katukang, haram hukumna presiden awewe, ayeuna aya deui haram hukumna golput, partai partai /pejabat bageur ka rahayat soteh lamun arek PEMILU, geus dipilih mah poho ka rahayat, tapi jangji tinggal jangji..........

--- On Wed, 12/17/08, Sumarna, Nana <[email protected]> wrote:
From: Sumarna, Nana <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] RE: Urang Subang - Memilih adalah kewajiban
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Date: Wednesday, December 17, 2008, 5:34 AM

 
KONDISI NAGARA URANG KEUR  GERING PARNA, LOBA POLITISI EUWAH, KORUPSI DIMANA-MANA. URANG KUDU MILU MENERAN IEU NAGARA KU CARA TEU GOLPUT. DUMASAR KANA HAL IEU GOLPUT HUKUMNA HARAM. DEMOKRASI GEUS SALUYU JEUNG ISLAM SAKUMAHA PRINSIP SYURO

 

Ayeuna urang paluruh heula, naon ari nu disebut démokrasi jeung timana asal-usulna. Arti Démokrasi nyaéta kakawasaan rahayat ti rahayat. Rahayat mangrupakeun sumber kakawasaan. Nu mimiti ngaluarkeun ide démokrasi nyaéta Plato.  Nagara modérn nu mimiti nganut faham ieu nyaéta Prancis, sakumaha sloganna nu kakoncara “kabébasan, duduluran jeung  kasataraan”. Prancis ngasupkeun faham démokrasi kana UUD-na nu nyebutkeun yén rahayat mangrupakeun sumber kakawasaan. Ti dieu bisa ditempo yén démokrasi dianggap “pangéran” nu nangtukeun hukum/syariat. Padahal nurutkeun Islam ngan Alloh nu boga hak pikeun nangtukeun hukum.  Manusa ngan wenang pikeun ngajalankeun hukum anu geus ditangtukeun ku Alloh.

Unsur démokrasi aya tilu :
1. Législatif

Euweuh no boga hak pikeun netepkeun hiji hukum iwal éta peraturan dijieun kucara démokrasi. Dina alam démokrasi hukum-hukum Alloh teu dianggap.

2. Yudikatif

Teu diwenangkeun hiji hakim  pikeun nangtukeun hiji pasualan iwal ti dumasar kana hukum anu geus dijieun ku législatif.

3. Éksékutif

Teu meunang nyieun hiji kaputusan ogé, iwal ti dumasar kana UU. Ieu boga arti yén sakabeh hukum syar’i anu geus ditangtukeun ku Alloh teu berlaku.

 

Di dieu bisa dijieun kasimpulan yén démokrasi mangrupakeun hukum kaum kuffar, asalna ti urang kafir jeung teu saluyu jeung hukum Islam.

Naha hukum jahiliyyah nu ku maranehna di pikahayang, jeung hukum saha nu leuwih hade tibatan hukum Alloh pikeun jalma-jalma nu yakin?”(Al Maidah 50)

 

NAHA BISA DEMOKRASI DILUYUKEUN JEUNG ISLAM?

Henteu, sabab : Dina Islam ngan Alloh wungkul nu boga hak pikeun nyieun hiji syariat

“Saéstuna hukum ngan saukur milik Alloh”(Yusuf 40)

 

NAON HUKUMNA JALMA NU NGAJALANKEUN HUKUM  SALIAN TI HUKUM ALLOH?

 

“Sing saha nu teu mutuskeun dumasar kana non anu geus diturunkeun Alloh tinangtu éta kaasup jalma-jalma nu kafir”(Al Maidah 44)

“Sing saha nu teu mutuskeun dumasar kana non anu geus diturunkeun Alloh tinangtu éta kaasup jalma-jalma nu zolim”(Al Maidah 45)

“Sing saha nu teu mutuskeun dumasar kana non anu geus diturunkeun Alloh tinangtu éta kaasup jalma-jalma nu fasikr”(Al Maidah 47)

 

DÉMOKRASI JEUNG PEMILU SARUA JEUNG SYURO ISLAMI

 

Démokrasi jeung pemilu nepi kamana ogé moal bisa paamprok jeung musyawarah nu disyaréatkeun ku Alloh.

