YTH. Anggota Milis Kusnet
 
 
Punten,
Ieu abdi ngintunkeun tulisan ringan tentang ungkal biang
 
hatur nuhun
salam,
agni
 
 
 

 
Ungkal Biang: Mémoar Éksisténsi Seni Tradisi



Agni Malagina
diterjemahkeun ku Kang Mumu


Prosési unik nu disebut "Ungkal Biang" geus dilaksanakeun di hiji tempat nu 
dikurilingan ku 78 titik situs bersejarah mangrupa ménhir, dolmén, pundén 
berundak, batu tapak, batu dakon, batu kursi, sumber matacai suci, 
Sindangabarang Bogor. Di tempat nu ditiupan titik cai ti Gunung Salak téh, 
Minggu, 16 Novémber 2008, ungkal biang (batu induk mangrupa batu tugu ciri 
atawa tetengger ngadegna hiji  kampung adat) diadegkeun.

Sajarah ungkal biang téh béjana geus aya ti saprak jaman Karajaan Pajajaran 
(923–1579). Dina mangsa Sri Baduga Maharaja (1482-1521) mingpin, Mantenna 
nancebkeun ungkal biang di gédéngeun prasasti Batu Tulis–Bogor minangka 
tetengger mangsa kapamingpinanana. Sababaraha kampung adat Sunda gé miboga 
ungkal biang minangka tetengger ayana éta kampung, saperti di kampung Tegal 
Umbu di Banten Kidul, misalna. Pupuhu (ketua adat) kampung budaya 
Sindangabarang–Ahmad Mikami Sumawijaya–nétélakeun yén ieu ungkal biang gé 
mangrupa lambang persatuan lembur (désa) Sindangbarang.

Milih batu tugu téh  hiji hal nu teu gampang. Pupuhu nu akrab disebat Rama Maki 
gé dibantu ku budayawan Sunda–Anis Djatisunda–dina nangtukeun batu tugu. Ungkal 
biang téh 'dicokot' teu jauh ti titik Taman Sri Bagénda jeung Sumur Jalatunda 
nu geus diresmikeun  jadi situs purbakala ku Dinas Pariwisata Kabupatén Bogor. 
"Ungkal biang diangkat ti sisi walungan ku 30 urang,"ceuk Abah Encém, sesepuh 
adat Sindangbarang. Prosési dimimitian ku acara ngadegkeun ungkal biang. 
Susah-payah para kokolot ngadegkeun batu ngagunakeun tuas jeung tambang, teu 
aya téknologi modérn

  nu marengan diangkatna éta batu téh. Éta batu tugu ngadeg kalawan weweg bari 
disiraman cikembang 7 matacai nu dianggap karamat ku warga Sindangbarang 
minangka simbol ngaleungitkeun énergi goréng nu aya dina éta batu. Prosési 
ungkal biang ditutup ku ngalungkeun hayam jago bodas ka luhur. Upacara éta 
isuk-isuk téh dipungkas ku upacara murak tumpeng atawa dahar tumpeng babarengan.
  
"Tadi waktu prosési aya heulang 'ngaliwat' kan?" tanya Pupuhu. 
 
Si kuring spontan ngaenyakeun.
 
 "Éta téh luluhur nu milu ngaluuhan upacara," tembal Rama Maki bari nambahkeun 
yén upacara ngadegkeun batu tugu téh lain wangun sesembahan kana batu,"ieu 
ungkal biang téh ngan mémoar pikeun anak-incu, yén di dieu ngadeg kampung 
budaya Sindangbarang."

Dina waktu nu sarua, sakabéh nu hadir dina upacara nu ngan sakali dilaksanakeun 
ku hiji kampung adat téh dihibur ku rupa-rupa kasenian Sunda, hasil karancagéan 
jeung kontémplasi para seniman Kampung Budaya Sindangbarang nu kagabung di 
Padépokan Giri Sunda Pura. Jaipongan, réog, jeung angklung gubrag (diajar ti 
seniman di daérah Cipining) jadi andelan kasenian kampung budaya nu anyar kénéh 
ngalaman prosés révitalisasi dina taun 2007. Rampak penca jeung parebut 
sééng--nu mibanda dasar seni béladiri Cimandé--ogé milu dipagelarkeun. Di 
kampung nu ogé boga ratusan pangrajin sapatu, seni tradisi Sunda dimekarkeun. 
Hiji tarékah pikeun ngawangun katahanan budaya ku jalan prosés modifikasi 
minangka panyaluyuan kana tungtutan masarakat nu deukeut jeung paradigma 
globalisasi. Komodifikasi seni tradisi téh jadi salah sahiji alternatif pikeun

 ngagenjot gairah berkesenian; bari tetep miharep, seni tradisi tetep éksis 
marengan ngadegna hiji réplika kampung adat. Karancagéan atawa révitalisasi 
berkesenian lain pikeun ngaleungitkeun budaya tradisi, tapi  malah mah pikeun 
'ngawangun' supaya éta kasenian ngamétamorfosa jadi kukupu nu deukeut tur  
nyampur jeung kakiwarian.



      

Kirim email ke