Dina ngawangun sistem, urang teh sok nyusun hiji daptar kabutuhan. Kitu oge nalika ngawangun hiji sistem transportasi.
Kahoyong abdi yen UNGGAL sarana transportasi UMUM di UNGGAL KOTA teh tiasa nyumponan pangabutuh kieu: 1. aman: sadia panakol kaca, lawang darurat, pamareum seuneu. 2. jadwal jeung tempat eureun diatur sacara konsisten 3. sadia unggal waktu 4. aya korsi anu prioritasna pikeun nu gering, cacad, tur nu bobot. 5. bisa ngangkut minimal hiji jalma nu make korsi roda 6. bisa ngangkut minimal hiji kareta orok. ... Mangga ditambihan daptar pangabutuh ieu, teras mangga diemutan, naha TMB atanapi angkot nyumponan pangabutuh urang atanapi henteu. Kukituna urang tiasa masihan rekomendasi sareng argumentasi ka DPRD/PEMDA naha proyek TMB atanapi ANGKOT tiasa diteraskeun atanapi henteu. Salam, Dian. 2008/12/23 Aldo Desatura ™ <[email protected]> dear, tah iyeu sakalian keur ngarobrolkeun angkot... iyeu aya laguna ti mang darso mugi2 we sarua sareng kaayaan bandung wayah kiwari.... On Tue, Dec 23, 2008 at 3:36 PM, ayilagi <[email protected]> wrote: Ngiringan nimbrung ah... Kaleresan pribados seeur wargi sopir angkot anu jalurna kacandak ku TMB.. Ari ngadangu cariosan supir angkot mah anu matak ngamacetkeun ayeuna2 mah nyaeta jumlah motor anu tos seueur pisan, da jumlah angkot mah ti kapungkur ngan sakitu bae.. Saur supir angkot naha cenah sok ngetem sareng eureun dimana wae, da penumpangna cenah anu manja.. hoyong numpak angkot anu caket jeung penumpang, alim leumpang rada tebih-tebih mah.. Mun ditilik-tilik, anu salah saha ??? supir angkot ?? ah teu salah2 teuing da supir angkot oge.. saleresna mah urang sadayana anu pengguna jalan kedah mematuhi aturan sareng ikhlas we.. TMB ari ceuk pribados mah terlalu dipaksakan.. kasieunan di candak deui ku TMB na ku pusat.. ceuk saya tos we nu aya di berdayakeun ulah sampe bersinggungan sareng nu tos aya.. cik atuh karunya kanu LEUTIK teh.. baktos, Ayi (Bandar Belut, kenek angkot) --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "ballegh" <ball...@...> wrote: > > asa can perlu, da bandung mah asa can macet2 teuing.. > macetna soteh mun weekend weh.. > dipinuhan ku urang jakarta nu ngadon balanja.. > mun ceuk baraya kuamaha tah tentang pentingna TMB. naha geus perlu > atawa acan? >