 

Kahiji,

Saha nu nyieun syaréat démokrasi ? Jawab, jalma kafir

Saha nu nyieun syaréat musyawarah ? Jawab, Alloh

Naha meunang pikeun manusa nyieun syaréat ? Jawab, teu meunang

 

Kadua,

Musyawarah kubro, dilakukeun pakait jeung pangaturan umat. Nu ngalakonanana ahlul halli wal ‘aqdi ti para ulama, jalma-jalma ikhlas jeung sholeh. Anapon démokrasi nu ngalakonanana jalma-jalma nu bisa kafir, bisa jahat, bisa jahil jeung sagala rupa jalma. Di hareupeun démokrasi, sora hiji ulama sarua jeung sora hiji préman. Sora hiji ‘alim sarua jeung sora hiji jahil. Naha bisa disaruakeun antara saurang mu’min nu sholeh jeung hiji préman?

Naha pantes Kami ngajadikeun jalma-jalma Islam eta sarua jeung jalma-jalma nu boga dosa (kafir)? Naha maraneh (bet ngalakukeun hal ieu)? Kumaha maraneh nyieun kaputusan?”(Al Qalam 25-26)

Naha pantes kami nganggap jalma-jalma mu’min jeung nu ngalakukeun amal sholéh sarua jeung jalma-jalma nu nyieun karusakan di bumi? Naha pantes Kami nganggap jalma-jalma nu takwa sarua jeung jalma-jalma nu ngalakukeun maksiat?” (Shad 28)

 

Katilu,

Ahlu musyawarah bakal ngamusyawarahkeun naon-naon anu masih samar tina perkara-perkara anu hak. Maranehna ngan saukur ittiba’ (nurut) jeung nyonto, teu ngadatangkeun hukum-hukum anu nyimpang tina hukum Alloh. Anapon para démokrat bisa ngahalalkeun anu haram jeung ngaharamkeun anu halal.

 

Kaopat,

Musyawarah henteu fardhu jeung teu wajib satiap mangsa. Hukumna bisa wajib, bisa teu wajib. Ku kituna Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam ngalakukeun musyawarah dini hiji perang tapi teu ngalakukeun dina perang nu séjén. Sedengkeun démokrasi hiji kawajiban pikeun pengikutna. Padahal singsaha anu ngawajibkeun naon-naon anu teu diwajibkeun ku Alloh berarti manehna geus memperbudak manusa.

 

Kalima,

Démokrasi artina kakawasaan ti rahayat pikeun rahayat. Sedengkeun Syuro indit tina musyawarah. Di jerona euweuh unsur nyieun hukum nu euweuh asalna tina syariat. Nu aya ngan silih tulung dina neuleuman al haq, mulangkeun hal-hal anu anyar kanu geus perkara-perkara anu geus dipikanyaho.

 

Kagenep,

Démokrasi dumasar kana hukum mayoritas. Sabanerna kumaha kaayaan mayoritas jalma nu aya di dunya?

“Jeung mun maraneh nurutan kaloobaan jalma di ieu  bumi, tinangtu maranéhna bakal nyasabkeun maranéh ti jalan Alloh”(Al An’am 116)

“Jeung  kaloobaan jalma moal ariman sanajan maneh sakitu mikahayangna” (Yusuf 103)

“Saestuna Alloh boga karunia pikeun manusa tapi kaloobaan jalma teu bersyukur”(Al baqarah 243)

“Ucapkeun: Sadaya puji kagungan Alloh, tapi kaloobaan jalma teu paham” (Al Ankabut 63)

“jeung kaloobaan ti maranehna teu ariman ka Alloh  tapi malah nyarékatkeun Alloh”(Yusuf 106)

Mayoritas jalma nu aya di alam dunya teu ariman, teu bersyukur, jahil, jeung musyrik. Naon hasilna lamun hiji hukum didasarkeun kana mayoritas jalma anu sigakieu.

