalampahan Sorangan di Taun 2008