Aya bapak-bapak tiluan tukang mancing hungkul, keur paagul-agul eupan.
Nu hiji ngomong, "nu alus mah eupan dewek, sakali nganclomkeun geus
giriwil, meunang lauk".
Nu kadua teu eleh agul, "nya alusan eupan dewek, dewek keur
ngageleng-ngageleng eupan, pecenghul lauk tina balong sabari ngomong,
"buru atuh! aing hayang buru-buru nyantok yeuh".
Nu katilu teu eleh ngomong, "nu alus mah eupan aing, minggu rek
nguseup, sabtu lauk datang ka imah, "pak, enjing ngusep moal?"

sumber:
kang ibing

Kirim email ke