Sigana lamun uluk salam mah disebut islam komunis meureun
On Fri, Dec 19, 2008 at 1:17 PM, Akhmad Gunawan <[email protected]>wrote: > Bah Wily ari kuring mah rada ngajenghok teh basa aya riungan silaturahmi > paguyuban ex RFC mun teu salah mah tilu taun katukang, harita pak Is aya > hadir tur mere wejangan. Kuring ngajenghok teh nyaeta dina bubukana pak Is > nyebut kieu karena saya islam liberal jadi saya tidak mengucapkan > assalamualaikum tapi mengucapkan salam sejahtera. Teuing tah naha dina Islam > Liberal ngucapkeun assalamualaikum teh dicarek kitunya. > > > Baktos, > WAG > > --- On *Fri, 19/12/08, Waluya <[email protected]>* wrote: > > From: Waluya <[email protected]> > Subject: Re: [Urang Sunda] re: Prof Alisyahbana ngantunkeun > To: [email protected] > Date: Friday, 19 December, 2008, 12:58 PM > > > From: mj > > Prof Iskandar Alisyahbana kungsi jadi rektor ITB pangcepetna, ngan > sataun, > > 1977-1978, jaman Bah Willy masih > > mahasiswa keneh sigana. > > Leres MJ, kuring kakara asup ka semester 3, harita teh kakara dijuruskeun, > da semester 1 & 2 mah acan dijuruskeun, iwal ti jurusan Seni Rupa. Aya nu > dipikainget waktu Rektor gentos ti Pa Dody ka Pa Iskandar teh, eta waktu > kuliah Agama, sang Dosen agama nu kakara mere kuliah langsung nyaritakeun > bari bibirigidigan cenah pajarkeun teh Prof. Iskandar mah beda jeung Pa > Doddy anu nyantri, ieu mah "koboy" kabarat-baratan. Memang teu aneh umpama > Prof Iskandar kitu, da puguh ramana Sutan Takdir Alisyabana, tokoh pujangga > > baru nu nyieun polemik kabudayaan di taun 1930'an. Salaku generasi anyar > budayawan di jaman harita Takdir Alisyahbana hiji tokoh anu ngiblat ka > pamikiran urang kulon, tapi dilawan ku "generasi kolot". > > Waktu kaributan taun 1977, Pa Iskandar dina nyanghareupan mahasiswa nu > kumpul goggorowokan hayang nurunkeun Soharto di lapangan basket ITB, kungsi > > .....nangis, duka kunaon dugi ka nangis. Ngan teu lila ti harita, 2-3 > minggu > lamun teu salah mah, anjeunna dinon-aktifkeun. Bumina di Jalan Sulanjana > kungsi diiborobot bedil duka kusaha. > > Baktos, > WALUYA > > > > ------------------------------ > Get your new Email address! > <http://sg.rd.yahoo.com/aa/mail/domainchoice/mail/signature/*http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/> > Grab the Email name you've always wanted before someone else does! > > >

