Asa tos maca anu versi Inggrisna..versi businessman ti Florida Amrik...
On 12/18/08, SPB-OQA.Asep Heriandi <[email protected]> wrote: > > Serat Ti Caroge > > > > Hiji kulawarga salaki jeung pamajikana anu pada-pada boroga pagawean > ngarasa bosen kana kasibukan di pagaweanana di Ibukota. > > Maranehna ngarencanakeun rek pelesiran ka Cipanas Garut jeung nempatan deui > kamar hotel anu sarua mangsa maranehna bulan madu 10 taun katukang. > Kulantaran kasibukanana, sibapana kudu indit tiheula anu disusul isukna ku > si Ibuna. > Saenggeus cek in di hotel Cipanas Garut,Si Bapa nempo aya pasilitas > komputer anu geus sakalian nyambung kana internet di kamarna. > > Kalayan bungah si Bapa langsung ngetik pikeun ngirim E-Mail ngabaran ka si > Ibu anu masih keneh digawe di kantorna tea di Ibukota. > > Cilaka duabelas, Si bapa salah ngetik alamat E-Mail terus tanpa mariksa > deui kana kasalahan manehna tetep ngirimkeun eta Email jalaran mencet gambar > tombol send nu aya dina monitor. > > > > Di Cicadas, hiji kulawarga kakara mulang ti pakuburan Cikutra numana Si > Bapana anu maot kakara rengse dikurebkeun. > > Sajolna di Imah, indungna barudak langsung muka komputer anu geus make > fasilitas koneksyen internet spidi tea, maksudna rek mariksa E-mail macaan > kanu ngirim ucapan-ucapan belasungkawa. > Kakarage rengse maca E-Mail nu kahiji, si Ibu langsung pingsan. > > Budak anu cikal ngarenjag kaget terus manehna maca eta E-Mail, anu tulisna > : > > > > *To: Pun Bojo nu dipikadeudeuh > Subject: Akang geus nepi!!! > Date: 22 Nopember 2008 > Akang nyaho pasti nyai kaget, tapi pasti oge bungah meunang kabar ti Akang. > * > > *Singhoreng di dieu oge geus dipasang internet, ceunah meh bisa ngirim > kabar ka sakabeh anu dipikanyaah.* > > *Akang kakara nepi jueng geus cek in, ceuk anu didieu maranehna oge geus > nyiapkeun sagalana pikeun nyambut jeung ngabageakeun kadatangan nyai isuk. > * > > *Geus teu sabar Akang nungguan nyai.* > > *Mugi diperjalanan Nyai isuk oge geunah siga diperjalanan Akang tadi. > Ohh enya…, Cai didieu keur panas-panasna. Sakalian lamun daraekeun, barudak > di arajak wae. * > > * * > > *Love, > Akang* > > > > >

