di urang teh sigana pembangunan ekonomi dideukeutan ku cara model eceran. sangkan padat karya-loba nu miluan atawa kasimbeuhan ku hiji kagiatan ekonomi eta. sanajan antukna pajeulit pabuis jeung matak lieurs.
cara gas. cenah baheula mah di bandung atawa cirebon, cara di kota amrik. gas teh siga cai pdam, disalurkeun make pipa. ayeuna pipa eta ditutup. robah jadi kana tabung. tangtu jadi ngahirupkeun kagiatan ekonomi dina raraga gas make tabung, pabrik tabung gas, bagean servis, distributor, pengecer warung/toko, jsb. jadi leuwih panjang tah rantey distribusi teh, jadi mere pakasaban keur balarea. hehe. pan mun make pipa mah, meureun, batur kabagean ngan keur nyieun jaringan pipana, geus kitu mah teu mere pakasaban deui ka balarea. aya dulur dumuk di apartemen. komporna tipe nu make gas. nya make tabung. aya tukangna nu nganteurkeun ti distributor, tangtu kana lift khusus barang-ti lantey dasar ka lantey imahna. aya bule amrik nempo kitu nanya, eta tabung naon? gas. manehna olohok siga nu aneh. da cenah di nagarana mah, make pipa, disalurkeun ka dapur, pas deukeut kompor. nya cara cai pdam tea meureun. tangtu ditabungkeun teh sangkan mere pakasaban atawa kasimbeuhan unsur ekonomina. cara pulsa ayeuna. dimana-mana loba tukang eusi pulsa. mere pagawean ka balarea. lumayan ngurangan nu nganggur. hanjakal konversi energi ti minyak tanah ka gas, kurang diitung gemet sigana. jadi aya masalah anyar, nu meuli gas loba nu antri di distributor, bandung mah di Limas Raga Inti. solusi nu nyieun masalah anyar. mudah-mudahan we gancang beres. sanajan cicing di gunung, masak mah make gas, kungsi oge kukurilingan ka warung/toko neangan gas 15kg. dina ayana hargana leuwih ti normal. di lembur mah, pun biang, mun gas beak, kondisi kutud, nya balik deui we ku suluh, haweuna tukangeun imah. kompor aya keneh, mun minyak tanah aya. ekonomi nu meureun bisa leuwih praktis ku cara kapitalis model amrik, di urang dipermak jadi model eceran. basa ngumbara sakeudeng ka nagara viking, cicing teh di asrama, dibere kamer tipe studio, sarohangan tapi kumpit aya dapur leutik, komporna teh make listrik. sanajan listrikna mah aya nu ku minyak aya ku gas, oge ku runtah. praktis jeung efisien. tapi meureun kitu oge da wargana saeutik. mun loba mah kudu dipikiran sangkan bisa mere kamaslahatan ka balarea, ku cara make model eceran. cara di urang oge cenah mah dilakukeun di spanyol, jrrd.