 

PEMILU MANGRUPAKEUN PERKARA IJTIHADIYAH

Kana satiap perkara anu “anyar” kudu dipulangkeun kana kaidah-kaidah agama anu inti jeung universal. Ti dieu para ulama nangtukeun naha éta perkara kaasup kana hal anu mubah, wajid, makruh atawa haram. Sakumaha disebutkeun diluhur, sabenerna perkara pemilu ieu lain perkara anyar sabat Islam geus nangtukeun kaidah-kaidah pikeun ngatur umat oge cara milih pamingpin.

 

NIAT NGILU PEMILU HADE, PIKEUN MEMENER IEU NAGARA

Aya dua syarat hiji amal ditarima,

  1. Ikhlas nyaéta ngalaksanakeun amal bari ngan saukur néangan ridho Alloh
  2. Ittiba’, saluyu jeung Al Qur’an & As Sunnah

“Singsaha nu ngaaya-ayakeun hiji perkara anyar dina urusan Kami tinangtu bakal ditolak”(Muttafaq ‘alaih ti Aisyah Rodiallohu ‘anha)

“Singsaha nu ngalaksanakeun amal ku amalan nu lain ti agama Kami tangtu ditolak”(Shahih Muslim)

Amal teu bisa ngan didasaran ku niat hadé tapi kudu kucara anu saluyu jeung AL Qur’an ogé As Sunnah.

 

MUN TEU ILUBIUNG DINA PEMILU, KUMAHA UMAT ISLAM REK BISA NGAROBAH IEU NAGARA, BOGA KAKAWASAAN PIKEUN NANJEURKEUN BEBENERAN ?

“Alloh geus jangji ka  jalma-jalma nu ariman di antara maraneh jeung ngalakonan amal sholéh yén Anjeuna bener-bener bakal ngajadikeun maranéhna kawasa di bumi, sakumaha Anjeuna geus ngajadikeun jalma-jalma nu saencana, kawasa, jeung satemenna Anjeuna  bakal mancegkeun pikeun maranehna agama nu geus dipikaridho ku Anjeuna pikeun maranéhna, jeung Anjeuna bener-bener bakal nukeur (kaayaan) maranéhna tina kaayaani kasieunan kana (kaayaan)  aman. Maranéhna tetep nyembah Kaula jeung teu nyarékatkeun naon-naon ka Kaula. Jeung singsaha anu kafir saanggeus (jangji) éta, tingantu maranéhna mangrupakeun jalma-jalma nu fasik”(An Nur 55)

Naha mana nu leuwih dipercaya Jangji Alloh atawa Jangji Caleg? Jangji Alloh atawa jangji Cabup?

Kumaha carana supaya jangji Alloh tinekanan? Dumasar kana ayat diluhur aya dua syaratna

  1. Iman, kucara ngamurnikeun tauhid boh tauhid uluhiyyah boh tauhid rububiyah
  2. Ngalaksanakeun Amal Shaléh

Mangga lenyepan ucapan Muhammad Nashiruddin Al Albani rohimahulloh:” Tanjeurkeun daulah Islamiyyah dina diri aranjeun, tinangtu bakal nanjeur daulah islamiyah di nagara aranjeun!”

Kumaha urang bisa nanjeurkeun Islam lamun berjuang maké hukum kafir?

Kumaha urang rék ngarepkeun boga nagara Islam mun urang Islamna sorangan teu nanjeurkeun Islam na dirina sorangan?

Kumaha urang bisa dipercaya nyekel kakawasaan ku Alloh, mun dititah ngumpul di masjid pikeun sholat jamaah waé teu bisa nyumponan?

