Hapunten bilih aya anu namina Uhe.. ieu mah heureuy..
Uhe karyawan BUMN gede, karierna cukup nyongcolang.. ngan aya kakurangan, mun nyarita sok rada arap-ap eureup-eup… Terus curhat ka Ua Aang Sobat dalitna… “Aaa-ang, u..u..rang keu..keur su..su..sah?..”ceuk Uhe.. “Nya ari kasusah mah sayah oge boga He euy. Pamajikan ambek-ambekan wae euy “ ceuk Ua Aang “Aaa-ang, u..u..rang ha..ha..yang ber..ber.. obat ka..ka do..dok..ter, su..su..paya nya..nya rita ra..ra..da be..bentes.., ku..ku..du ka..ka.. mana?..”ceuk Uhe.. “Ah gampang atuh, itu ka Dokter KIMHIN wae. Kasohor manehna mah bisa ngubaran sagala rupa panyakit…” ceuk Ua Aang.. Gancangna carita terus arindit ka Dokter KIMHIN dianteur ku Ua Aang. “Ter euy, ieu Ki Dulur Uhe, rada gagap, mun nyarita teu lancar, cikan pang mariksakeun kunanon?”.. ceuk Ua Aang… “Heug, ku Oeh lek di paliksa heula, sok Asup…” ceuk Dokter Kimhin rada cadel.. Sanggeus mariksa, dokter Kimhin pok ngomong… “Ieu panyakit moal bisa di obatan siah…, tapi kulu di-opelasi siah, ieu aya kaitanana jeung bobogaan Maneh anu gedle teuing…, sigana tas ti Ma Elot siah maneh nya ?...” seuk dokter Kimhin, . Uhe unggeuk…ngaku… “Te..terus, ku..ku.. du..ku..ku..maha?” Ceuk Uhe.. “Nya Oeh teu bisa kukumaha, mutlak kudu di opelasi siah. Dileutikan..” Ceuk Dokter… Kulantaran nyaah kana karierna anu keur nanjak, Uhe nyatujuan…. Ua Aang haharewosan jeung dokter, terus dokter ungut-unggutan.. ”Heu-euh, heu-euh ku Oeh bisa di atul…”cenah ceuk Dokter… Sababaraha lila ti Harita, karier Uhe beuki najak, beuki populer… Dina rapat-rapat tara jadi bahan gonjakan deui…malahan wani milu rapat pasamoan jeun DPR oge… Ngan ngaran jelema. Aya wae kakuranganana, ngeluh deui wae .. terus curhat deui ka Ua Aang. “Aang euy, urang nyarita geus lancer, Alhamdulillah teu lila ti harita Pangkat urang geus naek deui…ngan ieu euy … Pamajikan jadi ambek-ambekan wae siga Pamajikan Uheya, eta meureun biasana “meunang” anu gede, ayeuna “Leutik”” ceuk Uhe.. “Ang, anteur deui ka Dokter Kimhin, sugan aya cara anu lain…tapi mun euweuh euweuh teuingmah kajeun gagap deui we, tibatan pamajikan ambek-ambekan wae..” Ceuk Uhe. Teu loba carita, Ua Aang unggeuk nyatujuan, terus arindit ka Dokter Kimhin. “Dokter, Alhamdulillah uing geus bias nyarita kalayan lancar, di Kantor teu jadi bahan gonjakan deui….”Ceuk Uhe.. “Telus ..”Ceuk Dokter Kimhin singkat. “Eta pamajikan ambek-ambekan wae, pedah ukuran eta dirobah meurueun.. Cik Tulungan kudu kumaha ?” ceuk Uhe.. “Nya euweuh jalan dleui siah, kudlu di opelasi dleui, di gedean..”Ceuk Dokter Kimhin… Ua Aang anu titadi teu lemek teu nyarek, nyarita meni bedas… “Do..dok..ter, U…ulah di..di..tu..tu..tukeurkeun deu..deui, eng..engke.. Pa..pa…majikan.. u..u..urang.. am..am..bek..am..am..bekan deu..deui…”Ceuk Ua Aang gagap… Cag ah... Wassalam Mamat Rachmat Mantan Jajaka Kapaksa ***************************************** Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat, Banten dan DKI Jakarta. Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00 s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan Purwakarta *****************************************