 

Dina poe ieu ku Kaula geus disampurnakeun pikeun maranéh agama maranéh jeung geus disampurnakeun nikmat-Kaula pikeun maranéh jeung Kaula ridho Islam jadi agama maranéh”(Al Maidah 3)

 

 

Sumber Bacaan : Tanwir Azh-Zhulumat bi Kasyfi Mafasid wa Syubuhat al-Intikhabaat, Abu Nashr Muhammad bin Abdillah Al Imam

 

 

Kulantaran démokrasi geus jéntré mangrupakeun hukum kuffar nu teu luyu jeung Islam, teu sakuduna démokrasi dipakuat-kaitkeun jeung Islam. Sakali deui pamugi ka para caleg, anggota partai teu kedah ngagunakeun atribut-atribut Islam dina ngalakonan démokrasi. Komo bari nyebatkeun yén wajib hukumna ngiluan démokrasi. Mun rék nitah WNI ngilu nyoblos, cukup ku nyieun UU sékuler : Satiap WNI wajib nyoblos, mun teu nyoblos dipenjara sakitu taun.

 

 



From: sub...@yahoogroups. com [mailto:subang@ yahoogroups. com] On Behalf Of Arakas Sundava
Sent: Wednesday, December 17, 2008 12:15 PM
To: sub...@yahoogroups. com
Subject: RE: Urang Subang - Memilih adalah kewajiban

Hmm...
 
Sebenernya ini wacana untuk komunitas yang TIDAK ANTI PEMILU.
Salafi...jelas haram ikut pemilu..
HTI.. ga tau sekarang..?
Islam yg lain jg masih beraga...
 
Sebenernya ini kan gara2 Gusdur ga bisa jadi calon presiden.
Muncullah wacana golput yg sangat  rame.
 
Jadi pikeun Gusdur ya memang mesti golput..orang dia mau milih dirinya sendiri.
 
Untuk yang lain?
Menurut saya BAGUSNYA tidak golput.
Kalo blm jadi caleg...ya mesti milih caleg yg lain dong..
mungkin yang mendekati kehendak Anda lah..sehingga caleg yg menurut Anda sangat tidak layak akan tidak terpilih.
 
 
Salam,
Aep Wahyudin
 
 
 
 
 


--- On Mon, 15/12/08, Sumarna, Nana <nsuma...@arutmin. com> wrote:
From: Sumarna, Nana <nsuma...@arutmin. com>
Subject: RE: Urang Subang - Memilih adalah kewajiban
To: sub...@yahoogroups. com
Date: Monday, 15 December, 2008, 5:02 PM

Kang Yudi,
apakah yang haq bisa dicampur dengan yang bathil ?
 
apakah saya dibenarkan kalau menghidupi keluarga dengan mencuri?
sanajan niatna hade pami carana nu salah naha hasilna bakal hade?
 
cinta tanah air sebagian daripada iman? saur saha Kang? mangga sebatkeun sumberna ti surat naon, ayat sabaraha, hadits riwayat saha no sabaraha? naha shahih, daif atawa maudhu?
 
Karena Diam selemah-lemahnya iman maka yang ga nyoblos imannya lemah??? naha leres ????
 
Mangga sebatkeun negara mana di dunia anu ngagaduhan faham demokrasi teras bisa nanjeurkeun syareat Islam ?
 
 
 


From: sub...@yahoogroups. com [mailto:subang@ yahoogroups. com] On Behalf Of yudi ap
Sent: Monday, December 15, 2008 5:44 PM
To: sub...@yahoogroups. com
Subject: Urang Subang - Memilih adalah kewajiban

Wilujeng wengi,
Mungkin orang beranggapan bahwa ketika muncul fatwa bahwa golput itu
haram, timbul kontroversi karena anggapan bahwa penentuan halal haram
itu adalah sesuatu yang berada diluar kemampuan manusia. atau lebih
ekstremnya, Rosululloh kan ga punya partai.
ya, kalau kita melihat sistem pemerintahan waktu itu memang belum
seperti sekarang, dalam artian sistem yang dipakai adalah kekalifahan.
tapi kalau saya melihat ada dua alasan kenapa sampai fatwa itu keluar.
Pertama,
Tuhan mencintai umat yang mencintai tanah airnya (Cinta tanah air
sebagian daripada iman), bagaimana kita mencintai, kalau pemilu saja
kita tidak ikut. jangan mengatakan anda tidak terlibat ketika orang
zalim jadi pemimpin kita. kita sendiri yang diam, tidak menyuarakan
pendapat dan aspirasi. kenapa kita membiarkan orang zalimmemimpin
kita???. Tuhan menyatakan dalam Al Quran, ""..... Sesungguhnya Diam
Itu Selemah-lemahnya Iman "'. Jadi, anda akan diam atau memilih?

Kedua,
Jaman kekalifahan, kita tau bahwa Rosululloh pemimpin yang diberi
tugas jadi pemimpin di alam semesta, kalau sekarang siapa yang
ditugaskan oleh Tuhan untuk jadi pemimpin di alam semesta ini??? .
makanya kita berijtihad untuk memilih pemimpin, yaitu melalui PEMILU.
tapi ingat, konsep demokrasi yang menyatakan suara rakyat adalah suara
Tuhan, adalah SALAH BESAR, karena tidak jaminan bahwa rakyat itu orang
yang benar semuanya. Contohnya di daerah kita, karena masyarakatnya
bermental KORUP, maka akan terpilih Pemimpin yang KORUP pula.
Istilahnya GIGO=sampah yang masuk sampah pula yang keluar.. Jadi bagi
yang berniat golput, silahkan tanya pada nurani anda, DIMANA
KEPEDULIAN ANDA TERHADAP BANGSA INI ? akan dibawa kemana masa depan
negeri ini.
Mungkin anda berpikir suara anda tidak ada pengaruhnya bagi masa depan
negara ini, apalah artinya satu suara dibandingkan dengan 240 jt
rakyat Indonesia. Tapi ingat, banjir besarpun tidak akan terjadi kalau
tidak dimulai dari setitik air hujan.

Wassalam
Abdi Nu anti Golput
yudi
Disclaimer   -   This  message  including any attachments and information contained
herein  ("Message" ) may contain  privileged information  or otherwise is protected
from  disclosure. Any  unauthorized use of this  Message  by any person may lead to
legal consequences.  If  you  receive this   Message  in error, or if the recipient
of this  Message  is not the intended recipient or the employee or agent authorized
for delivering this  Message to the intended recipient you are hereby notified that
any  disclosure,  dissemination, distribution  or copying of this Message or let or
cause this Message to be disclosed,dissemina ted, distributed, or copied is strictly
prohibited, and please notify the sender by  return message  and immediately delete
this  Message  from your system.   Incoming and outgoing  communications using this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views expressed
in this Message  are those of the individual sender and may not necessarily reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.

Disclaimer   -   This  message  including any attachments and information contained
herein  ("Message" ) may contain  privileged information  or otherwise is protected
from  disclosure. Any  unauthorized use of this  Message  by any person may lead to
legal consequences.  If  you  receive this   Message  in error, or if the recipient
of this  Message  is not the intended recipient or the employee or agent authorized
for delivering this  Message to the intended recipient you are hereby notified that
any  disclosure,  dissemination, distribution  or copying of this Message or let or
cause this Message to be disclosed,dissemina ted, distributed, or copied is strictly
prohibited, and please notify the sender by  return message  and immediately delete
this  Message  from your system.   Incoming and outgoing  communications using this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views expressed
in this Message  are those of the individual sender and may not necessarily reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.

Kirim email ke